Pages

Wednesday, July 21, 2021

IHT dadakan dengan SMAN 1 Cirebon

 Saya selalu percaya bahwa Tuhan telah mengatur semuanya termasuk untuk dunia kecilku yang tidak akan akan kentara dari jarak 1 km. 


Tuesday, July 20, 2021

Diantos

Wengi tadi salira sumping
Soanten ngoncrang matak nganugrahakeun manah
Waleran sakitu raos
Sok sanaos teu katingal pasemon waktos cumarios
Bawang bodas anu dikeupeul dina rema kénca 
Galindeng salira majar kanggo nu biasa 
Gusti, na bet mung salangkung 
Ngawaler bari teu ningalikeun pasemon
Sakadar soanten
Mung soanten
Deudeuh
Kahoyong salira jol bari jeung pamenteuna
Ulah sakadar soanten
Abdi ngantosan
Ngantosan tepang pameunteu
Ulah mung soanten

Monday, July 19, 2021

SIMULASI IHT PENGAWAS

 Link mendadak dibuatkan

SIMULASI IHT 

Monday, 19 July · 09:00 – 11:00

Google Meet joining info

Video call link: https://meet.google.com/yyq-nrsu-gsv


Badriah sebagai pembuat link
Badriah, Kusmayadi, A Zenal 





Badriah 




Geus jol deui WA ti manehna. Hate langsung mentegeg, Kesel jeung asa ngagawekeun. Jelemana duka saha. Wauh tina grup guru. Ngakuna ngaran Ratna Mintarsih ngajar. Duka ngajar dimana-mana mah deuih. Da sok tara pirajeunan ngurus nu kitu. Ngan lamun tina menehna make kecap "nggih", bangunna lain urang Sunda. Keun we urang mana-mana ge, ngan ieu jelema matak kesel keur kuring mah.

Manehna menta itu, menta ieu anu pakuat pakait jeung ngajar, saperti menta RPP, SIlabus, Bahan ajar. Ceuk pikiran teh, naha bet menta. pan meureun manehna boga sorangan. Ari guru mah nyieun perangkat ngajar. Atawa bisa menta ke MGMP, ka babaturan manehna. Dijawab ku punten abdi tos teu ngadamel RPP jalaran tos liren tina ngawulang. Anger menta, pokna teh manawi aya conto. TObat!

Pleng teu diladenan. Kuring sibuk pisan ngurus kagiatan pribadi. Ari pek, ngaWA deui, kieu unina:

"Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh, Bu apa punya contoh RPP Caption.🙏🙏🙏, Mungkin contoh IPK."




Saturday, July 17, 2021

Ditilang, seri Bi Janah

Ditilang

Sok melang lamun si Cikal momotoran. Sanajan ukur di tengah kota, tetep we sok palaur bisi kuma onam.  Lamun dina waktuna kudu mulang, tacan jebul bae nepi ka imah, hate teh sok marojengja, bisi kitu, paur kieu. Sok sieun ujug-ujug aya telepon ti Rumah Sakit atawa beja lianna nu matak murag jajantung.

Jaba ti kitu, pan kabejakeun ayeuna keur meuweuh razia Zebra serentak. Hartina utak eutik tilang.
Dina WA murudul silih bejaan, jadwal razia nu kaitung taya lolongkrang pikeun teu katangkep lamun ngalanggar aturan lalu lintas. 
Isuk-isuk, razia teh ti tabuh  10 nepika jam 12. Sore, tabuh 3 nepika tabuh 5. Peuting, ti jam 10 nepika jam 12. Teu kaliwat, subuh oge aya ti mimiti tabuh 3 subuh nepika tabuh 5.
Ari si Cikal pan tacan boga SIM. 

Saperti sore ieu, Bi Janah menta dianteur ka Pasar. Tapi hayang ka pasar handapeun Ramayana cenah. Pajar teh ngarah teu rarujit, teu barecek. Pan pasar Induk mah matak kapok datang. Nya hareurin, nya kalotor, nya jauh mela melu, eta deui bauna, matak ruy rey. Jeungna deui, Bi Janah boga alesan, lamun beres ti pasar, bisa laha loho heula ka Ramayana.  Pokna teh neangan nu euweuh.  

Ampir Isya, nu ti pasar tacan jol. Hate ratug. Bisi budak teh ditilang. Pan ti Ramayana mah kapegung kabeh jalan teh. Liwat jalan handap, pulisi siaga di pengkolan deukeut susukan Cianjur. Jalan tengah kota, lebah hareupeun SMP 4 pulisi rajeg. Jalan luhur, deukeut pertigaan Harimart, pulisi geus pasti siap. 

Tamba bingung teu puguh, budak twh ditelepon. Aipek jawabna teh,  'telepon di  luar jangkauan.' Naha make di luar jangkauan sagala, pan Ramayana mah teu leuwih ti 5 kilometer ti imah teh. Pikiran geus ngaprak ka jauhna. Boa budak teh keur diinterogasi, Bi Janah pastina ukur bisa rambisak. 

Teu lila tutas nelepon kadenge motor ngagerung asup ka buruan imah. Buru-buru dipapag ku pananya.
'Kamana heula atuh meni matak melang.'
Bi Janah jrut turun tina sadel motor, terus ngajawab.
'Hapunten Bapa, abdi elat. Eta da  gara-gara pulisi,' pokna bangun ngenes pisan.

'Kunaon kitu,  make nyalahkeun pulisi.'

''Abdi dipiwarang turun ku si Eneng, saurna paur aya pulisi. Abdi mapah malibir ngarah teu pendak sareng pulisi, lumayan oge tebih, dugika asa leklok tuur.'
'Terus? Geuning salamet teu ditilang?'
'Henteu, da abdi mung ngaliwatan pulisi tidur. Mun abdi teu turun, motor ngagesruk, boa moal majeng, da témbokna luhur pisan.'

Meningkatkan penguasaan kosa kata lewat dongeng

 Literasi meningkat dengan menyimak dongeng

Ki Balap: kisahnya tidak masuk akal. COntoh AHmad, kaya raya, ingin mencari istri. dia menyamar jadi ornag miskin. dia menaksir Ratna MIntarsih anak orang kaya, dia pura-pura kuli macul. selama 7 hari diantar makan oleh pengawainya tidak dimakan. tidak masuk akan tidak makan tidak minum selama 7 hari 7 maam. selama 7 hari hanya dikisahkan macul, solat.

kisahannya bermuatan agama. setiap saat diselingi solawat, kisahnya paduan antara kisah-kisah dari negara Arab yang settingnya disesuaikan dengan budaya setempat. Tahun  78an.

Literasi: kekayaan kosa kata


Mang Jawara Gunung Galunggung. SUnda, bahasa wewengkon, BOgor. Campur bahasa Indonesia. COnto jol datang serangan Rapog Kate ti arah tukang. Arah dina bahasa SUnda mah memetik. tapi di sini maksudnya menunjukkan tempat. nyebut "gadis gagah"

MAng DIna. si KUlup, SUndana merenah. 


Editing

Bersama Oesep-GUneman
Biaya: Rp. 30.000

Mengedit sama artinya dengan mengoreksi

Alasan mengapa harus mengedit adalah

Tahapan mengedit


tingkatan dalam mengedit


tugas pengedit

Bahan pendukung esitor, kuasai

Tahapan dalam mengedit
Kesalahan umum yang sering ditemukan, mendasar tapi menjengkelkan

Dipisah di sini


pun dipisah

kumenyatu denganmu

Pada dan di 
Cukup mengingat 12 partikel pun yang sudah menyatu. Atau buat list saja dan tempel.
[20:40, 7/14/2021] Oesep Kurniadi Editing: Jadi, selain 12 kata penghubung tersebut, menulis partikel pun adalah dipisah. Nanti kita latihan mengedit naskah.

Beri spasi untuk elipsis

cara cepat ngedit pakai word

Dialog

Media sosial adalah sarana tempat kita latihan menulis. Manfaatkan dengan baik. Biasakan menulis yang baik dan benar. Biasakan tidak menyingkat kata. Biasakan memakai tanda baca yang benar. Intinya aturan PUEBI kita ikuti.

Sebenarnya, aturan PUEBI tidak mengenal penulisaan huruf berganda, seperti contoh yang disampaikan, karena sudah ada tanda baca untuk memberikan tekanan pada kata yang kita maksud. Namun, ada rasa bahasa, khususnya pada karya fiksi, beberapa gaya seperti itu masih bisa diakomodir. Tetapi khusus karya ilmiah mah, pasti tidak bisa. Untuk menyiasatinya, kita bisa menambah kata ungkapan untuk menambah tekanan atau intonasi jika diucapkan. Misalnya mengganti kata "muleeeeees", "Duh, mules sekali!". Mudah-mudahan bisa membantu.