Wednesday, October 31, 2018

Kamar 418*

Keur urang lembur siga kuring mah,  anu jauh ka Mol, anggang ka KFC; waktu narima hadiah tina nulis mangrupa nginep di hotél anu aya kolam renangan. Bungahna leuwih ti batan bungangangna haté lantaran urusan ngurus suku nu rorombéheun maké ubar parud waluh Siem geus bérés. Najan sukuna masih kénéh aya rorombéheunna, nya lumayan wé  kaos kaki rada awét. Matak bungah pan lantaran teu kudu hayoh waé meulian kaos kaki. Atawa nu matak éra mah, kadéngé ngagesruk béréwékna kaos kaki ngarait kana rorombéheun.

Ngaran hotél maké basa asing.  Dina sirah kabayangna hotél modern anu siga dina pilem-pilem atawa sinétron. Isuk-isuk bakal disuguhan roti, diukna dina korsi anu aya méja marmeran,  dibarengan hiliwir seungitna cai susu coklat panas. Bérés dahar terus kokojayan.  Éndah dunya téh. Sanggeus dahar teu kudu mikiran ngumbah piring,  ngagosok katél tutung lantaran kapohoan telat ngajait.
Di hotél mah sagala kari nunjuk,  kari nitah, kari ménta. Ngan hanjakal, hadiah saré di hotél téh ngan soranganeun. Biasa pan manusa mah, sok ngarasa kurang baé.  Dibéré ati ménta jantung ceuk paribasa mah. Maksudna geus dibéré nu hadé,  hayang meunang nu leuwih hadé deui, nu leuwih ngeunah ceuk sorangan.
●●●

Waktu dampal suku nincak ka hotél anu kudu dijug-jug, kuring ditarima ku resepsionis anu imutna leuwih kareueut amisna batan cai susu coklat anu isukan bakal ngajagrag dina méja. Kuring dijajap ka rohangan anu bentukna buleud. Geus nyampak juara-juara nulis nu lain ti provinsi lain. Awak asa ngaleutikan pas panon paamprok teuteup jeung anu dariuk dina korsi. Karasa pisan lamun lain kanyaah Alloh mah, moal bisa aub ngariung ngadiukan salah sahiji korsi anu disadiakeun panitia.

Teu lila aya nu ngumumkeun lamun kagiatan bakal dilaksanakeun diaping ku réngréngan ti outbond. Eusina kurang leuwih ulin, sukan-sukan, ngamangpaatkeun waktu ku sagala kagiatan nu matak bungah. Éndah deui bae dunya téh.  Geus lila kuring tara ulin, malah geus poho kumaha ari ulin. Baheula sok ulin téh basa keur budak. Sanggeus jadi kolot mah, saban poé téh gawé jeung gawé,  mastikeun pamajikan teu kurang dahar, anak teu kurang didik.

Geus dibéré makan malam, kuring dititah istirahat.  Acara bébas.  Bébas rék naon baé.

Nu cocok keur ngeusi acara bébas, taya deui iwal ti saré. Kuring bus asup ka kamar nomer 418 di tingkat 4. Kamarna beresih, maké model minimalis. Pas nempo tina jandela, aya balkon. Tina balkon lamun ningali ka handap, aya kolam renang maké téhél biru, caina ngagenclang herang. Teu kabita hayang renang, kacipta bakal tiris, kabita kénéh ngagéléhé ngagoler dina kasur anu nyacas bodas.

Ku lantaran haté leuwih condong ngamangpaatkeun hadiah saré ku saré, nya kuring buru-buru ucul-ucul. Tatan-tatan saré.  Kuring mandi heula ku cihaneut, maké sabun hotél.  Dug baé saré, teu inget naon-naon deui.
●●●

Asa ngimpi pas ningali aya awéwé maké kerudung asup ka kamar kuring.  Manéhna antaré pisan asup ka kamar, muru kana méja leutik, teuing neundeun naon. Kadéngé manéhna asup ka toilét. Kuring teu geruh, ngan bingung. Naha bet bisa aya awéwé asup. Pan dikonci, koncina nyelap dipaké ngahurungkeun lampu.

Awéwé téh leumpang ngadeukeutan lomari bari muka kerudung. Awak kuring ngajepat kénéh dina kasur,  tapi panon nuturkeun sakabéh gurak gerik awéwé nu ayeuna gadag gidig di jero kamar.
Manéhna katingali nyampeurkeun, haté ratug. Napas ditahan, arék naon  maké nyampeurkeun. Lalaunan ampir teu kadéngé sukuna ngeteyep, leungeunna mapay kasur. Meureun sieunan labuh lantaran kamarna poék. Kuring mah lamun saré lampu sok dipareuman,  kudu poék.

"Neng, badé kamana?" Kuring nanya bari sora rada ngageter antara reuwas jeung sieun.
"Hah, ari ieu saha?" Manéhna malik nanya bangun sarua reuwasna jeung kuring.
"Dedi," pok téh nyebutkeun ngaran.
"Hah, aduh, salah asup kamar. Hanas menta dibukakeun ka office boy!" Kadéngé manehna gegelendeng.  Kuring olohok. Sigana olohokna kuring moal katingali ku manéhna da poék.

Manéhna nyokot kerudung, terus malik rék ka luar kamar. Kadéngé ngutruk.
"Kunaon sih pantona teu di konci? Jadi we batur bisa asup. Jeung naha teu ngahurungkeun lampu? Pan teu katempo saha nu di jero. Saré téh lalawora."

Kuring ngahuleng, anu salah asup manéhna, naha jadi kuring nu salah? Geus salah asup, ngaruksak kani'matan saré batur, éh kalahka malikan ngambek. Kuring jadi keuheul. Sugan jelema anu sok sararé di hotél mah tara ngaragap haté batur. Nu salah téh kudu batur, padahal geus jelas manéhna nu salah.

Tungtungna teu bisa saré.  Dipeureum-peureumkeun gé anger wé teu reup. Guling gasahan, kahudangkeun awéwé nu asup salah kamar. 

Bari ngagoler, rarasaan asa hayang ka cai.

Kuring nguniang hudang,  maksakeun.

Kolotrak nyekel knop toilét. Pageuh. Naha bet ngonci.  Digebreg-gebreg, panto téh pageuh teu muka. Aduh, awéwé téh mawa sial. Naha maké ngonci kamar toilet sagala.

Teu kuat hayang ka cai ampir teu katahan. Kuring nelepon ka nomer 0 maksudna ngarah dikirim pagawé anu bisa mukakeun  panto toilét.

Teu lila jol lalaki anu ngaku jurungan ti bagian hotél keur ngomé panto toilét.
Kuring ngarasa hanjelu, peuting éndah saré dina kasur hotél  kamar 418 anu sepréna nyaca bodas téh teu tulus. Tukang ngoméan panto lila pisan gawéna. Kaburu teu hayang kacaina ge, kaburu nyelek ku keuheul.

Aya bagja teu daulat!

Materi 3 Kurikulum 2013

Bersama Prof Hamid Hasan

Jadwal supervisi

Adendum yang dijadikan patokan untuk laporan.

Kewirausahaan,  action plan yang dibuat oleh sekolah.  Bukti dan laporan harua dicek.

Instrumen

Tuesday, October 30, 2018

SMA Rujukan ... dalam potret

1. Menjadi instrumen yang hidup
2. Memahami instrumen yang mati
3. Menemui responden
4. Mengumpulkan data
5. Mengirimkan data
6. Potret sekolah

Kurikulum 2013 keterlaksanaannya
Masih operasionalkah di sekolah setiap Permen yang dikeluarkan?
Lintas minat, pendalaman minat, ada yang melakukan?
Peminatan? Manfaat tidak untuk siswa? Anak ips masuk kedokteran?
Anak ipa ambil ekonomi,  ada sisi manfaatnya tidak?
Lintas minat dipaksakan.
Kebijakan bisa dioperasionalkan?
Manfaat?
Jalan? Atau belum K2013nya
Penentu keberhasilan ada di proses pembelajaran.
Rpp, buku, pelaksanaan,  penilaian,  cek!
Apakah sudah menampilkan karakter k13? Hots, ppk, 4c, Literasi, 
Trend sekolah dalam menghadapi teknologi (revolusi 4.0)

Materi 2 ToT D Anaya

Pemateri: Pak Anim,
SMA Rujukan 650
SMA Kewirausahaan 204

Aplikasi supervisi
1. Log in untuk mengetahui sekolah yang disupervisi
2. Aplikasi berbasis web dan real time
3. Username dan password disimpan dengan baik jangan diberikan kepada sekolah
4. Instrumen selalu berkembang agar mampu memotret sekolah rujukan.

Observasi lapangan, dokumen (pastikan buatan guru),  cross check, 

Pak lsmuji.
1. Alamat web ...
2. Disediakan grup WA
3. Username dan password diberikan
4.

RYXH
423680

Pak Eko

Pak Suprananto
Evaluasi implementasi K-13
Bekerja di bidang penilaian,  baru2 ini di puskurbuk.

1. Kebijakan umum, belum ada perubahan.
2. Jika ada hal2 prinsip yang useless, atau tidak aplikebel, bisa dibantu Pa Suprananto untuk ditinjau ulang.
3. Measurement:  process of assigning qualitative or quantitative
....
4. Apa yang dievaluasi? Kebijakan apakah implementable?  sosialisasi,  implementasi

5. Evaluasi tingkat satdik dan kelas
Kesiapan guru, ks, pengawas
Kesiapan bahan ajar
Keselarasan kurikulum,  proses pembelajaran

6. Hasil evaluasi: hasil review, telaah dokumen
7. Teknik evaluasi
Studi kebijakan
Monitoring implementasi
Penelitian dan kajian ( Fgd, observasi,  kuesioner,  wawancara)
8. Instrumen
Panduan monitoring
Panduan observasi
Panduan wawancara
Kuesioner/ angket
9. Stakeholder/responden
Pakar pendidikan
Dinas pend kab dan kota
Ks, pengawas, guru,  siswa

Catatan
Tujuan untuk menggali potensi peserta didik,  apapun kurikulumnya.
Penilaian untuk perbaikan pembelajaran
Monev untuk menjamin bahwa implementasi sudah sesuai dengan harapan atau rencana,  kata kuncinya "obyektivitas atau apa adanya " bukan untuk labeling.

Tanya jawab
1. Jhon Abdi
Buku revisi tidak sinkron dengan permendikbud 24.
2. Asnawi
- Supervisi ibarat cek up kesehatan.  Jadi sebuah kebutuhan bukan beban.
- Apakah instrumen diberikan terlebih dahulu atau mendadak?
3. Heri
Tindak lanjut dari supervisi tidak dilakukan oleh sekolah misalnya diskusi, konsultasi,  iht.
Respon
1. Buku masih ada yang lolos tanpa revisi hanya ganti jilid. Penerbit nakal melakukan hal itu
Guru harus mengajar sesuai KD, bukan berdasarkan buku. Kalau pun buku tak ada, guru harus menyusun bahan ajar sendiri.
2. Mind set: ingin mendapatkan label, pergi ke cek up untuk lolos cpns, ya diakali.
3. Prinsip assessment,  supervisi,  evaluasi sama yakni harus ada tindak lanjut

Wrong labeling,  misalnya sekolah bagus jika un nya bagus, jika lulusannya banyak (single indicator , dianggap satu2nya penskalaan)
Guru bagus, ukg bagus
Finger print dulu,  tunjangan aman.
Prestasi bagus, jika guru hadir terus,  iadi melakukan apapun untuk presensi.
Sekolah bagus,  akreditasi a
Ganti dengan school profile,  port folio.

Sesi 2
1. Solihin
Buku menjadi pedoman karena afa buku guru, buku siswa yang seolah bisa menjadi satu2nya sumber.
- Sekolah tidak mengikuti mekanisme,  ngeyel,
- akreditasi mengantarkan pada impian karena ada iming2.
2. Firman
Ada pendapat berbeda terhadap implementasi K-13: ribet, sulit,
3. Sekolah telah melakukan supervisi  oleh tpk sekolah,  ditemukan masih banyak guru yang belum paham membuat ipk, memilih metode pembelajaran,  dan penilaian. Mungkin sumber yang terus berkurang,  bisa juga karena guru tidak menambah dengan membaca sendiri.
- guru diberi waktu untuk revisi, 
Respon
1. Buku bukan hanya fisik,  siswa sudah tidak bergantung banyak pada buku paper.
2.

ToT petugas supervisi implementasi K2013, keterlaksanaa SMA Rujukan, dan PKWU di SMA tahun 2018

Tempat: Hotel D Anaya Bogor
Waktu: 30 Oktober sd 1 November 2018
Kemdikbud, Dirjen PSMA

Selasa, 30 Oktober 2018

Materi 1 pembukaan
Laporan panitia Pak Budi
Tujuan
1. Menyamakan pemahaman
2. Memantapkan penguasaan instrumen
Pengarah, Narsum 5 orang, pembahas 5 orang, panitia 10 orang, peserta 100.

Pengarahan dan pembukaan
Direktur PSMA
1. Doa untuk korban kecelakaan Lion Air.
2. ToT petugas supervisi
3. Kementrian menggulirkan kebijakan zonasi untuk menghilangkan kastanisasi dan kesenjangan dalam mendapatkan layanan pendidikan yang diselenggarakan oleh pemerintah. Siapapun berhak masuk ke sekolah negeri.
Zonasi terkait dengan pemerataan mutu. Zonasi berlaku pula untuk peningkatan kualitas lulusan. Sekolah negeri kualitasnya di atas karena raw inputnya sudah terpilih sejak saat ppdb. Dilengkapi dengan 100% gurunya pns.
Oleh karenanya akan dilakukan redistribusi guru sesuai zonasi agar sekolah mendapatkan tenaga pendidik yang relatif sama secara kualitas.
SMA Rujukan kelak akan berganti nama untuk menghindari kesenjangan.
4. Untuk mensejajarkan sekolah lain, maka sentuhan ke depan tidak lagi ke sekolah rujukan.  Tanggung jawab peningkatan mutu ini diatur oleh pusat, daerah.
5. Intervensi sarana, mutu guru, management,  standar penilaian,  diberikan dari pusat agar sekolah negeri segera naik kualitasnya.
6. Lulusan sma hanya 60% yang melanjutkan akibat kurangnya daya tampung, kualitas siswa yang rendah.
7. Bagi siswa yang tidak melanjutkan harus menjadi generasi terdidik yang terampil,  salah satunya memiliki jiwa kewirausahaan dalam bentuk memiliki usaha.
8. Alat supervisi ditambah dengan supervisi kelas. Dokumen saja belum mencukupi. Kelas yang memastikan keberhasilan K2013.
9. Kaji apakah pengimbasan benar2 dilaksanakan.
10. Kultur sekolah berubah menjadi sekolah inovatif misalnya menggunakan emodul, cek secara visitasi dan kelas.
11. Hasil dari pengecekan sekarang akan mengubah kebijakan ke depan. Harus diketahui bagaimana kinerja sekolah rujukan berdasarkan pengukuran yang dilakukan oleh petugas.
12. Selama ini sekolah yang muncul dalam lomba kewirausahaan tidak berasal dari sekolah yang didanai untuk itu.
13. Berikan saran yang membantu sekolah untuk maju sesuai rencana yang telah dicanangkan.
14. Diskusi kewirausahaan pada akhir pertemuan.

Monday, October 29, 2018

E-modul sebagai tawaran untuk model belajar asinkronus mandiri 

Moda atau cara belajar saat ini secara perlahan mulai bergeser. Sebelumnya, belajar ditandai dengan adanya waktu dan ruang belajar yang sama. Di kelas-kelas dimana pendidikan formal diberikan, guru dan siswa bertemu sesuai jadwal di ruang kelas, atau semuanya sinkron. 

Kini, perubahan mulai merambah dunia pendidikan. Seorang siswa dari Cianjur bisa mengikuti kelas virtual bahasa Inggris yang diberikan oleh Jhon Hopkins university. Kondisi belajar seperti ini, kelasnya sama, tapi tempatnya dan waktunya berbeda. Menurut Chaeruman (2018) kelas seperti ini disebut kelas sinkron maya.

Lain lagi dengan seorang siswa yang belajar dimana saja, kapan saja, dengan teman belajar bisa siapa saja yang ada pada milist. Belajar seperti ini tentu sangat menyenangkan, karena belajar bisa kapan saja sesuai mood di pembelajar. Selama provider untuk sesi itu terbuka, selama itu pula belajar bisa berlangsung. Belajar seperti ini disebut asinkronus kolaboratif (Chaeruman, 2018).

Belajar pada masa kini tidak lagi terbatas kepada mereka yang dulu disebut pelajar. Kini semua orang menjadi pelajar, tapi tidak memiliki kelas. Mereka memiliki keinginan untuk menguasai sesuatu. Mereka belajar sendiri, mencoba hasil belajarnya sendiri. Misalnya seorang ibu rumah tangga ingin membuka usaha rumahan. Dia membaca semua hal terkait bagaimana cara  buka usaha rumahan. Selanjutnya untuk membuka usaha, dia memutuskan berkiprah di bidang memasak sesuai hobinya. Maka dia, tanpa ada guru langsung, belajar memasak berbagai macam makanan dari laman yabg menyediakan itu. Dia belajar sendiri, berpraktik sendiri, dan menguji hasil belajarnya sendiri. Inilah moda belajar asinkronus mandiri atau bahasa kerennya  Self-Paced Asynchronous. 
Pendidikan diharapkan mengantarkan pada pembelajar asinkronus mandiri dimana para siswa belajar karena merasa butuh. Mereka menggali sendiri, mempraktikan sendiri hasil belajarnya dan merasakan manfaat hasil belajarnya. 

Menciptakan pembelajar asinkronus mandiri tentu tidak akan pernah terjadi jika tidak ada sarana untuk itu. e-modul merupakan salah satu alternatif untuk memfasilitasi siswa belajar asinkronus mandiri. Para siswa bisa memilih materi ajar apa yang ingin didalaminya. Mereka bisa mengulang materi berapa kali, sesuai dengan keinginannya. Mereka bisa berpindah ke pelajaran lain sesuai rasa ingin tahunya.

Para guru masa kini dituntut untuk mampu memberikan pilihan dalam belajar. Belajar secara sinkron tentu sangat ideal karena siswa dapat mengomunikasikan dan menanyakan langsung jika ada hal yang belum dipahaminya. Keidealan ini terkurangi dengan kondisi bahwa pada belajar moda sinkron, materi ajar diberikan secara paket, terjadwal, sehingga siswa tidak bisa memiliki kebebasan memilih mau belajar apa pada jam berapa, tapi harus belajar sesuai jadwal. 

Belajar moda sinkron tentu memiliki kelebihan. Salah satunya adalah membangun dan membentuk 'rutin' atau kebiasaan belajar. Para siswa yang tidak termasuk pada kelompok pembelajar mandiri, sangat diuntungkan dengan moda belajar sinkron. Keberadaan guru dan teman belajar untuk berkolaborasi memberinya peluang untuk mendapatkan keterampilan sosial dan kognitif sekaligus sesuai masa belajar.

Namun seiring lahirnya dunia maya yang menawarkan hampir semua hal. Maka bahan belajar pun sejatinya dapat diperoleh semudah berkata "OK Google..." dan muncullah semua yang diminta.

E-modul yang memungkinkan para siswa dapat menggali lebih dalam tentang hal yang ingin dipelajarinya sudah saatnya disiapkan oleh para guru. Keraguan apakah para guru mampu menyiapkan e-modul yang memenuhi kebutuhan siswa, tidak perlu diajukan. Selama guru memiliki kemauan untuk belajar, maka selama itu pula e-modul bisa hadir (Langgeng, 2018).

Membuat e-modul  cenderung lebih mudah jika dimulai dengan membuat modul terlebih dahulu. Beda modul dengan e-modul terletak pada fasilitas. Jika modul hanya menyediakan teks, dan gambar saja. Maka e-modul menyediakan teks, gambar (image), suara (sound, mp3), gambar bergerak (video, mp4), dan aktivitas interaktif yang hanya bisa diberikan oleh aplikasi tertentu.
Sebagai contoh, pada pelajaran bahasa Inggris materi News Item. Jika pada modul, ketika mengenalkan berita dari radio. Pada modul muncul teks yang mewakili suara penyiar radio dan para siswa membacanya. 

Pada e-modul, untuk hal ini dapat menjadi lebih menarik. Para siswa dapat mengklik bagian MP3 dan menyimak siaran radio. Jika yang didengarkan tidak dapat dipahami, klik teks penyerta, maka siswa dapat melihat naskah yang dibacakan penyiar radio tadi. Pada saat para siswa diuji apakah mereka paham atau tidak terhadap isi berita radio tadi, mereka dapat menjawab pertanyaan, dengan cara mengetikkan jawaban pada bagian yang telah disediakan. Untuk mengetahui jawabannya benar atau tidak, mereka dapat mengklik bagian yang menyediakan jawaban. 

Itu gambaran sederhana e-modul yang pada praktik pembuatannya tentu saja memerlukan kesabaran dan sekaligus keahlian. 

Tersedianya e-modul yang membantu siswa memiliki banyak pilihan untuk belajar menjadi penting mengingat para siswa harus dilayani sesuai karakteristiknya. Para siswa adalah warga negara yang karakteriknya sangat akrab dengan layar dan tombol. Maka tepat jika para guru move on dalam urusan menyediakan bahan ajar.

Sunday, October 28, 2018

Turunan Cidamar

Indit teh ngahaja rebun-rebunn kénéh.  Méméh panon poé meletèk, rérés salat subuh, motor geus ngadius mapay jalan raya, ngidul ngajugjug ka lembur anu can perenah nincak. Nyaho ngaran wungkul téh lain bohong. 

Ijiran kira-kira 6 jam pasti nepi kanu dituju. Jam 10 isuk-isuk kudu geus nepi ka tempat anu dimaksud. Boga jangji rék nepungan dulur anu pindah ka tempat nu jauh. Cidamar.
Ngaran tempat téh siga anu boga harti. Damar, lamun jaman ayeuna mah sarua jeung lampu. Lain lampu anu maké listrik,  ieu mah lampu cempor. Pasti teu ngarti naon ari lampu cempor.
Lampu anu maké minyak tanah, centirna ngan hiji, tah éta lampu cempor.  Biasana dijieunna tina urut kaléng Botan. Naha kaléng Botan? Jaman baheula lamun hayang nyirian saha jalma nu boga duit,  tingalian we ka carangka runtahna. Lamun aya cangkang Botan, tah éta beunghar. Jaman harita mah, cangkang Botan téh penting pisan,  matak sok ditaréangan panan bisa dipaké nyieun parudan, nyieun lèteran keur naker bèas, jeung nu utama mah keur nyieun cempor. Ngeusian minyak tanahna teu leuk-leuk pan rada gede kaleng botan mah, bisa asup minyak tanah kana saparat léterna. 

Cangkang Botan téa, dikohokan luhurna,  ditambahan wé sèng leutik  anu digulungkeun keur wadah sumbu. Teu maké semprong, ngagedur kitu baé matak hideung liang irung. 

Semprong gé pasti teu ngarti. Semprong mah siga kap, kap khusus keur nutupan centir lampu anu sumbuna hurung, ngarah seuneuna teu kakalicesan atawa pareum ku angin.

Lamun ningali kana kumaha bisana caang dina waktu peuting keur jaman baheula, kacida matak riweuhna keur jelema kiwari anu sagala instan mah. Loba unak anikna. Barudak jaman baheula henteu ngarasa riweuh ku urusan ngahurungkeun lampu da dimana-mana kitu ilaharna. Galib, kitu ceuk istilah nini mah. 

Aéh karah ngomongkeun budak jaman baheula.  Apanan keur ngabahas Cidamar.

Indit ka Cidamar téh meunang pangjurung ti indung. Pajar téh,  "Enéng, cukcruk amang hidep anu ngan kari hiji-hijina. Baheula ema geus kedal ucap,  rék méré bagian waris ti bapa hidep, ku duit. Ayeuna pan bapa geus tilar, tah ema mah embung ngeukeuweuk banda nu lain hak. Téangan amang hidep, Amsor katelahna mah. Cenah pindah ka Puncak Haur, Cidamar. Omat kudu kapanggih."
Paménta indung anu tacan jejeg 100 poé ditilar salaki, najan tacan ngalaman, kacipta kumaha sedihna. Komo bari aya kecap anu pakuat pakait jeung almarhum bapa, tangtuna gé pikeun indung kuring anu sakitu tumutna ka salaki, jadi bangbaluh.

Kuring, awéwé, meujeuhna buta tulang buta daging, belekesenteng ceuk pangjejeléh nini mah. Ngan henteu ari tunggul di rarud catang di rumpak mah. Kuring boga watek siga lalaki, éta mah ceuk batur, kuring sorangan mah, nya teu rumasa atuh. Meureun pédah bisa ngurus kenténg bocor, ngomèan keran mangpet, ngababad jukut nu jaradi di buruan imah, ngumbah motor. 

Atuda pan euweuh sasaha di imah téh,  kari nini nu geus jelas nini-nini tulén euweuh huntuan jeung moal maham kana ngoméan keran cai, nyahona téh pan pancuran. Atuh indung, maènya guguntayangan maké samping naék ka para imah. Nya kari kuring, anu biasa maké calana jin, kaos teuing nanahaon mérekna, kahayang mah mérékna H&R, anu kudu tanggung jawab ngurus imah. Balik deui kana H&R, éta téh mèrék luar negeri. Ngan ari keur sakuringeun mah hartina téh Hargaan & Rupaan.

Pan béda atuh kaos hargaan jeung rupaan mah, pada nyaho, dipakéna matak teu hareudang, jeung teu arateul,  nu utamana teu kanyahoan meulina ti hareupeun pagadéan!

Waktu menta idin indit ngaberengbeng kana motor sorangan gé, boh nini boh indung sigana teu melang ieuh. Da geus biasa, kana motor lain sakali dua kali, geus ti SMP kénéh. Geus ledeg ka pasar, ka Cibeber, ka Bandung ogé maké motor.

Barang rék indit. Ditiup embun-embunan ku nini jeung indung dibarengan ku ngagorolang doa pangjajap. Semu dareuda ema ngabéjaan lamun indit ka Cidamar hartina nepungan bali geusan ngajadi, Nu jadi bapa pan pituin, asli urang Cidamar. CIcing di kota Cianjur sotéh pedah baé jadi guru SD. Geus ilahar pan di CIanjur mah, guru-guru SD mah pasti asalna ti Cidamar, CIdaun, Kadupandak. Ti lembur basisir Cianjur beulah kidul. Ceuk bapa mah, urang kota mah arembungeun jadi guru téh sabab gajihna teu kaharti, kaharti kénéh dagang. Ari bapa mah bisa sakola ka kota lantaran pesen ti aki. Lamun hayang jadi jelema, kudu jadi guru. 
Kuring sok mesem lamun merhatikeun pesen kolot-kolot jaman baheula. Apan geus jelas bapa téh jelema, naha bet kudu jadi guru heula, kakarak jadi jelema. Meuren mun ceuk budak ayeuna mah you are somebody, not just some and body.  

Omongan kolot baheula mah kudu dipikiran. Sok loba malapah gedang, maksudna kamana, dipéngkolkeun heula kamana. Atawa maksudna kamana, ditepikeun ku siloka. Kuring mah sok pok baé ménta harti saujratna. Kalakuan kitu téh ku ema mah sok kadang digenggeureuhkeun. Pernah sakali mangsa mah ku bapa rada disentak. 
"Ari nyarita jeung  kolot, sing hade basa jeung semuna. Ulah alesan taya waktu, ngomong tog mol. Anaking, urang mah lain jalma samanéa, urang mah turunan Cidamar."

Na haté mah mentegeg. Naon urusanna ngomong jeung turunan Cidamar. 
"Sanés kirang sopan Pa, kaleresan baé abdina aya PR."
"PR mah teu penting, nu penting nyaho rundayan. Saha ari nini-aki, bibit-buit. Palias poho ka asal, palias poho ka bagal. Hana nguni hama mangke, tan hana .... lah naon saterusna, poho" Bapa mamatahan sakaligus ngahulag, bari anger, kaluar deui baé basa nu araranéhna, untung cenah poho.

Sirah pinuh ku obrolan jeung almarhum bapa. Rumasa loba némbal ka bapa téh. Bapa mah lamun nyarita ngeunaan tutungkusan kolot baheula, kuring sok asa diajak balik deui ka jaman Mataram. Jaman dimana sacideuh metu saucap nyata, sagala supata kajadian. Kuring rada ngarti saeutik kana sajarah mah, ngan sajarah anu di sakola. Lain sajarah ménak Cidamar anu teu aya dina buku sajarah Indonesia. 

Asa nongtoreng kana ceuli omongan Bapa anu ngabuka rundayan Cidamar. 
"Tengetkeun anaking, Cianjur pakidulan, kaasup daerah Jampang. Aya Jampang kulon anu di Sukabumi, Jampang Tengah, anu kaasup ka Bojong Lopang Sukabumi. Tah aya hiji deui, nyaeta Jampang Wetan anu ngawengku Pagelaran, Tanggeung, terus mipir basisir nepika Cidamar."

Bari nyekelan setang motor, kuring siga nuturkeun omongan Bapa. Mimiti ninggalkeun kota, asup ka Cibeber, Sukanagara, Pagelaran, Cibinong, terus ngidul bus ka Sindang Barang. Jalan leucir karak bérés dicor semen. Lain leucir kétang, taruktuk teu cara jalan aspal.Sisi jalanna tacan dirapikhkeun, pating logodor kénéh kawat urut ngecor nalongérak matak bucat pan mu ngait kadinya. Jalan karasa taruktuk teu cara jalan aspal. Motor ngageuleuyeung, kuring anteng nempo jalan, ngan ari pikiran mah anger baé keur ngobrol jeung Bapa.

"Cidamar mah aya cirina, nyaéta gunung Béngbréng. "
Ti tatadi ti sprak asup ka Tanggeung, geus katingali gunung nangtawing warnana koneng, ngadingding. DIna haté ngecewis," Merureun ieu Gunung Béngbréng anu dimaksud ku Bapa. Geus kaambeu bau laut, Sindang Barang."

Bapa kadéngé deui nyarita, "Cidamar kasohor tempat anu nyumput, hésé disaba, kudu naék géték atawa rakit lamun hayang kadinya. Ku kituna Cidamar jadi daérah panyumputan karaman atawa rampog. Keur ngamankeun tukang bobok tukang tarok, nya Sultan Agung Mataram ngutus Rasen Brajadiguna ti Sukapura keur ngamankeun Cidamar. Sanggeus CIdamar aman, Raden Bajadiguna jadi umbul di Cidamar anu wilayahna nyaeta Campaka,Sukanagara, Kadupandak, Pagelaran, Tanggeung, Cibinong, Lélés,  Sindang Barang, Cidaun, Cikadu jeung Naringgul." 

Karak nyambung omongan Bapa jeung tempat anu kaliwatan ku kuring ayeuna, Sindang Barang ceuk tulisan dina plang. Ngong deui Bapa jéntré pisan nyarita, "Ngan saprak dijajah ku Walanda, Cidamar dijeun daérah perkebunan Karet nyaéta kaasup ka Ondernenimg Cibancét, CIgebang, Pasir Tujuh. Lamun kebon téh mah di Kolébérés, pepelakan kina mah di Cimaskara. Keur kaperluan onjoyna hasil perkebunan, ku Walanda dilegaan nepika Sukaati, Sanumra, Rancabali, tembus ka Bandung. Tah urang mah mah kaasup ka seuwu siwi Cidamar anu bibit buitna ti Sukapura, lain lalawora."

Kuring anteng baé neruskeun perjalanan. Dina angkeuhan, istirahat mah engké we lamun geus karasa lapar. Motor ngeureuyeuh maju. Najan geus ampir jam 9, hawa téh karasa tiis kénéh. Meureun ku lantaran rada miripis hujan. 

Katingali jalan téh rada méngkol saeutik. Semén cor jalan bangun rada dipulas deui ku aci semén. Dina haté nyarita, "Jalan semén diacian, torombol, sigana keur nutup anu barolong. Lamun hujan mah, matak nyolédat motor." 

Tacan gé garing biwir, ujug-ujug koléwang motor ngagalieung ka kénca, ban hareupna ngagejlig kana sisi jalan anu sigana aya kana 75 sentina tina coran tempat nincak motor. Kuring kabawa motor, teu inget nanaon. Inget-inget sotéh geu diuk di tengah jalan bari panon merong kana suku kénca. Kamana sapatu? Kaos kaki rajét. Katempo getih ngucur ulawéran tina jempol suku anu dagingna jeung kukuna sompal saeutik.  Rét deui kana tuur katuhu, calana soéh, kulit tuur béak ngagasruk kana coran. Ramo suku kénca, tilu nu tatu. Suku katuhu bared, kulit tuurna nyingklak. 

"Néng, aduh, karunya teuing, hayu kadieu, urang urus heula tatuna, " kadénge sora awéwé nawaran pitulung. 
Katingali ogé sarérét aya lalaki nu nyampeurkeun, ngésérkeun motor supaya nangtung di sisi jalan.  Kuring merhatikeun kadua jelema éta. Bisi wé siga dina berita di WA, Fesbuk api-api nulungan padahal niatna jahat.

Kuring dibéyéng dibawa ka imahna  nu perenahna sisi jalan peuntaseun tempat kuring cilaka. SI ibu cuh cih nyiapkeun cai haneut keur ngumbah tatu. Si Bapana ngagidig ka tukangeun imah. Kuring rada curiga ka si Bapa, ti tatadi ngan jempé baé. Teu jelas rupa beungeutna, asana téh tungkul baé. Nu atra ukur buukna baé katingali galing, jeung dikongkoyang samping sarung anu disalepangkeun kana tak-takna. 

Sanggeus diberesihan, si Bapa nutup sakabeh tatu ku dangdaunan anu geus dibebek. Tina bauna mah, sigana manéhna maké daun babadotan jeung Kirinyuh. Sanggeus sakabéh nu tatu ditutupan ku bebek dangdaunan. Si Bapa ménta idin, cenah tuur kuring rada nyéngsol saeutik. Lengunna nyekel mamangkokan tuur. Krek kadéngé siga aya tulang nu disada. Teu karasa nyeri. Nu tatu oge teu karasa nyanyautan peurih. Na haté nyangka meureun maké obat tradisional mah kitu karasana. 

Aya kana sajamna kuring nyanghunjar ngadagoan panutup tatu rada garing. Si bapa bangun surti lamun kuring hayang geura indit. Manéhna ngagidig deui katukang, balik deui mawa kulit kai anu geus di papag jadi ipis. 
"Kulit kai naon éta Pa?" kuring panasaran.
"Ki Dapap," Si ibuna anu nembalan. Si Bapana mah ret- ret ngabungkus tuur, ramo-ramo ku Ki Dadap, jadi siga diperban  lamun jaman ayeuna mah. 
Geus bérés, si ibu ngajurung nitah indit. 
"Mangga teraskeun deui baé perjalanna Néng, insyallah aman."
Kuring bingung kumaha nganuhunkeun kana kahadean si ibu oge si bapa anu sakitu siga bébéakan nulungan. Ras kana dompét, pan mawa duit. Kuring ngasongkeun duit 100 rébu. 
"Aduh meni ageung-ageung teuing Néng, tong 100 rébu atuh."
"Teu aya récéh Bu, mangga wé masihan sadayana."
"iih ulah, ké urang lironan atuh nya sugan aya 50an," walonna bari asup ka jero imah.
Aya kana 5 menitna karak manéhna balik deui bari ménta hampura duit récéhna teu aya.
"Néng, engké uihna sampeur baé nya, ku ibu artosna dilironan ka warung." si ibu mutuskeun.
"Muhun, saé Bu, engké pas abdi wangsul, abdi mampir deui ka ibu, padahal mah abdi iklas Bu, mangga we artosna sadayana kangé ibu kalih bapa."
"Ah ulah Néng, kangé bengsin pan."

Ahirna kuring ngéléhan kana kahayang nu nulungan. Naon héséna engké ari balik, méngkol heula ka imahna. Sabaraha manéhna mulangkeun récéhna, sabodo teuing, dan geus gilig méré. 

Perjalanan ka Ciamar estuning nuturkeun kumaha ceuk google map. Teu loba tatanya kanu papaliwat, réncéd, kudu eureun heula, kudu basa basi heula. Katambah kapikiran bisi turun hujan gedé, atuh bahaya, tatu bakal kahujanan, mangkaning dangdaunan mah pan teu cepet garing.

Nu jauh dijug-jug téh ahirna mah nepi ogé. Srog ka imahna amang Amsor dumasar kana pituduh jelema anu tijauhna kénéh geus nuduhkeun. Sihoreng ngaran Amsor téh sohor. Ampir saban jelema nyaho, Baping Amsor tukang tutulung, tukang méré pituduh, panglupatan jelema susah jeung bingung. Tukang puasa jeung tukang nyepi, ngurus agama, nepika teu wani boga pamajikan. Pajar téh sieun teu bisa mawana. Kitu béja nu katarima ku kuring mah.

Kuring ditarima kalayan daria. Ma'lum kakarak pangih harita. Kuring merhatikeun ti luhur sausap rambut ka handap sausap dampal. Jelamana bangunna keur ngorana kasép, ngan dedegan Amang téh asa mirip jeung lalaki anu tadi ngubaran kuring, buukna sarua galing. Tapi panyangka éta teu lila nyangkaruk dina pikiran.  Manehna ngajak gobrol ngalér ngidul ngeunaan jujutan rundayan kulawarha Cidamar. Kuring ngaregepkeun baIndit teh ngahaja rebun-rebunn kénéh.  Méméh panon poé meletèk, rérés salat subuh, motor geus ngadius mapay jalan raya, ngidul ngajugjug ka lembur anu can perenah nincak. Nyaho ngaran wungkul téh lain bohong. 

Kuring ditarima kalayan daria. Ma'lum kakarak pangih harita. Kuring merhatikeun ti luhur sausap rambut ka handap sausap dampal. Jelamana bangunna keur ngorana kasép, ngan dedegan Amang téh asa mirip jeung lalaki anu tadi ngubaran kuring, buukna sarua galing. Tapi panyangka éta teu lila nyangkaruk dina pikiran.  Manehna Ngobrol ngalér ngidul anu brasna kana nepikeun jeung méréskeun amanat ti Bapa anu tos taya dikieuna. Paromanna ngadadak robah waktu kuring ngasongkeun amplop titipan ti ema., da geuning caritana sarua jeung anu dinge=Indit teh ngahaja rebun-rebunn kénéh.  Méméh panon poé meletèk, rérés salat subuh, motor geus ngadius mapay jalan raya, ngidul ngajugjug ka lembur anu can perenah nincak. Nyaho ngaran wungkul téh lain bohong. 

Kuring ditarima kalayan daria. Ma'lum kakarak pangih harita. Kuring merhatikeun ti luhur sausap rambut ka handap sausap dampal. Jelamana bangunna keur ngorana kasép, ngan dedegan Amang téh asa mirip jeung lalaki anu tadi ngubaran kuring, buukna sarua galing. Tapi panyangka éta teu lila nyangkaruk dina pikiran.  Manehna ngajak ngobrol ngalér ngidul nyaritakeun rundayan Cidamar. Kuring ngaregepkeun bari suku mah nyanghunjar da puguh tuurna donglak. 

MIndit teh ngahaja rebun-rebunn kénéh.  Méméh panon poé meletèk, rérés salat subuh, motor geus ngadius mapay jalan raya, ngidul ngajugjug ka lembur anu can perenah nincak. Nyaho ngaran wungkul téh lain bohong. 

Kuring ditarima kalayan daria. Ma'lum kakarak pangih harita. Kuring merhatikeun ti luhur sausap rambut ka handap sausap dampal. Jelamana bangunna keur ngorana kasép, ngan dedegan Amang téh asa mirip jeung lalaki anu tadi ngubaran kuring, buukna sarua galing. Tapi panyangka éta teu lila nyangkaruk dina pikiran.  Manehna Ngobrol ngalér ngidul anu brasna kana nepikeun jeung méréskeun amanat ti Bapa anu tos taya dikieuna. Paromanna ngadadak robah waktu kuring ngasongkeun amplop titipan ti ema.mIndit teh ngahaja rebun-rebunn kénéh.  Méméh panon poé meletèk, rérés salat subuh, motor geus ngadius mapay jalan raya, ngidul ngajugjug ka lembur anu can perenah nincak. Nyaho ngaran wungkul téh lain bohong. 

Kuring ditarima kalayan daria. Ma'lum kakarak pangih harita. Kuring merhatikeun ti luhur sausap rambut ka handap sausap dampal. Jelamana bangunna keur ngorana kasép, ngan dedegan Amang téh asa mirip jeung lalaki anu tadi ngubaran kuring, buukna sarua galing. Tapi panyangka éta teu lila nyangkaruk dina pikiran. 

Amang galecok ngobrol ngeunaan rundayan, turunan Cidamar. Kuring ngaregepkeun bari suku mah nyanghunjar, apanan tuurna donglak. Bérés Amang ngaguar carita anu kurang leuwih sarua jeung caritaan Bapa. Kuring ngasongkeun amplop titipan ti ema, anamah ti almarhum.

Katingali pasemonna robah waktu kuring ngasongkeun amplop. Kahartina ku kuring mah, pastina gé sedih narima rezeki saeutik ti almarhum Bapa. Teu ditanya, bisi matak nyuat-nyuat nambah kasedihna. 

Méméh asar, kuring ménta do'ana réki balik deui ka Cianjur, kahayang mah nepi méméh isya. Bari nangtung, Amang ngasongkeun amplop ka kuring, halon pisan nyarita, "Bral miang anaking, ieu amplop bawa balik deui ku hidep. Duitna katarima ku amang, ngan amang méré ka hidep. Gunakeun ieu duit sakumaha mistina. Amang iklas, sakumaha iklasna baheula mikeun indung hidep ka bapa hidep."

Kuring ukur calangap. Naha Bapa ngarebut kabogoh adina? Naha ema teu pernah nyaritakeun pasualan éta. Paingan ema jeung bapa tara menggihan amang, paingan amang teu boga pamajikan.  

Reuwas, bari campur bingung. Reuwas ku sajarah turunan Cidamar anu geunig aya nu dibunian, jeung  geus kabayang ema bakal nganggap kuring teu bisa diplomasi nepika duit balik deui. Ema bakal nyarékan bébéakan naha maké narima duit amanah. Kuring teu bisa nolak, haté téh siga nu nyarita kudu narima éta duit ngarah amang teu ngarasa kuciwa.

Tungtuna kuring ngasupkeun deui amplop kana rangsel. Tuluy baé uluk salam, ngahurungkeun motor. Alhamdulilan amanat ti indung geus réngsé najan balikna jadi matak lieur ka kuring sorangan.
Biur baé muru balik, bari teu poho rék nyimpang heula kanu nulungan. 

Mawa motor téh leuwih anteb dan geus apal jalan. Pating beledugna sora ombak Sindang Barang siga nu nganteur kuring mulang. Kuring rurat rérét bari motor rada dilaunan néangan imah anu tadi isuk nulungan kuring. Sakilo-dua kilo, Sindang Barang ampir béak, naha imah téh si ibu jeung si bapa téh euwuh. 
Piraku kaliwat mah, apan kuring inget lebah-lebahna. Panasaran, lebah tikungan, kuring eureun, terus alak-ilik.

Gebeg. Katingali aya  sababaraha dahan Ki Dadap nu geus garing, jeung jujukutan nu ogé sarua geus garing. 
"Milarian naon Néng?" ceuk sora anu jolna ti tukangeun kuring nanya.
"Ieu Pa, tadi abdi ditulungan ku si ibu oge carogéna, bumina di dieu pisan." 
"Ah teu aya nu linggih di dieu mah Néng, sugan éta mah kanyaah ti Éyang Ibrahim, anjeunna jalmi luhung élmu, ma'lum turunan Cidamar, saguru pan sareng rayina, Baping Amsor. Makamna di palih ditu Néng, di kuburan karamat, caket ti dieu mah."

 Kuring ngarumpuyuk.