Tuesday, April 11, 2017

Lathan daily note

Latihan Hrgrr. Rkdjbd. Jdjdbvd Bdjdjhd. Jdjdbbrv3 rnrkidhe r nroj r dkkbd dndkrb djdutxvuxh gid8dvv djdidv dhididjbbr. Jdoodjbbf. Kododb. Nkobb f. Hiishsvs. JiidbsHijshs. .

Sunday, April 2, 2017

Nyi Cicah Milu Reuni Alumni Adelaide

Ti saprak salakina loba di nu ngora, sagala kagiatan jeung kabutuhan leuwih loba di tekel ku sorangan. Manehna teu bisa kumaha da geus pilihan manehna yen rek hirup rumah tangga jeung lalaki pilihanna.

Sababaraha waktu kaliwat manehna meunang ondangan kudu ngumpul cenah di Dinas Provinsi anu baheula ngabiayaan manehna waktu aya kagiatan mekarkeun profesi di luar negri. Najan teu pati purun indit, da puguh poe pere, jeung karunya ka anakna nu ngan sorangan bae di imah bari ukur ditinggalan duit 15 rewu keur meuli deungeun sangu. Manehna maksakeun indit, era ku pamarentah nu geus mere biaya jeung kasempetan pikeun manehna nincak nagara Ustrali.
Padahal manehna teu boga duit. Aya duit, di irit-irit pisan pikeun nyukupkeun manehna dahar katut ngabiayaan anakna. Ngaluarkeun duit pangaji 150 rebu pikeun milu acara alumni karasa beuratna. Duit sakitu, mahi keur dahat tilu poe keur manehna mah.

Rebun-rebun manehna geus ngajengjen sisi jalan, nungguan beus. Lur lar liwat mobil pribadi, manehna ukur bisa ngagerentes dina jero hatena susuganan aya nu haat ngajak. Tapi pimanaeun jaman ayeuna aya jalma nu balabah daek tuwur tawar ngajak milu kana mobil pribadi. Manehna ngagebes lamunanna sorangan. Ras inget ka babaturanna nu ceuk manehna mah geus loba dibere kahadean ku manehna, malah aya kajadian anu manehna nandonkeun konditeu manehna demi ngabelaan eta babaturanna. Hanjakal pisan, kahadean manehna teu kaambeu. Tungtungna basa manehna balaka rek milu kana mobil babaturanna, eta babaturanna nolak kalawan eces nyebutkeun moal bisa mawa tumpangan alatan cenah inditna rek jeung kulawargana.
Ras deui bae manehna kana omongan babaturanna nu lain. Babaturanna boga mobil anyar, nulis dina Facebook yen gara-gara aya nu numpang, acara jadi teu asik cenah. Nyi Cicah sadar, kudu ngusap dada, narima kana bagja awak, naek beus bae bari teu ngarasula najan hatena mah gudawang. Nalangsa ku nasibna, bet kacida suena.

Ampir satengah jam leuwih karak beus MGI anu biasa manehna naek liwat. Clak, langsung diuk. Beus MGI cocok jeung manehna lantaran beusna ngalarang penumpangna ngaroko. Diuk di baris kaopat, gigireunna geus aya lalaki tengah tuwuh sare ngageubra. Beus terus laju. Pikiranna oge laju ngabayangkeun kumaha mun pas balik hujan gede. Renced pisan karasana make beus, ditambah naek turun angkot. Manehna ukur bisa ngadu'a bisa kabeuli mobil ngarah teu kudu kahujanan , kapanasan, kaanginan ari iinditan. Manehna sok ngabandingkeun sakapeung mah jeung babaturanna anu sapagawéan. Babaturanna kabeuli mobil padahal lamun ningali beban gawena, jauh leuwih enteng ti manehna. Contona bae, balik gawe jam opat sore, manehna ukur cicing sakeudeung , terus gawe deui nepika jam10 atawa jam 12 peuting. Tapi buruhna, anger we ngan mahi keur dahar jeung ngabiayaan anakna.

Teu karasa, beus ngadudud maju nganteurkeun lamunan Nyi Cicah boga duit jeung mampuh meuli mobil. Teu kuat ngalawan kaleuseuh bangbaluh hirup, clak clak cimatana rag-rag. Manehna reuwas, geus lila manehna teu bisa ceurik. Lir ibarat sumur, geus garing, manehna geus teu bisa ngucurkeun cipanon. Manehna tilem kana pikiranna sorangan, tungtungna sare. Hudang-hudang basa karasa puhu leungeunna nyeri kacida. AC beus gede pisan, manehna teu kuat ku hawa tiis nu ekstrim. Leungeunna sababaraha poe ieu karasa nyeri, sigana tina loba teuing angkat jungjung, jeung ngored buruan imahna nu geus ngajembrung. Manehna ngaluarkeun botol wadah nginum, terus nginum ngubaran tikorona nu karasa nyeri geus garing. Manehna sadar, nu karasa dina tikorona akibat manehna kurang sare.

Di terminal manehna turun terus naek deui kana Elp. Nungguan lila, karak Elpna berangkat. Nepi kanu dituju, geus telat dua jam. Tapi manehna asup bae. Terus lungak longok neangan korsi kosong. Teu katempo aya babaturanna nu manehn wawuh. Manehna diuk we di hareup nu kosong keneh.