Dina pikiran aya nu ngomong kieu, "Manéh teu kudu ngajawab éta pananya, najan nyaho ge. Nu nanya lain ka manéh. Duka ka saha. Tong miceunan waktu keur ngajawaban pananya batur anu lain ditujukeun ka manéh. Tong mikir éta bakal jadi hiji kahadéan, can tangtu. Panan kaalaman pisan kamari. Puguh nanya ka manéh, dijawab we lain? Terus inget kumaha balukarna? Manéh dijejeléh, ditanya ti mana meunang eta jawaban. Terus jelema éta ngahina ka manéh, nyebut misro, misjem, misjan. Ayeuna rék wawanianan ngajawab nyah? Manéh mah bodo teh dibéakkeun ku sorangan."
Kuring unggeuk, ngaenyakeun kana omongan pipikiran sorangan.
Kuring kudu sabar, mun aya nanaon ulah langsung 'bereaksi'.Antep wé, lain urusan kuring.
Kitu jaman kiwari mah. Urang nyieun kahadéan, aya nu ngarasa curiga. Urang balabah informasi, aya nu ngarasa kapiheulaan.
Ah dunya.
No comments:
Post a Comment