Pages

Saturday, November 9, 2024

Lokakarya Refleksi Pendampingan oleh PS

SMPN 3 Ngamprah
Amos

1. Wildan, PS SMP.
2. Bu Eti, Bu Neneng, Bu Yunina, Pa ltang
3. Pa lwan, Pa ... , Pa Asep
Materi
Perdirjen 4831/2023 ttg kompetensi pengawas dan perdirjen 7328/2023 ttg kompetensi kepribadian dan sosial.
Tujuana
1. Menyusun rencana perbaikan pendampingan
2. Menyusun rencana pengembangan diri berdasarkan hasil refleksi pendampingan terhadap pengembangan satuan pendidikan.

Kegiatan berupa mengisi LK

Berangkat dan pulang numpang ke Pa Itg. Dalam perjalanan ada obrolan mengenai peluang kursi di bagian analis dengan tunjangan 13 juta. Menggiurkan.
Permasalahan cawas dari 122 jadi tersisa 120.
Permasalahan PS yang rotasi dan mutasi. 

Friday, November 8, 2024

Praktik Baik SMKN 1 Campaka

Tadina indit teh rek make grab we. Gede milik, atos we sareng kitu ceuk KS SMK Campaka. Jam 7 geus ngageuleuyeung ka Campaka.
Nepi teh langsung disuguhan kulub cau, kulub hui, suuk, jagong, oge sampeu. 
Didahar we da ti imah karak sasarap sangu goréng hungkul. 
Ceuk Bu KSna acarana mah sukuran meunang juara kahiji lomba Jambore GTK.
Tapi ngarah aya mangpaatna, guruna dibere elmu nulis.
Nulis praktik baik.
Praktik baik dina PMM mah bentukna Cerita Praktik jeung Artikel Kebijakan. Anu kahiji mah nyaritakeun hiji Praktik baik, anu kadua mah nyaritakeun Praktik baik implementasi kebijakan.
Aya deui tambahna praktik baik model STAR keur lomba.
Tulisan bisa diakses di link ieu
 SMA PGRI Cipanas
Ko Hiram mere materi ka barudak
Alhamdulillah lancar 
Barudak smater mudah-mudahan aya

Thursday, November 7, 2024

Ka Imigrasi

Komunikasi jeung pihak BJB ti saprak meunang béja meunang hadiah téh, dina WA. Aya WA grup Pemenang. 

Dina grup aya pengumuman, Kemis,  7 Novémber 2024 jam 13.00, kudu kumpul di BJB keur tatahar ngurus paspor ka kantor imigrasi.

Kuring gesat gesut rék indit ka SMA IQU Al Bahjah heula.  Rék nyaksian sakola diakreditasi, utamana rék ngabandungan réfléksina. Biasana refleksi ngabahas naon-naon waé anu geus sesuéy jeung instrumén jeung naon waé anu kudu dioméan. Aripék teh ceuk KSna, aya kunjungan ka nu di Cirumput, kemungkinan moal bérés jam 12. Kuring bébéja ka sakola mun teu sanggup datang,  lantaran waktuna mepet, bari jeung kuring teu bisa maké kendaraan. Kendaraan nu biasa dipaké, keur dibéngkél.

Nepi ka BJB téh jam 12.55. Lumayan aya 5 menit deui keur ngarénghap. Kuring langsung ngirim WA ka grup Pemenang ngabéjaan yén geus nepi ka BJB. Teu lila, aya WA ti Pa Dédén  jeung Bu Léni, duanana nyebutkeun hal nu sarua, geus nungguan di lantéy dua.

Panon rarat-rérét sugan aya anu opatan, nu sarua meunang hadiah umroh. Karak aya dua, Pa Dédén jeung Bu Léni. Tapi najan dirérétan ogé,  moal kapanggih,  panan teu wawuh. Kuring mukaan DP nu ngaranna Dédén. Cirina maké kacamata. Rét ka beulah juru katuhu, katingali aya Bapa-bapa nu sarua wajahna jeung DP WA. Keur ngobrol jeung ibu-ibu. Teu lila, aya satpam nyampeurkeun, ménta identitas diri ka Bapa-bapa anu keur ditengetan. Kuring mah cicing wé, ukur merhatikeun. Perhatian museur ka lalaki nu diuk gigireun kuring, asa wawuh.  Asa pernah panggih, saha nya? Pikiran muter rekaman kahirupan, mundur ka jaman keur ngora. Enya kitu ieu teh Ayi? Asa piraku Ayi. Tapi keureutanna mah Ayi. Kuring ngawanikeun manéh,  nanya ti heula.
"Ieu téh Pa Ayi? Nuju naon di dieu?"
Manéhna bangun ngaranjug. Kuring ngabapakeun tanda ngahormat. Manéhna maké baju seragam, hartina lain jalma joré-joré. Sarua siga kuring boa, PNS.

"Eh, lbu?" Jawabna pondok. Tapi teu lila terus ngomong deui, "nyaéta nuju badé naroskeun pensiun."
"Ih naha tos bade pangsiun kitu?" Kuring rada héran.
"Aya kénéh dua taun deui, ngan hayang apal we kumaha-kumahana?" Tembalna bari semu ngalamun. Pok deui nanya, "Masih kénéh di Kopem?"
"Tos ngalih, ayeuna mah di Kebon Manggu." Ceuk kuring.
Kopem teh perumahan anu ayana di tukangeun SMAN 1 Cianjur.  Baheula kuring pernah cicing, kos-kosan di lbu Ela, istrina Pa Raflés, guru SMAN 1 Cianjur. 
Ngobrol téh teu ka ditu teu ka dieu kaburu dipanggil ku Satpam nu ménta KTP, Akta Lahir,  jeung Paspor. Teu lila ti dinya,  terus aya pagawe BJB, Pa Deri jeung Pa Akbar ngajak berangkat ka kantor imigrasi. Katingali aya tilu awéwé,  hiji lalaki nu bareng jeung Pa Deri. Ceuk pikiran teh, oh ieu nu opatan nu meunang hadiah umroh ti BJB téh. Teu karagok kuring nyolongkrong ngajak sasalaman bari ngenalkeun diri ka nu Bapa-bapa heula anu posisina pangdeukeutna ka kuring.  Ka dieunakeun jadi wawuh, éta téh Pa Deden, pagawé Puskesmas Cikalongkulon jeung istrina.  Ibu-ibu anu duaan deui nyaéta lbu Léni,  pagawe Puskésmas Cijati jeung ibuna, Maskanah. Bu Léni keur kakandungan dalapan bulan, moal bisa naék pesawat jauh-jauh. Sigana hadiah umrohna dihadiahkeun deui ka ibuna.

Can pati jejeg wawanohan teh, Pa Deri ngatur supaya geura berangkat ka kantor imigrasi. Kuring diperenahkeun jeung Bu Léni ogé ibuna. Bari diuk, kuring nanya Cijatina beulah mana. Bu Maskanah ngajawab ti Bojonglarang, diembohan ku boa-boa urang téh bau-bau sinduk, aya patula patali dulur kénéh. Kuring ngadongengkeun ka Bu Maskanah lamun nini, Ené Iceuh, bojona Aki Oping, nganjrekna di Kampung Rambutan,  Cijati. Putra-putrana Ené: Wa Iyong carogena Wa Padil, Wa Buong istrina Wa Emen asana, Wa Yaya carogéna Wa Jatma, Wa Iyat carogena Wa Edi Sukardi, Wa Rukma hilap istrina saha, Wa Mahmud istrina Wa Nasibah, pun biang-bungsuna lbu Saadah carogena Apa Bobon Buchroni. 
Bu Maskanah imut, nyebatkeun pami anjeunna arapal ka Uwa-Uwa anu disebutan di luhur. Enya geuning, dulur kénéh.  Ngan teu apal we. Kuring ge apal ka Uwa-Uwa teh ku jasa Ene. Ene sok mamawa kuring waktu keur leutik,  dibawa nganjang, diwanohkeun ka dulur-dulur. Jaman ayeuna mah, sigana moal daékkeun mun budak dibawa nganjang terus ngendog. Pastina ge ajret-ajretan hayang balik sabab di imah aya game atawa tempat nu genah keur cicing. Sosialisasi teh jadi kurang galib, barudak jaman kiwari leuwih milih boga babaturan dina rohangan maya. Ka dulur teu pati wawuh ka baraya teu pati apal. Mun diajak nganjang, cukup ku embung.  Dina sakalina milu,  teu ngobrol galecok,  maen Hape we.
Jaman baheula mah, kuring, budak leutik bisa ngobrol jeung Uwa. Obrolan teh mimitina sok kieu, "Usum naon di ditu?"  Budak jaman kiwari mun ditanya usum naon, boa ngajawabna usum Rambutan atawa usum Manggah.
 
Teu karasa ku ngobrol mah, jol eureun mobil teh di perempatan ka Rumah Sakit Hafiz. Eh naha bet kadieu? Asana kantor imigrasi mah lain di dieu. Ieu kantor sementara cenah, kantor nu biasa keur dibangun. 

Ka Imigrasi di tempat nu sementara. 
Memeres administrasi. 

Ka Klinik CHB
Teu bisa ayeuna suntik Meningitis mah, kudu geus aya pasporna. 
oh vaksin meningitis persyaratannya photocopy paspor sama KTP

 vaksin meningitis harus sudah disuntik 10 hari sebelum pemberangkatan

 dibawah 10 hari klo di klinik ngak bisa soalnya inputan langsung terkunci


Difoto 80%
Leumpang ka BJB.
Foto dititipkeun ka Pa Surya, satpam nu soméah. Sanggeus meunang beja ti Pa Deri gawéna nepika ja. 18.00.
Euleuh beurat ning gawé di Bank téh.  Sugan téh ngome duit we 

Balik deui leumpang ka Osaka Sushi, the best sushi in town. Dahareun Jepang nepi ka kota leutik, Cianjur. Ciri kamajuan atawa ciri jati kasilih ku junti? 


Jurnal ditransfer

 

Sanggeus ripuh ngirim, ripuh lantaran teu nyaho carana. Terus dibantuan ku Bu Ros, tilu kali karak bisa ngirim. Karak ngirim hungkul. Teu lila, sapoe ti ngirim langsung muncul REJECTED. Ditolak. Curiga teu nyutat Scopus jurnalna.
Muncul tawaran transfer, nya ditransfer ka Teaching and Teacher Education. neangan nu gratis.


Wednesday, November 6, 2024

Surprise

Matak reuwas kacida.
Tara-tara ti sasari, dunungan nga-WA, omat-omatan kudu ka kantor poé Rebo,  6 Novémber 2024. "Jam 9an nya Miss, diantos." Kitu pesenna dina WA. Haté ratug, inggis ku bisi, rémpan ku sugan. Aya naon, éta pertanyaan minuhan pipikiran. Dibulak balik dipikiran, teu kapikiran. 

Isukna indit ka kantor Cabang Dinas Pendidikan Wilayah VI di Haurwangi.  Naék beus ka kantor téh ngarah murah. Sanggeus nepi, buru-buru bébéja ka dunungan, lamun geus nepi ka kantor. 

Langsung dibagéakeun ku lbu Tari, Analis, ogé Pa Roni. 
"Sok Miss calik,"  saur Bu Tari, "sateuacan mayun ka lbu Kepala KCD, urang ngobrol heula."
"Beu, aya naon, naha Bu Tari, Pa Roni, ngajal ngobrol sagala," ceuk haté, pinuh ku kahéran.
Pa Roni pok nyarita, "Ari sakola binaan Miss anu negeri, mana waé?"
"SMAN D, SMAN R, sareng SMAN Y," jawab kuring. 
"Tah Miss, anu SMA R, uninga upami aya temuan ti Irda perkawis ARKASna, kedah ngauihkeun sareng kedah ngagentosan. Hawatos ka Miss, éta bakal kacacandak margi pengawas aya andil dina penyusunan program anu diajengkeun di tina RKT kana ARKAS." Panjang lébar Pa Roni ngadadarkeun masalah sakola binaan. 
Pikiran ngacacang, boa-boa ieu urusan téh meubeut meulit ka pengawas. Kuring kabawa urusan, unggah baléwatangan ka dituna. A'udzubilah min dzalik. 
"Eta, kumaha Miss waktos penyusunan program, uninga teu? Ngiring ngararancang program anu menyerap dana BOS?" Pa Roni nanya ngagebah pikiran anu ngulayaban geus nepi ka panto hideung, bari teu mais teu meuleum.
"Nyusun RKT, RKAS mah, tara ngajakan pengawas," pok téh saujratna. Mémang kitu kanyataanna. Sakola tara ngondang kuring, salaku pangawas keur nyusuan RKT, komo nepika ARKAS mah. Malah aya sakola anu matak ngahuleng campur heran. Kieu pokna, "Punten ah Miss ditawis RKT sareng RKASna, kaleresan Kepala Dinas parantos nawis." Kuring olohok. Bisa kieu? Panan pengawas mah sahandapeun kepala dinas. Naha bet nanda tangan téh kepala dinas heula karak ka pengawas? Moal kitu ningalina kudu tibalik? 'Kepala dinas  waé nanda tangan, piraku pengawas teu daék nanda tangan'. Lamun ngabahas kalakuan sakola, rupa-rupa.  Moal béak saminggu mun didongéngkeun hiji-hiji. 
"Siap-siap we Miss."Tandes pisan Pa Roni ngingetan urusan Irda.
Can gé béak kakagét téh,  jol aya Anggi, nu biasa jadi asisten lbu kepala datang bari ngabéjaan,  "Miss diantos di luhur ku lbu."

Kuring naék tangga lalaunan. Ati-ati bisi tikoséwad lantaran pikiran teu jejeg. Srog nepi ka ruang lbu Kepala Dinas,  uluk salam. Bréh aya lbu Kepala jeung tilu sémah lalaki. Kuring héran. Naha bet aya tamu nu lian, tapi dititah asup. Geus matak pikiraneun deui waé ieu mah. 

"Miss, ieu aya tatamu ti BJB," saur lbu Kepala bari nunjuk ka nu tiluan,  "aranjeunna  ka dieu badé naroskeun pinjaman, tos sabaraha kali Miss teu mayar?"
Deg. Aduh Gusti, anu disumputkeun disimbutan téh nongérak. Hutang ka BJB teu kabayar! Ras kana waktu saminggu katukang. Geus buleud, meunang hasil badami jeung salaki, motor rék dijual keur nutupan cicilan ka Bank BJB. Ngan untung kaburu aya duit tunjangan pengawas ditambahmayar cincin, sanajan motorna can kajual ogé, dina rekening keur mayar cicilan bulan Oktober mah mahi. Ka dituna mah, duka kumaha engké deui we. Susuganan aya tina sertifikasi. 
Kuring ngahuleng. Bapa-bapa anu ti BJB merhatikeun kuring nu jempé jeung ngahuhuleng.
"Kanggo naon atuh Miss B teh nambut artos ka BJB?" Saur lbu kepala bangun nu teu nolih kana kareuwas kuring anu kanyahoan ripuhna dina mayar cicilan ka Bank. 
Pertanyaan anu matak bingung ngajawabna. Salaku kolot, kuring asa era sorangan mun ngabéjakeun anjuk ngahutang keur nyakolakeun anak. Tapi da kitu kanyataanana,  nya balaka we saayana.
"Nambut teh enggal kénéh,  top up, ngageungan hutang. Kanggo biaya pun anak, kuliah S1 sareng S2 di Rusia."
"Tos sabaraha kali teu mayar?" Ibu kepala siga nu ngagerendeng. Kuring ukur bisa ngarenghap panjang. Bangbaluh kahirupan anu ti poe ka poe karasa mingkin beurat,  natrat hareupeun panon. 
"Tah ieu aya serat ti BJB." Ibu kepala ngasongkeun surat.
Amplop bodas kuring dibuka lalaunan. Kacipta we eusina panggilan pelunasan hutang,  atawa dina suena, pemanggilan perjanjian sanggup mayar hutang. 
Barang dibaca, subhanalloh wal hamdulillah. Meunang hadiah umroh ti BJB!!!
As teu gugur teu angin, teu ngimpi-ngimpi acan, Gusti abdi tiasa kenging hadiah umroh. Sabaraha rebu meureun konsumen BJB, bet abdi nu kenging. 
Foto

Tuesday, November 5, 2024

Balik ti Gala Dinner

Balik teh kahayang mah isuk-isuk ngarah bisa mengkol ka SMA Al Bayan  Cendekia.  Ngan, ngaranna oge kahayang. Tinggal kahayang.
Balik numpang ka Bu Ratih. Supir ngajemput heula ti Cianjur. Hartina kudu nungguan datang heula, paling cepet jam 8 atawa 9. Moal kaburu ka penutupan kegiatan di SMA Al Bahjah anu robah ti jam 13.00 ka jam 10.00.
Robah. Tadina hayang apal kumaha refleksina. Engke rek dijadikeun bagan renrcana tindak lanjut jeung pendampingan ka sakola eta. 

Pileuleuyan kamar 1139
Pileuleuyan kartu ondangan
Kabeh ditinggalkeun di hotel,lamun dibawa ka imah, matak heurin.

Sajajalan ngobrol urusan sakola, pengawas.  Ngomongkeun aya sababaraha pengawas pindah. Kalakuan pengawas, robah lantaran boga gawe duitna di luar pengawas. 

Bari ngobrol sabenerna ti isuk terus komunikasi jeung E. Mastikeun budak teh dahar, indit kursus.
E bebeja geus indit jam 7. Ngurus syarat-syarat. Alhamdulillah,   sukur indit, najan dina hate mah asa can siap budak indit ka Jepang alesan hayang gawe. Tapi lamun teu di mimitian ti ayeuna, lebar waktu kapiceun ngan ukur keur killing tome without doing anything.

Aya beja Myd meunang hadiah sastra di hotel Palace. 
Y ngabejaan si Baranahan mawa barangkal anu kalina.
Menu dahar di Hotel lbis. Omelet jeung Tom Yam.
Ngajawab kiriman  foto Dw

Monday, November 4, 2024

Penganugerahan

Poé anu dianti-anti, geus cunduk. Asa teu percaya kénéh lamun M juara kahiji. Panan apal rusiahna. Nyieun videona teu alus siga batur. Nyieun tulisanna teu diedit. Ngan hiji anu seriusna teh "hayang meunang duit keur mayar biaya kuliah barudak". Ceuk Yq pasti M meunang sabab anu ditulisna orisinal, teu ngaya-ngaya, estuning naon anu dipigawe, eta nu ditulis.