- ngunggah SE Gubernur saja
- ngunggah Rekomendasi saja
- ngunggah Surat kesiapan saja
- Ngunggah 300 halaman tapi tidak ada Rekomendasi
Atau malah:
- tidak ngunggah apapun
- unggahan error
2. Ada dokumen bagus, Tapi
- link bukti tidak bisa diakses karena private
-link bukti balik lagi ke aplikasi Sipalawa
- link bukti mengarh pada 'posting sudah dihapus'
- link Google Drive dikunci
3. Rasanya sama:
○ lingkungan bersih,
◇ jol video barudak keur ngariung, ngabring, tapi teu nyokotan runtah.
◇ Jol video, koloyor aktris geulis, bus ka kelas, terus nulis dina meja. Aipek katempo mejana loba tulisan warna bodas natrat, paburisat tapak tip ex. Tadina rek ngacungkeun jempol, bedo ah, lingkungan teu beresih, meja wae pinuh ku tulisan.
◇ Jol deui video: barudak ngabring sisi jalan bari mawa wadah runtah. Aya budak nu nyokot runtah, jejereged, bangun paur kotor, curuk jeung indung leungeun dipake nyapit runtah, kérésék geus teu siga kérésék, lung diasupkeun kana wadah plastik hideung anu dicekel ku dua babaturanna. Heueuh, naha nya teu dibekelan heula budak teh, upamana bae, make sarung tangan plastik, pan loba nu kitu mah, bari murah ongkoh. Jadi lamun budak rek nyokot runtah teu langsung antel kana barang nu gular goler geus puluhan poe matak sieun mun dicabak, boa aya germ, racun, atawa naon we nu matak bahaya.
◇ Jol video alus. Némbongkeun Barudak anu diajak ngaberesihan jalan. Alus ceuk hate. Eh can ge beres, teu jadi mujina. Budak ngosrek ku sapu nyere, runtahna diasupkeun kana kotak pamiceunan cai.
◇ jol video barudak keur beberesih di bagian tukang sakola. Alus ceuk hate. Ah teu jadi. Breh aya budak nu keur ngaduruk runtah.
Peningkatan kompetensi guru
♡ videona nempokeun ice breaking, jadi naon kompetensi guruna? Teu katempo. Naha teu nayangkeun pas guruna sumanget nerangkeun inovasi ngajar, atawa guru nu ngabejaan teknik ngajar nu jetu pamanggih manehna. Ieu mah karah heureuy pacekel-cekel leungeun. Tobat aingah.
♡Aya nu bangunna alus, hanjakal teu bisa dibuka
No comments:
Post a Comment