Pages

Saturday, October 30, 2021

Penguatan Komunitas Praktisi

 

Pelatih Ahli Badriah dina pembukaan Penguatan Komunitas Praktisi

Asa horéam téh diajar keur ngajejeran di PKP1 anu rék diayakeun di SMP 4 téh. Dina pikiran Vetta kabayangna sakelas teh ku duaan. Jadi teu kudu ripuh-ripuh, pan ku duaan. 

PPT ukur dibuka sautik, diakurkeun jeung anu buku panduanna. Asa geus loba teuing maca, loba teuing nyieunan PPT, awak teh asa cape pisan. Hayang saré wé. Tungtungna, cul baé. Sabodo wé isukan mah, kitu ceuk pikirna.

Vétta ahirna mah kudu miang. Dianteur ku salakina, manehna ngajugjug sakola anu ditangtukeun. 
Manehna kapeto kudu nga-MC. Najan embung-embung oge, kapaksa maju da teu aya deui nu daek, alesanna nu lain mah semah, teu apal saha-saha pejabat nu rek bewara. Nya, der bae. Vetta nyatet dina keretas, puji syukur. Dina nga-MC nu kamari manehna poho nyebut puji syukur. Memang kaharti lamun manehna poho. panan manehna mah kaasup jelema anu teu resep ngomong basa basi dina kahirupanna, pon kitu deui dina acara resmi. Lamun ngadenge anu wasolatu, wasalamu, ama ba'du teh, manehna mah nyengir. 

Sihoreng cara teh per kelas, tunggal. 

Tapi manehna teuneung. Keun bisa maca. Sanggeus acara pembukaan di aula rengse, Vetta nuju ka kelasna. Sor salah sahiji babaturanna ngasongkeun foto kopian anu dijangjikeun peuting samemehna. Babaturanna nyarita yen aya sabeundeul deui di Bapa Hatta keur dipoto kopi. Vetta ngahuleng, naha bet masih keneh aya nu difoto kopi, lain kabehanna geus beres? Kajurung ku panasaran, Vetta neangan jelma anu nyangguan moto kopi. Hese sihoreng neangan kelas D di sakola anu memang manehna teu wawuh. Sanggeus kapanggih kelasna, panggih jeung jelemana, manehna langsung nanyakeun. Jawabna cenah entos dititipkeun ka Bu Yanti. Vetta ngahuleng, ongkoh cenah aya keneh di Bapak Hatta keur difoto kopi. Matak bingung. 

Eukeur mah bingung, kadenge ti kelas nu dibarengan ku Pa Asep geus mimiti rame. Bangunna acara geus der. Ari Vetta mah, panan karak kaluar. Kelas Pa Asep geus kaluar rada awal. Sanggeus acara foto bersama, langsung ka kelas, tangtuna bisa ngamimitian. Vetta dug deg hatena, bisi katingaleun ku nu sejen. Acara sakitu ngabadegna, ari manehna ngurus pembukaan heula. Acara nu manehna kalah katoler-toler.  

Badriah ice breaking 1

Ngarah teu tingaleun, acara langsung kana ice breaking. Hoream dina hatena mah teu digugu. 



Wednesday, October 27, 2021

SMP Al.hanif jeung PMO

Isuk-isuk  Vetta  geus saged rék  ka SMP  Al.hanif. najan teu nyaho gé  di mana-manana, indit baé.  Dina uteukna susuganan baé  aya beubeunangan sarébu  dua rébu  keur nambahan mayar  nu gawé.  Panan manéhna keur hangkeut nyieun pager.

Geuleuyeung  mobil Ignis warna kulawu maju ngidul. Ceuk google map, Al Hanif teh saméméh eh satutas  Polsék Cibeber. Asa gegerebegan maké mobil sorangan ngaliwatan jalan nu butut. Jalan téh kosong molongpong. Sukur ceuk haténa. Malaur loba mobil, sieun nyigeung mobil batur, malum panan tacan tapis mawa mobilna.

Geus kaliwatan Polsék téh, teu jauh, aya plang beulah katuhu, peuntaseun Polsek, sup ka jalan leutik. beuki ngicup jalan téh. Haté  Vetta dug deg, sieun teu bisa parkir lamun seug salah jalan. Lah-lahan terus maju. 

Sup ka jalan ngan mahi samobileun. Gerbang sakola dibuka. MObil asup ngaliwatan barudak SMP anu keur ulin. Sakola téh geuning loba, aya SD, SMP, SMA, SMK. Bentukna siga gentong. Geus di jero mah lega. Aya balai pelatihan sagala. Sakabeh bangunan, dominan pulas hejo. Ras ka sakola-sakola anu merkna Islam, maraké pulas héjo. Eta ge meureun, sarua sumangetna. Hejo.

Ah, asa kurang sumanget barang asup teh. Meureun kila-kila. 

Monday, October 25, 2021

Pagawean numpuk!

 Ngadadak narima surat perintah ti KCD. Aduh, meni waktuna teh bareng jeung kegiatan anu geus dirarancang ti sababaraha waktu ka tukang.
kagiatan bentrok jeung PSP.
hariananeun KCD make kudu MOnev bari dibarengan ku SPPD. is there a change in HER mind? 

Saturday, October 23, 2021

Lokakarya 0 Delaga Biru

Berdampingan dengan Pa Adi.
Dibagi satengah ewang.

Hanjakal ngabejakeun terkait klausul KS boleh saja memanfaatkan 2 x tidak hadir. 


Ti ayeuna ka hareup, geus tong loba umang  omong. 
Beuki kolot mah, bakal beuki loba pamadegan anu teu sapuk jeung barudak ngora.
Ulah hayang katangar!
Cara pikir jelema angkatan 60an tacan tangtu bisa ditarima jelema angkatan 80, 90an.

Beuki kolot mah, asa babari loba kateungeunah. Nuturkeun ceuk omong para karuhun mah, mémang  ari geus kolot mah, kitu, gampang kasigeung,  gampang ngulit bawang. 

Friday, October 22, 2021

Membuat PPT

Persiapan untuk Lokakarya  0.
Pembagian satengah ewang sareng Pa Adi 
Laporan ka Bu Sri, entos. 

Thursday, October 21, 2021

Teu Tulus Dikubur


Teu tulus dikubur

Geus teu bireuk, urang lembur Cikarét mah nyebut manéhna Dadang Ilham. Ngaran asalna Dadang wungkul, ngan ti saprak manéhna ngimpi kadatangan jelema dedeg hadé rumpa sampe maké jubah héjo, cénah manéhna jadi bisa nyaréatan. Nyaréatan hartina bisa ngubaran ku du'a anu ditiupkeun kana cai. Ceuk jalma nu maké jubah héjo nu tepung dina impianna, nyebutkeun yen Dadang bakal bisa loba méré  kahadéan ka jalma réa. 
Tah ti harita, béja-pabéja  béja  yen di lembur Cikarét aya jalma nu bisa dijug-jug lamun urang  boga kasusah, lamun perlu pananyaan, perlu bongbolongan.  

Ngaran manéhna ditambahan ku llham ngarah teu patukeur jeung Dadang nu lianna. Pan aya Dadang Jamhur tukang nguseup, Dadang Sabrang tukang dagang sayuran. Sebutan llham pikeun ngababarikeun sémah baé.  Sabab lain sakali dua kali, sémah salah alamat. Maksudna Dadang llham, karah jadi ka Dadang Sabrang anu kabeneran imahna pagigir-gigir.

Dadang llham katingalna biasa-biasa baé ngaranna diembohan ku llham.  Keur manéhna kecap llham nguatkeun posisina yén manéhna bisa narékahan nasib jalma nu lian. Ilham hartina datang tina pikiran, nya kitu deui kamampuhan manéhna ngubaran oge datangna tina pikiran nyatana tina impian. 

Keur narima semah ngarah teu kaliliwatan, Dadang llham nyieun kamar leutik. Kamar anu khusus pikeun sémahna 'konsultasi' jeung manehna, biasana ubarna mangrupa cai. Sakapeung mah manéhna osok oge ménta sémahna mandi, kumaha ceuk ilham baé.  Kumaha énténg  beuratna masalah. Siga sababaraha bulan katukang aya sémah  anu ménta  disaréatan hayang usahana kios pakéann jadi rongkah, manéhna ménta sangkan mawa taneuh kios reujeung lawon bodas. Taneuh jeung lawon bodas disimpen di kios, sedengkeun jalmana dimandian ngarah sagala panejana dikabul. 

Sémahna aya nu balik deui aya ogé nu ngan datang ngan sakali. Sigana kumaha karasana baé. Kaasup sémah awewe nu karak boga anak hiji, ti RW 15, kaitung sadesa jeung Dadang llham mah, beda RW hungkul. Sémah nu ieu geus datang anu kaduakalina. 

"Kumaha  Ceu Rita ayeuna karaosna?" Dadang llham muka carita.

"Eu...abdi peryogi  bantosan, kumaha supados pun biang rido masihan widi kange abdi uihan deui ka Bapana budak. Atuh Bapana budak oge sing lééh hatena, kersa nikah deui ka abdi, teras mirak istrina nu ayeuna." Rita nerangkeun. 

"Oh, insyallah aya jalan. Landongna kedah ibak supados kapalidkeun sagala gangguan anu jol ti mana baé sumberna mah."

Rita pisah jeung salakina lantaran kolotna, utamana indungna teu satuju kana kalakuan salakina. Gawé sahayuna salaku tukang ngojeg, leuwih loba di imah batan gawé. Atuh Rita kudu indit subuh balik asar, sagawé-gawe di bumi  di Pa Haji pikeun mantuan mayar kontrakan. Ngandelkeun hasil ngojeg mah pan jauh teuing ka mahi. 

Ti saprak Rita hamil, indungna ngagugubrag kudu ménta  pisah. Atuh basa brol orokan, indungna méré ultimatum naha rék milih salaki atawa kolot.  Ka kolot sieun,  ka salaki bogoh kacida, tapi Rita lah-lahan nurutkeun heula kahayang kolotna. Prung bae rumah tanggana pegat. Rita balik ka indungna bari mawa bulenan orok beureum. Salakina siga teu walakaya, disedek mitoha téh, éléh kalawan teu ngalawan. Pajar téh keun we ayeuna pisah heula, engké bisa balik deui, nu penting kolot teu rungsing. 

Sabulan, dua bulan ti harita, Rita meunang gawé di koperasi. Tugasna jaga warung, nyatet naon nu dijual, jeung nyatet barang nu kurang. Kaitung gawé teu beurat. Orok bisa kasusuan da koperasina teu jauh ti imahna, bisa nyelang balik.  Ari Jamal, popotonganna, mimitina sok datang ngalongok orok. Ninina orok tara eureun sok sindir sampir mun Jamal datang. Jamal katingali siga kagok mun nganjang. Tuntungna les baé tara datang. Tapi teu nanaon tara datang gé,  imah kolotna Jamal teu jauh ti mah Rita, mun aya itu ieu bisa nanyakeun. Jeung panan masih kénéh bisa smsan. 

Tilu bulan ti harita kadéngé Jamal kawin deui. Rita ngarasa diteungteuinganan. Manéhna masih ngarepkeun Jamal balik deui. Manéhna embung ngabapatérékeun anakna. Pan loba béjana, bapa téré ngagadabah anak téréna. 

Rita ngasms Jamal nganahakeun bet cidra kawin ka batur. Jamal ngajawab yén kawinna téh lain kahayangna, tapi kahayang bapana. Ngarah teu nguluwut jeung kuuleun cenah. Ti dinya, Jamal teu bisa disms deui.

Rita ngarasa yén manéhna kudu berjuang ngarah rumahtanggana bérés roés sakumaha asalna. Nu matak waktu ngadéngé aya ahli tutulung,  buru-buru didatangan.

'Siap ibak? Ieu caina tos dijiad.' Rita kagareuwahkeun. 

"Eu..mangga," manéhna ngajawab bari bingung, maksudna ibak téh  mandi sorangan atau mandi disaksian ku Dadang llham. 
Rita ngiclik nuturkeun ka tukang ka kamar mandi.  Di jero geus nyampak cai nu dicampur kembang. Dadang llham ngucurkeun cai jiad tina botol aqua anu dihijikeun kana ember. 

"Buka acukna, urang piceun hahalangna" Dadang llham ngomando. Rita rada kalékéd, porosot bajuna hiji-hiji dilaan.
Dadang llham siga teu nolih. Manehna nyiuk cai make gayung, terus dibanjurkeun kana embun-embunan pasénna. Karasa cai nyecep, karasa oge aya leungeun anu nuturkeun muragna cai. Rita peureum. Manehna pasrah kanu ngubaran.

Ti harita, saban Juma'ah  Rita dimandian. 
----

"Mana si Dadang?" Kadéngé sora ngagorowok. Puguh ge aya tilu Dadang,  nu aya didinya malik nanya.
"Dadang cabul, ngaku we ahli tutulung, tutulung pedut, adi aing reuneuh!' Nu tadi ngagorowok nerangkeun. Babaturan nu ngagorowok ngacung-ngacungkeun bedog, awi, aya oge nu nyekel batu. Teu lila,  teuing ti mana jolna, jul jol jelema. Imah Dadang llham pinuh. 

Prak, batu meupeuskeun kaca imah Dadang llham. Burusut jelema asup, paséréd-séréd dina panto. Gurudug Dadang llham digusur kaluar bari teu eureun panyiksa. Dadang llham teu kaburu nyoara. Nyawana geus ilang bareng jeung ngabayabahna getih dina tehel di hareupeun panto imahna sorangan. 

Nu nyiksa baralik ningalkeun kasedih. Teu lila pulisi datang. Urusan ngabuntut bangkong, teu bisa nungtut sabab anu nyiksa Dadang llham jelemana loba pisan. 
Tungtungna pulisi balik. Karunya ka mayit, buru-buru bae dipulasara rek langsung dikubur di pemakanan Sirnalaya. 

Waktu geus ampir isya basa gotongan mayit ngabring ka Sirnalaya. Nu nganteur teu loba, ukur Pa RT, wakil ti DKM jeung tatangga deukeut   aya kana 5an.

Liang makam geus siap. Lampu listrik rada nulungan nyaangan nu rek ngubur. Mayit geus dikaluarkeun tina pasaran. Kadenge aya nu susumbar, nitah ulah waka dikurebkeun. Nu susumbar diiring ku puluhan jalma lianna, mawa bedog, awi, badis we jeung kaayan tadi beurang.

Nu susumbar ngomong, " teu sudi tanah lembur ieu narima si Dadang llham, hayoh kaditu,  bawa balik deui."  Sieun ku amarah nu mawa bedog jeung awi, mayit diasupkeun deui kana pasaran. 

Anu manggul pasaran  kacida bingungna, kudu kamana maranehna  mawa mayit. Kabingung nu sarua oge karandapan ku nu tadi pating jorowok bari mawa bedog. Kasampak dina tangkal nangka, awak Rita ngagulantung, beuheungna nyangreud kana dahan ku tambang plastik.

Teu Ngeunah

Norojol kahayang ngarawu ku siku. Der ngadoa sangkan aya nu ngundurkeun diri. Éh  dikabul. Lain untung, kalah bengong.  
Anu 5 jadi 6. 
Anu 4 angger 4. 
Aya naon di satukangeun  ieu kajadian?

Norojol deui hayang dianggap penting. 
Aya kegiatan dieserkeun ku nu boga hajat. Alesanna aya nu dipihormat hayang maké poé  anu geus sapuk dibadamikeun. Nu boga hajat ngabatalkeun, kudu nu itu nu diheulakeun sabab rék  ka provinsi anu, provinsi anu. Asa lampar pisan.
Der nu boga hajat, ngabéjaan ngadadak, sok we cenah balik deui jadwalna, da anu itu batal. 
Atuh jadi matak bingung. Anu geus diganti nya diganti. Teu bisa dina sagilek langsung robah.

Pananya, ari Ibu S anu ti Bogor  éta  teh bojona Akang E anu ti Cianjur?
Tapi, lamun jawaban eta beunang, keur naon?