Pages

Monday, July 17, 2017

Ditilang

Sok melang lamun si Cikal momotoran. Sanajan ukur di tengah kota, tetep we sok palaur bisi kuma onam.  Lamun dina waktuna kudu mulang, tacan jebul bae nepi ka imah, hate teh sok marojengja, bisi kitu, paur kieu. Sok sieun ujug-ujug aya telepon ti Rumah Sakit atawa beja lianna nu matak murag jajantung.

Jaba ti kitu, pan kabejakeun ayeuna keur meuweuh razia Zebra serentak. Hartina utak eutik tilang.
Dina WA murudul silih bejaan, jadwal razia nu kaitung taya lolongkrang pikeun teu katangkep lamun ngalanggar aturan lalu lintas.
Isuk-isuk, razia teh ti tabuh  10 nepika jam 12. Sore, tabuh 3 nepika tabuh 5. Peuting, ti jam 10 nepika jam 12. Teu kaliwat, subuh oge aya ti mimiti tabuh 3 subuh nepika tabuh 5.
Ari si Cikal pan tacan boga SIM.

Saperti sore ieu, Bi Janah menta dianteur ka Pasar. Tapi hayang ka pasar handapeun Ramayana cenah. Pajar teh ngarah teu rarujit, teu barecek. Pan pasar Induk mah matak kapok datang. Nya hareurin, nya kalotor, nya jauh mela melu, eta deui bauna, matak ruy rey. Jeungna deui, Bi Janah boga alesan, lamun beres ti pasar, bisa laha loho heula ka Ramayana.  Pokna teh neangan nu euweuh. 

Ampir Isya, nu ti pasar tacan jol. Hate ratug. Bisi budak teh ditilang. Pan ti Ramayana mah kapegung kabeh jalan teh. Liwat jalan handap, pulisi siaga di pengkolan deukeut susukan Cianjur. Jalan tengah kota, lebah hareupeun SMP 4 pulisi rajeg. Jalan luhur, deukeut pertigaan Harimart, pulisi geus pasti siap.

Tamba bingung teu puguh, budak twh ditelepon. Aipek jawabna teh,  'telepon di  luar jangkauan.' Naha make di luar jangkauan sagala, pan Ramayana mah teu leuwih ti 5 kilometer ti imah teh. Pikiran geus ngaprak ka jauhna. Boa budak teh keur diinterogasi, Bi Janah pastina ukur bisa rambisak.

Teu lila tutas nelepon kadenge motor ngagerung asup ka buruan imah. Buru-buru dipapag ku pananya.
'Kamana heula atuh meni matak melang.'
Bi Janah jrut turun tina sadel motor, terus ngajawab.
'Hapunten Bapa, abdi elat. Eta da  gara-gara pulisi,' pokna bangun ngenes pisan.

'Kunaon kitu,  make nyalahkeun pulisi.'

''Abdi dipiwarang turun ku si Eneng, saurna paur aya pulisi. Abdi mapah malibir ngarah teu pendak sareng pulisi, lumayan oge tebih, dugika asa leklok tuur.'
'Terus? Geuning salamet teu ditilang?'
'Henteu, da abdi mung ngaliwatan pulisi tidur. Mun abdi teu turun, motor ngagesruk, boa moal majeng, da témbokna luhur pisan.'

Sunday, July 16, 2017

Ngajajap saha?

Bi Janah sok loba alesan mun dipentaan tulung ka pasar kana angkot.  Majar teh, atuh wios bae meser nu saayana bae, nu aya di warung. Atawa, aduh Pa Guru mah sok nyuhunkeun nu mahiwal.
Kahayangna Bi Janah mun ka pasar dianteur ku si cikal kana motor. Kahiji lamun kana motor mah teu ngetem, kadua bisa salasap selesep jadi tereh nepi kanu dituju.
Poe ieu si Cikal keur mantuan adina nyiapkeun tetek bengek keur miluan MOPD isukan ka SMP.
 
Waktu geus nunjukeun tabuh 4. Bi Janah masih keneh hulang huleng tacan indit.
'Bi tong sore teuing inditna nya ka pasar teh, balikna bisi kaburu magrib, ngke teu kabagean waktu keur salat, jadi dosa ka Bapa,' saur Pa Guru ngingetan Bi Janah.

Teu ngajawab, Bi Janah ngajewang jingjingan paranti balanja. Manehna ningali catetan, kabehanna barang-barang anu dibutuhkeun si Ade isukan MOPD.

Waktu manehna nepi ka pasar, Bi Janah langsung balanja, nuturkeun catetan. Teu tuwur tawar, teu loba tatanya, padu aya bae. Manehna buru-buru balik. Sieun Pa Guru bendu. Sieun jadi matak dosa ka Pa Guru lantaran kamalinaan di pasar nepika kamagriban.

Bari ngajinjing balanjaan Bi Janah ngeureunkeun angkot. Dilongok, kosong keneh. Tadina rek dibedokeun, rek nyebutkeun moal, ngan inget sieun kamagriban. Kapaksa manehna naek.

'Wayahna tong ngetem nya, bisi magrib manten,' ceuk Bi Janah ka supir angkot.

'Nembe ge jam 6 kirang, ah caang keneh, teu acan adzan magrib Bu. Lima menit nya Bu ngantosan heula, sugan we aya deui nu naek,' tembal supir angkot nu teu ngaraseun kumaha hariwangna Bi Janah nu sieun kamagriban di jalan. 

Di dago-dago, penumpang teh teu jebul bae. Kadenge kelewung adzan, sigana ti masjid gede deukeut Pasir Hayam. Bi Janah teu bisa kukumaha, manehna ukur bisa melong ka beulah kulon ningali panonpoe surup nu hibar koneng umyang didingding ku mega hideung saeutik. Bleg bae siga lukisan anu aya di kamar si Cikal.

Angkot ahirna ngageuleuyeung indit. Penumpangna, Bi Janah sorangan kadua balanjaan. Teu lila di lebah jambatan aya nu naek. Gek diuk dina korsi nu sarua ngan  dibeulah juru, rada anggang ti  Bi Janah. Awewe ngora keneh. Bi Janah nelek-nelek. Lain pedah wawuh, pedah teu ilahar bae. Teu di kerudung. Pan di kabupaten tempat Bi Janah cicing mah, lamun awewe bari lslam, wajib make kerudung. Gerbang marhamah, kota santri, kota lslami, kawasan berkerudung, kitu pan kasauran Bapa Bupati oge.

'Geulis budak teh,' ceuk hate Bi Janah. Memang enya geulis.  Awakna budak awewe di sampulur bari lenjang. Kulitna hejo carulang, beda jauh tina bajuna nu bodas beresih. Buukna panjang, lemes, lempay.

'Mang kersa teu ngajajap abdi ka Kebon Manggu, wios ongkosna 20 rebu, janten dianggap pinuh we,' kadenge budak teh nyarita sorana laun bangun jero.
Tacan ge supir angkot ngajawab, Bi Janah geus ngecewis dina hatena, 'nya daek atuh, puguh ti tatadi ngetem ge hayang pinuh. Aya ku resep, nya geulis, nya loba duitna,'

'Kalebet teu Neng? Tebih teu?' Supir nanya.
'Caket, lebet sakedik, pas tanjakan anu aya tangkal kopi, didinya,' jawabna tandes pisan.

Supir angkot bangun bungah, Bi Janah oge milu bungah sabab angkotna bakal mangprung teu neangan penumpang deui.
Geus deukeut ka tempat nu dituju, nu geulis ngingetan, ' di payun Mang mengkolna, lebetna tina gerbang nu melengkung.'

Seok karasa angkot teh mengkol. Bi Janah rada keuheul, lamun nganteurkeun nu geulis, bakal elat nepi ka imah.
Kaatoh teh leungit sapada harita, kabayang Pa Guru bakal nganaha-naha.
Keur mapantes kumaha engke panyeuseul Pa Guru, gejrug mobil teh siga ngaliwatan polisi tidur. Bi Janah sontak istigfar.  Nu geulis panonna rada buncelik. Bi Janah rada ngalenyap ningali panon nu buncelik teh asa teu aya hihideungna.
Angkot maju lalaunan,  rada reyem-reyem katingali aya pengkolan.
Seng kaambu kembang kopi, melenghir minuhan angkot. Bi Janah ungas ingus bari mikir, naha aya kembang kopi seungit-seungit teuing. Bi Janah malik ka sisi, hayang sidik dimana aya tangkal kopi.
Beak pengkolan, jalan rada naek saeutik. Ku Bi Janah katingali sisi jalan rajeg loba tatangkalan, tingjurugkunuk siga jelema keur diharudum.

'Di payun Mang, liren.' Kadenge halon pisan.

Supir angkot ongkoh-ongkoh bae ngageuleuyeung kagok keur nanjak sigana. Bi Janah anteng nonggongan, nyidik-nyidik neangan tangkal kopi. Geus rada tenget kakarak katingali rentul kuburan. Bi Janah karak sadar angkot teh asup ka Sirnalaya.

Beak tanjakan karak angkot teh eureun. Ret  supirna ngareret katukang.

'Bu, si Eneng turun dimana?'

Bi Janah ukur calangap. Karérét ku tungtung panonna, nu geulis nu diuk dijuru, geu teu aya didinya.

Tuesday, July 11, 2017

Masih Ngurus Paspor (Excel Series)

Hari kedua mengurusi paspor,  Excel dan saya disuguhi banyak pengalaman baru. Kami naik bis untuk menuju kantor imigrasi.

Perjalanan naik bis menarik bagi Excel. Sepertinya dia menikmati setiap event yang tersaji bergantian di dalam bis. Mulai dari orang yang  mohon maaf karena ada hartanya yang harus dia ambil dari penumpang bis. Duduk perkaranya begini. Penumpang bis dipandang orang mampu secara ekonomi makanya bisa bepergian.  Sedangkan si peminta maaf, memandang dirinya orang kurang beruntung secara ekonomi. Menurut aturan agama, orang miskin wajib mendapatkan sodakoh dan bantuan dari orang mampu. Nah, si peminta maaf ini menjalankan syariat agama. Dia menagih harta dari orang-orang mampu untuk diberikan kepada dirinya.

Di dunia ini sepertinya serba terbalik. Kasus peminta maaf karena hartanya masih ada pada kita, contoh nyata dunia terbalik. Sama terbaliknya dengan barang mencari pembeli. Setahu saya, dulu, pembeli datang ke pasar, ke warung, ke ruko, untuk mencari barang yang hendak dibeli. Kini, tidak berlaku lagi.

Pada bis, barang-barang berjenis-jenis datang ke pangkuan tanpa permisi dan tanpa ampun. Barang-barang tersebut silih berganti jatuh ke pangkuan. Mulai dari buku masakan, kue dodol, kacang Bogor, permen jahe, pulpen, kacamata, jam tangan, peniti, tisu, kipas, ring haoe, lampu led, dan barang-barang lainnya yang mungkin dianggap dibutuhkan setiap orang. Sebagai penumpang, saya tidak bisa menghindar dari serangan barang mencari pembeli. Masih beruntung jika hanya diserang barang saja. Yang menyedihkan ketika diserang secara verbal juga. Misalnya, 'haseum' artinya asem tidak ada yang membeli. Kalau ada yang meminta barang yang lain, si pemilik barang menyindir ,' nu geulis loba pamenta' atau orang cantik banyak maunya.

Hal lain yang menarik bagi Excel sepertinya pengamen dan video dangdut yang selalu melengkapi perjalanan. Khusus untuk lagu dangdut, saya merasa malu sendiri. Penyanyi dangdut dengan tanpa sensor bergoyang sesuka hati pada balutan baju minimalis. Kasihan Excel, anak usia sebelas harus menikmati suguhan musik dalam negeri dengan kualitas tanpa sensor.  Bagaimana jika Excel ketika ditanya temannya dari belahan dunia lain mengenai seperti apa musik di Indonesia. Bahaya sekali jika Excel menjawab dengan mendeskripsikan  penyanyi dangdut yang berputar tiada henti pada video player bis. 

Secara pribadi, saya sangat terkejut dengan syair lagu-lagu dangdut yang diperdengarkan pada bis. Penyanyi dengan tanpa beban melantunkan bahwa sudah tidak zaman perempuan setia. Karenanya dia bercumbu didepan pacar lamanya. Dia melanjutkan bahwa pacar tidak cukup satu. Dia juga mengulang-ulang bahwa dirinya perempuan masa kini, punya cinta sana sini, tidak dijajah laki-laki. 

Saya bergidik mendengar syair lagu dangdut tersebut. Sejak kapan definisi perempuan masa kini adalah perempuan yang mengumbar syahwat tanpa aturan. Negeri ini dicekoki syair dangdut, harus maklum jika yang diurus rakyat hanya seputar kepuasan sesaat. Tidak beda dengan syair lagu dangdut tadi 'bercumbu didepan pacar lama, dan merasa bahwa itu representasi dari emansipasi.
Emansipasi kebablasan.

Bis berjalan lambat,  sebentar-sebentar berhenti karena membludaknya buruh pabrik yang bertukar shift kerja. Saya berusaha menikmati perjalanan senormal mungkin. Syair lagu dangdut diabaikan, penjual dianggap tidak ada, pengamen dianggap bisu. Akhirnya tiba juga di tempat yang dituju.

Pengurusan paspor hari kedua, sedikit menyedihkan. Ketidaktahuan bisa merugikan seseorang.  Itu pula yang terjadi pada saya.

Kemarin saya diminta datang pukul 14. Dan saya datang pukul 13. Tapi, 'maaf Bu, antrian sudah habis pukul 12, balik lagi besok saja,' itu sambutan dari si adek praktikan yang menjaga bagian kartu antri.  Gosh, apa sesederhana itu untuk bulak balik? Saya senyum kecut  karena saya tidak bisa senyum asem seperti penjaja barang di bis.

Saya mencoba menghadap ke bagian pengambilan  dokumen dan menjelaskan perkaranya. Syukurlah saya ditanggapi dengan ramah dan diminta menunggu. Tidak lama saya dipanggil dan saya menerima nomor paspor untuk Excel. Paspornya sendiri bisa diambil Kamis, sesuai aturan pembuatan paspor. Paspor dapat diambil 3 hari setelah pembayaran.

Sambil menerima nomor paspor saya membayangkan masalah lanjutan dari kegiatan hari ini. Ketiadaan paspor semoga tidak menghambat pembuatan visa.
Hati saya dipenuhi kesedihan. Sedih ketika harus membayangkan bagaimana Excel kecewa tidak bisa berangkat. Menjadi satu dari tujuh peserta dari jutaan remaja Indonesia memang tidak mudah.

Friday, June 2, 2017

Maaf, tak ada pilihan: kamu harus ujian

 Dalam dunia pengajaran, dimanapun, ujian atau mau disebut dengan nama lain sebagai tes, ulangan, review, penilaian, makin hari makin terdengar menakutkan. Dari informasi yang dapat dipercaya, di Beijing, tidak sedikit siswa sekolah menengah memilih bunuh diri karena beratnya ujian yang harus mereka lalui.

Ujian, sekalipun menakutkan namun ada orang yang sangat penasaran. Koran News Mail Online, Tiongkok, 1 Juni 2017 mengabarkan bahwa Wang Xia dari Kota Nanjing, mengikuti ujian Gao Kao sebanyak 15 kali. Dia melewati batas yang biasa diizinkan untuk mengikuti tes, namun dia mencoba lagi mengikuti ujian Gao Kao pada usia 86 tahun. Dia merasa penasaran dan ingin sekali lulus ujian Gao Kao. Ketika ujian, Kakek Wang Xia mendapatkan aparesiasi dari hampir semua warga Nanjing. Dia mengatakan bahwa sekarang dia tidak lagi gugup dan sudah siap dengan tes. Dia menambahkan bahwa dia merasa percaya diri untuk bersaing dengan para peserta ujian yang semuanya masih muda. Semangat ujian yang luar biasa.

Dalam dunia pendidikan di negara kita, ujian jika kita tengok secara lebih dekat, gambarannya tidaklah menyenangkan. Para siswa termasuk orang tua seolah bersepakat tidak menyukai ujian. Bagi siswa, ujian dianggap beban, melelahkan, bahkan buang-buang waktu. Sedangkan bagi orang tua, ketidaksukaan terhadap ujian salah satunya karena ada anggapan bahwa ujian yang dijalani anaknya tidak membuat anaknya menjadi lebih baik. Ujian hanyalah bagian dari proses rutin dunia persekolahan.

Berlawanan dengan ketidaksenangan siswa dan orang tua terhadap ujian/ulangan/tes, berdasarkan hasil penelitian diketahui bahwa ‘ujian membuat siswa belajar lebih baik bahkan sekolah dan universitas harus lebih banyak melakukan ujian.’ Ditemukan pula bahwa berdasarkan hasil ujian, dan program penilaian yang terencana membuat guru mengajar dengan lebih baik.

Temuan para ahli di atas tidak dapat disangkal. Ujian membuat siswa belajar atau bahasa kerennya assessment for learning. Sebagai contoh, seorang mahasiswa sedang menulis skripsi. Pada pertemuan pertama dia mengajukan proposalnya, dan diuji. Usai ujian, dia mulai menulis skripsi. Pada saat menulis skripsi dia belajar (membaca berbagai sumber) sehingga mampu menulis Bab 1.

Pada saat Bab 1 menurutnya sudah baik, dia tunjukkan kepada dosen pembimbingnya. Bab 1 dibahas antara dosen-mahasiswa; dokumennya sendiri dicurat-coret, dimerahi, ditandai, dan dikembalikan. Sepulang diuji Bab 1. Mahasiswa pulang dengan membawa skripsi curat-coret, namun dia merasa senang karena Bab satunya telah diuji/ dikoreksi. Selanjutnya, dengan semangat dia membaca lagi, dan melanjutkan menulis Bab 1. Hal serupa terus berlanjut sampai penulisan skripsi tersebut selesai. Kegiatan ini menunjukkan bahwa assessment for learning. Dengan adanya penilaian (dan menerima feedback) dari dosen pembimbing maka mahasiswa jadi belajar.

Bagaimana dengan penilaian yang terjadi di sekolah menengah misalnya. Mengapa ujian. tes. ulangan di sekolah dasar juga menengah mendapatkan merek yang kurang menyenangkan. Pemberian ujian dengan mengandalkan pada model soal pilihan ganda sehingga ujian bahasa tidak memasukkan keterampilan menulis misalnya. Ini diibaratkan ujian mendapatkan SIM tetapi tidak ada tes mengenadarai kendaraannya. Selain itu, ujian yang dilakukan di sekolah-sekolah tidak cukup memberikan feedback yang membuat siswa menjadi belajar setelah mendapatkan feedback tersebut.

Siswa membutuhkan feedback sehingga mereka belajar setelahnya. Bagaimana cara ini dapat dilakukan ketika penilaian akhir sekolah mengandalkan pada tes pilihan ganda. Para guru dapat menggunakan jenis tes lain selama proses pembelajaran sehingga diperoleh penilaian otentik. Boscher (2017) mengatakan bahwa kuiz merupakan salah satu tes yang dapat digunakan oleh guru yang memungkinkan feedback diperoleh siswa secara langsung dan segera. Berdasarkan hasil kiz, guru dapat mengatur pemberian pengalaman belajar sesuai dengan kemampuan peserta didiknya.

Kuiz, lanjut Boscher, tidak saja membuat siswa menjadi berusaha menguasai materi ajar namun sekaligus mereka dapat memanfaatkan ‘efek balik’ darinya. Efek balik yang dapat dimanfaatkan siswa diantaranya mereka dapat mengimitasi menggunakan quiz yang dibuatnya sendiri untuk bersiap menghadapi tes yang cakupan materinya lebih luas.

Peneliti Jeffrey Karpicke dari Universitas Purdue menguatkan bahwa kuiz membantu siswa untuk mendapatkan pengetahuan konseptual. Kuiz, katanya, lebih efektif ketimbang menggunakan pendekatan lain seperti concept mapping (siswa seolah diminta membuat rangkuman dalam bentuk grafis pada selembar kertas).

Ujian dan tes sebaiknya tidak berperan sebagai penanda kegiatan semester berakhir. Ujian sejatinya menjadi alat untuk mendapatkan data sejauh mana siswa menguasai materi ajar secara utuh.

Thursday, June 1, 2017

Naha

 “Punten ieu sareng Bu Eni? “ ceuk sora ditungtung hape beulah ditu, sorana seah siga keur ngomong di sisi wahangan nu caina ngagulidag, teu puguh kadengena.

“Leres, sareng saha ieu?” nu ditanya kalah malik nanya da puguh teu wauh kana nomerna jeung teu wauh kana sorana.

“Ieu abdi, Ida, wali kelasna Santi, XII IPS 3. Leres kitu Santi linggihna sareng Bu Eneng?” cenah mere kasempetan kanu narima telepon pikeun mikir heula saha ari Santi, saha ari Ida, naon hubunganna jeung pagawean manehna nu memang ngajar kelas XII IPS3, bari nginget-nginget, naha aya ngaran Santi di kelasna, weleh teu kagambar, puguh ge ngajarna karak saminggu, tangtuna ge tacan apal kana rupa jeung ngaran barudak nu ku manehna diajar.

“ Euh…muhun, aya naon kitu?” manehna teu eureun nanya, tacan nyambung keneh antara ngaran jeung pagaweanna, jeung naon maksud nu nelepon ka manehna.

“Ieu Bu, punten, Santi teh tos saminggu teu sakola, naha aya di bumi atanapi teu damang, naha teu ngawartosan ka sakola, abdi walikelasna.”  Breh karak inget, enya sababaraha bulan katukang manehna kacicingan ku budak nu ngaran Santi, katitipan ti kolotna langsung, cenah mihape budak, hayang sakola SMA, pangwarahkeun, pangdidikeun. Tapi eta budak teh geus teu saimah deui jeung manehna, pindah ka imah kolotna, nu kabeneran nyieun imah bedeng keur kontrakeuneun nu tempatna leuwih deukeut ka sakolana.

Pok manehna ngomong,” Hapunten, eta murangkalih teh tos ngalih, perkawis teu sakola saminggu, Ibu ge teu terang. Kieu we atuh. Ibu bade ngahubungi sepuhna, urang taroskeun, bilih kumaonam murangkalihna. Dimana tos aya waleran, ku Ibu bakal enggal didugikeun.”

“Muhun Bu, diantos.”

Manehna mencetan nomer tina hapena, teu lila kadenge aya nu ngangkat. Buru-buru manehna nyarita,”Hallo, Kang ari budak kamana? Eta walikelasna nelepon kadieu, cenah geus saminggu budak teh teu sakola, kunaon?” murudul pertanyaan teu wudu matak geumpeur nu ditelepon.

“Budak aya di imah, rek dipindahkeun ka SMA nu deukeut ka Emangna di Garut, sina maturan ninina,” kadenge jawaban ti beulah ditu jentre pisan.

“Euh..naha atuh teu ngabejaan heula yen budak rek pindah, geus diurus can ka sakola asalna? Eta walikelasna geuning teu apaleun yen budak rek dipindahkeun, kunaon meni ngadadak atuh?”

Obrolan teu tamat kaburu pulsana beak.

“Neng, dedengean teh Santi rek dipindahkeun sakolana, naha teu ngabejaan ka Mamah, asa teu gugur teu angin, ujug-ujug pindah we budak teh,” saur Mamah ka Eneng. Kaharti upamu Mamah naros kitu teh, da Mamah mah nyaah pisan ka Santi teh, waktu keur aya di imah milu cicing, estuning siga ka incu sorangan. Eneng teu bisa ngajawab ukur pok kieu,”Duka atuh Mah, dialihkeun saurna supados tiasa ngarencangan Ninina, pan nyalira. Atanapi di bumi kontrakan nu enggal,nu kakarak beres di damel kamari ku ramana mah, meureun teu betaheun. Budak teh ngan sorangan pan, daharna teu karoris, ukur emih ka emih we jeung endog, teu matak sehat.”

“Heueuh, harianeun atuh Bapana, naha Santi bet diidinan  cicing di imah anyar bari nyorangan. Najan enya ge bari nungguan kontrakan, da ngaranna ge budak. Di dieu ge teu disaha-saha. Atawa meureun keuheuleun ka si Bapa pedah sok digetrik-getrik wae ulah ngampleng, balik sakola teh ampir magrib. Teu ngeunaheun meureun hate kolotna waktu anakna bebeja yen sok dipapatahan ulah resep ngendong di imah batur, ulah ngome hape wae, ulah poho dahar, ulah itu ulah ieu, meureun asa kasengker budak teh. Nu matak waktu Bapana beres nyieun imah kontrakan, manehna langsung pindah,” Mamah ngira-ngira kaayaan budak nu harita teu gugur teu angin pindah imah.

“Ah duka atuh Mah, Santi cicing di dieu abdi mah teu ngoretkeun, sok bae ngan kudu milu prihatin kusabab imahna ngan sakieu ayana. Pedah digetrak getrik ku salaki abdi, eta mah wajar we. Katitipan budak awewe tea teu sagawayah. Komo bari jaman ayeuna mah loba kabejanakeun. Sok sieun, bisi engke aya naon-naon.

“Neng, Akang geus aya dihareupeun imah, kaluar heula sakeudeung, aya omongkeuneun,”  eusi sms ku manehna diilo. Heran, lain tadi AKang the aya di kidul, nu jarakna 60 km ti imahna, ayeuna ceuk sms jelemana geu aya hareupeun imah, teu kaharti. Atawa waktu manehna nelepon tadi ngabejakeun yen guru anakna nanyakeun, manehna langsung indit. Tadi teh manehna nelepon kira-kira jam 3. Ayeuna magrib Akang geus aya di imahna. Matak helok.

“Kieu Neng, geus nasib Akang meureun,’ kitu semahna ngamimitian nyarita.

“Aya naon Kang?’manehna teu ngarti.

‘Budak, Santi… Akang teu nyaho naha kudu nalangsa, atawa kudu ngambek. Budak teh ngandeg!”

Deg cenah kana hate manehna aya nu ngageduk, asa diteunggeul ku batu nu gede, karasa eungap.

“Kemis kamari geus dikawinkeun, lalakina tanggung jawab. Ayeuna ge budakna aya dimitohana, geus 3 bulan ngandegna. Sakolana meureun kudu  eureun, mun hayangeun ijasah mah, sina milu paket C we,” semahna ngajelaskeun, manehna teu ngomong sakemek, letahna asa heuras.

Monday, May 1, 2017

lbuku

Setiap pagi, ibuku menyambutku dari sisi tungku batu (kami menyebutnya Hawu). Ibuku telah bangun sebelum adzan subuh berkumandang. Biasanya ayahku tidak ada di samping lbuku pada pagi hari. Ayahku, petani, menanam padi dan teh, selalu berangkat ke sawah setelah shalat subuh dan kembali pada pukul 6 untuk menikmati sarapan rebus ubi dengan gula merah dilengkapi air teh hangat yang baru diangkat ibuku dari Hawu. Ibuku dengan khidmat duduk disamping ayahku tanpa bersuara. Mungkin lbuku sangat mengistimewakan waktu yang dapat dilalui bersama ayahku.

Pada siang hari ayahku tidak berada di rumah, aku anggap ayahku bekerja di ladang atau di sawah. Tanpa sepengetahuan otak kanak-kanakku ayahku makan siang bersama istrinya yang lain, bukan dengan lbuku yang selalu khidmat menemaninya minum teh.

Ibuku sangat setia pada mimpinya. Aku pernah bertanya, mengapa lbu bersedia jadi istri kesekian dari ayahku. Jawabnya dengan yakin karena mimpi. Ibu menjelaskan bahwa ketika beliau dijodohkan Bi Halimah kepada ayahku, beliau tidak langsung menerimanya. Beliau meminta waktu untuk mengkonsultasikan jodohnya pada Allahnya.
Pada khusu tahajudnya, lbu berdo'a memohon petunjuk. Ibu bermimpi. Dalam mimpinya beliau sedang berjalan di pematang sawah yang licin. Karena licin, lbu terpeleset dan hampir jatuh, namun ditangkap ayahku, akhirnya lbu selamat dan tidak jatuh ke lumpur sawah.
Itu alamat jodoh menurut versi lbuku. Ibuku bulat hati menerima ayahku dengan tiga anak tiri dan jadi istri kedua.

Cinta lbu kepada ayahku diatas kebahagiaan untuk dirinya sendiri. Ibu mengabdikan seluruh hidupnya untuk membahagiakan lelaki yang menyelamatkan dirinya dalam mimpi. Ketika ayahku mengambil istri yang ketiga saat aku masih menyusu pada lbuku. Ibuku menerima itu sebagai bagian dari penyempurna pengabdian cintanya pada ayahku.

Aku selalu menyalahkan diriku sebagai penyebab ayahku mengambil istri ketiga. Alasan terbaiknya adalah, setelah aku lahir, belum genap dua tahun, ayahku lebih banyak menghabiskan hari-harinya tidak bersama lbuku. Setahun kemudian, ayahku menyambut haru anak pertama dari istri ketiganya. Perempuan, cantik, dinamai Zulaesih.

Alasan lainnya, ayahku kecewa karena aku tidak secantik Kakak Zulaiha, anak perempuan pertama ayahku dari istrinya yang pertama. Aku tidak juga secantik adik-adik perempuan dari istri ayahku yang ketiga. Adik pertama perempuanku, Zulaesih bermata bulat, rambutnya hitam, dan kulitnya kuning langsat. Adik kedua Zuansih, berbadan ramping, suaranya selembut gemericik Curug Siloar ketika butiran air terjunnya berdesir tertiup angin. Adik ketigaku, Zuhroyah, seorang periang, dan tingkah lakunya selalu terlihat lucu dan membuat semua orang gemas kepadanya.

Ibu pernah bercerita bahwa ketika beliau mengandungku, ayahku ikut berburu Begu (sejenis Babi liar) yang menyerang tanaman singkong. Ayahku menyambit Begu yang menyeruduk kearahnya. Sambitan parangnya mengenai telinga Begu sampai putus. Dan aku lahir tanpa daun telinga sebelah. Ayahku kurang gembira menerima hadirku. Beliau seolah enggan menyimak wejangan Ajengan Nu'man yang menyabarkan ayahku dengan berkata, 'Anakmu membawa ciri dari 'azali, membawa tanda dari bawaan, bukan karma atas perbuatan duniamu.' Ayahku selalu menghindar bersitatap denganku. Mungkin beliau menyamakanku dengan Begu yang akan membahayakan nyawanya.
Atau mungkin beliau merasa dikejar dosa telah menyakiti hewan dan perasaan bersalah itu seolah kembali diingatkan ketika melihatku. Entahlah.

Sunday, April 30, 2017

Aku Wanita

 

Berani mengaku diri sebagai wanita untuk diriku sendiri, bukanlah perkara sederhana. Pengakuan secara genital mempengaruhi bagaimana kubersikap kepada diriku sendiri dan bagaimana memperlakukan diriku di depan orang diuar diriku.

Pengakuan diri sebagai wanita, bagiku, melalui proses yang tidak sebentar. Semula aku selalu menganggap bahwa aku, salah satu anak dari ibu kandungku, sama saja dengan saudaraku.

Ibuku memperlakukanku tiada beda diantara kami berempat. Masih kuingat ketika aku menerima baju tidur yang sama dengan saudaraku. Ketika hendak tidur kami memakai baju dengan warna dan model yang sama. Rasanya sangat menyenangkan  pada saat kami bisa bercengkrama dalam keluarga tanpa memperhitungkan jenis kelamin. Aku menyukai diriku yang menjadi bagian dari empat bersaudara dalam keluarga kecilku.

Aku mempersoalkan keluarga, bukan jenis kelamin. Aku memiliki keluarga kecil dan keluarga besar. Keluarga kecil adalah aku, ibuku, dan saudara-saudara seibuku. Keluarga besar adalah keluarga kecilku ditambah ayah, dua ibu tiri, dan empat orang saudara perempuan tiri, serta tiga orang saudara lelaki tiri.

Aku, menjadi bukan siapa-siapa bagi ayahku yang memiliki empat orang anak wanita, dan memiliki tiga wanita pendamping hidup. Aku, bukan anak wanita yang diharapkan ayahku, aku tidak pernah ditegur atau disapa ayahku. Aku tidak menyukai diriku dilihat dari sisi ayahku. Aku tidak mengetahui jika aku wanita. Aku hanya tahu bahwa ayahku tidak menyukai diriku. Itu saja.

Ketika aku masuk sekolah dasar, barulah aku mengetahui bahwa aku digolongkan ke barisan anak wanita. Aku diminta berganti baju. Berganti baju artinya berganti pula permainan yang harus aku ikuti. Bagiku, yang anak kampong, bermain tanah merah dan membuatnya menjadi mobil-mobilan bersama teman-temanku sambil memperhatikan domba-domba yang kami jaga, adalah kesenangan tersendiri.  Aku selalu sangat pandai membuat mobil ‘Bayawak’. Sebutan untuk miniatur mobil Chevrolet yang aku tumpangi ketika ke kota.

Sejak aku masuk sekolah dasar, dan berganti baju. Perlahan-lahan aku kehilangan teman sepermainanku. Mereka tidak bersedia menerimaku mandi di Rawa Hideung bersama kerbau-kerbau merah mereka. Mereka menyuruhku agar bermain bersama jenisku. Membuat boneka dari kelopak bunga pisang dan menghiasinya dengan bunga Harendong, bukan keahlianku. Aku merasa sepi karena aku berganti baju.

Menjadi wanita, tidak terlalu aku sukai. Bukan karena wanitanya, tapi karena efek sebutannya. Ketika aku diketahui menstruasi pertama, ayahku dengan serta merta menghentikan sekolahku. Beliau dengan tegas berkata bahwa tugasnya sebagai ayah untuk memberi nama, membesarkan, dan mendidik telah khatam. Kini tugas selanjutnya adalah menikahkanku, dan ayah serius dengan hal itu.

Aku tak paham menikah. Aku tak paham kenapa harus mengikuti semua kata ayah. Kata ibuku, ayah harus selalu diutamakan. Pada saat makan, ayah makan terlebih dahulu, ibuku makan sisa ayah. Ibu berkata, ‘ pada sisa makanan ayah ada berkah.’

Aku tak paham berkah. Menikah dengan guru sekolah dasarku sendiri yang telah duda, itu berkah kata ibuku. Berkah dari ayahku. Untuk aku, anak wanita.