Pages

Wednesday, April 1, 2026

Rikmin Poé Kadua

Kahudangkeun ku bau pasakan. Dicek ka handap, kompor tiis. Tapi irung mah teu bisa dibohongan , ieu bau pasakan. Boa E geus dahar, kitu ceuk pikir M.

Peuting teh hudang leuwih awal, hudang  ku gandeng sora bangkong, jam 2 leuwih. Terus we meditasi. Lila kénéh ka subuh. Tunduh can deukeut balukar tina ati nu marojéngja. Marojéngja hayang geura bisa mayar hutang. Geus bosen hirup dikongkorong hutang. 

Jam 6 isuk-isuk M kaluar kamar. E teu katempo di kamarna. Sihoreng geus diuk maen gim. Geus dahar cenah.

Atuh goreng kentang buatan M nu tadi gura giru dijieun teh diantep, M ogé teu kaburu ngadahrna. Jadi bener, bau pasakan teh E geus masak subuh-subuh sigana. 

M Indit ka Polres leumpang. Geus biat rek leumpang ngarah suku aya gerak. Uh panasna kacida padahal isuk kénéh. Sigana leumpang teh aya kana 40 menitan mah. Tadina rek motong jalan tukang keur asup ka Polres. Aripek teu bisa cenah. Jadi ngagidig deui we ti jalan hareup. Sajajalan papaliwat jeung mobil box MBG. Geus mariang rék ngabagikeun alas MBG ka wilayahna. 

Poé ieu M teu puasa. Bisi teu kuat. Kamari mah M ngarasa lieur kacida. Jadi poé ieu istirahat heula puasana. Isukan puasa. Jumaahna henteu. Heuleut sapoé wé, mudah-mudahan kuat. Ari puasana mah kuat. Teu kuat teh mun geus aya lieur jeung leuleus.

Tim Rikmin saméméh der gawé dipoto heula. 






No comments:

Post a Comment