Pages

Sunday, April 26, 2026

Teu Kabagéan

Sakapeung sok aya pikiran "asana urang leuwih alus batan batur, asa piraku teu kapilih".
Tah kitu.
Pikiran urang can tangtu sarua jeung pamikiran batur. Urang we meureun nu ngarasa hadé da alat ukurna diri sorangan. Ari batur mah, loba babandingna. Tangtu ngeclak cimata, ngarasa sedih pédah teu kapilih. Sedihna lain ku teu kapilihna, tapi akibat tina teu kapilih.
Keur kuring nu keur mecut diri jadi tulang tonggongna kulawarga, bayaran gawé dua poe bisa mayar nu kuli di salaku salila saminggu, keur biaya hirup anak salila saminggu ogé.
Ku teu kabagéan, teu kapilih, bisa jadi aya rejeki lain nu bakal katarima. Lain ti dinya jalanna. Alloh nu ngatur rejekina manusa. Urang kari usaha bae sing hadé. Keun dina waktu ieu teu kagiliran. Tong gimir. 
Ayeuna kari miara nu aya. Keun tong jadi sedih kingkin. Aya gagantina nu bisa bae reu disangka-sangka. 
Kari ayeuna diajar mémérés haté. Sing teger. Sing percaya Alloh bakal méré jalan. Naon nu dipigawé ku anjeun ayeuna, éstuning lain keur anjeun sorangan. Buktina, anjeun gogoléran, kekerejetan bakat ku teu kuat nahan kanyeri dina dada nu nembus kana walikat, matak asa kompér leungeun kenca. Nya nyeri, nya matak asa lumpuh sabeulah bakat ku kaliwat nyeri.
Maké duit saratus rébu gé bulak balik dipikiran, padahal éta lain duit batur, duit anjeun sorangan, murni meunang anjeun sorangan. Teu wani maké. Tapi ari dipénta ou salaki atawa ku anak, golosor baé teu dipikir heula sigana téh.
Tah kitu kaayaan anjeun.
Lamun kiwari teu meunang bagéan gawé anu aya piduiteun engkéna. Tong melang, sing gedé haté. Alloh nu bakal méré. 
Inget kénéh pan kumaha gampangna keur Alloh pikeun ngayakeun ti nu teu aya. Umroh. Panan anjeun teu boga duit sacepéng goéng. Tapi bisa indit, bisa jajan, malah bisa méré ka anak, tina teu aya, jadi mahi. Eta kawasana Alloh. 
Sing percaya.
Sing kuat sabar.


No comments:

Post a Comment