Pages

Tuesday, April 21, 2026

Mun Sue Sok Tara Kagok

1. Ngadadak laptop paéh. Atuh pugag sagala hésé. Mangkaning usum dipaké. Keur penyelia TKA, keur presentasi IHT Pancawaluya. Tungtungna ganti SSD, atuh sakabéh data lapur. 

2. Keur susah duit. Der aya beja kudu mulangkeun kelebihan bayar ka nagara. Lain saeutik deuih, 6 juta.

3. Can ge nepi kana tikoro ibaratna. Duit meunang gawe ripuh teh, dipenta keur mayar nu gawé. Nya teu bisa kumaha. Panan nu gawe ka urang mah batur, matak gawe ge butuh duit. Mun teu dibayar, goréng atuh konditeu nu nitahna.

4. Hujan badag, jalan poek. Gesruk mobil ngagésrék kana treuk. Atuh spion cuplak. Omeaneun.

5. Awak muriang ngagibrig. Nangtung ge asa kokoleangan. Sok sieun bru we labuh, struk. Amit-amit. Mere materi ge bari méakeun kamampuhan awak. Éh, urang kokoleangan teh, gawé tim téh teu aya gunana. Anggota timna kalahka nundutan, ngomé laptop, teu daék maju, padahal geus dibagi rata pagawéan téh.

No comments:

Post a Comment