Tuesday, November 26, 2019

SMAN 1 Baso Kabupaten Agam

Mendapatkan tugas pendampingan ke SMAN 1 Baso Kabupaten Agam mengingatkan pikiran ke SMAN 1 Koto Salak yang juga sama- sama berada du Sumatera Barat. Bedanya, arah. Dari Bandara melewati SMAN 1 Bukittinggi,  Istana .... barulah sampai ke SMAN 1 Koto Salak.  
Kalau ke SMAN 1 Baso menempuh jalan yang berlawanan (cek google map untuk arah)

Perjalanan dimulai dengan naik motor dari Cianjur ke Bogor.  Memakai motor karena jika memakai bis akan lama, memakai mobil sendiri,  tidak punya.  Pada saat saya berangkat SMAN 2 Cianjur, tempat saya mengajar mendapatkan pendampingan juga dari lbu Wiwik dan lbu Apon.
Rencana berangkat pukul 6. Dan rencana selanjutnya naik kereta api sampai ke Manggrarai, dari sana naik MRT ke bandara. 

Di SMAN 2 Cianjur bisa diintip kesibukannya. Rafli sudah menjerit dari WA meminta anak-anak segera datang karena Bu Meli sudah ada di pojok literasi.  Saya sudah ganti namanya opem acccess tapi tidak laku. Guru2 lain tetap menyebutnya pojok literasi. Pojok yang mojok, maknanya terasa kurang elegan.



Sunday, November 3, 2019

Patepung lawung jeung pendamping

Poé Salasa asana, eusi grup Cawas pating koréjat. Aya surat ti Bu Eha,  lbu Kasi, eusina ngumumkeun saha diaping ku pengawas mana. Beja nu mimiti, batal, teu laku. Nu laku beja nu panganyarna.


Poé Senén 19 Nopember 2019 papanggih deui jeung pendamping anu  babak kadua di SMAN 2 Cianjur. Saperti nu geus kaliwat baé,  acara di mimitian tabuh 12. Padahal geus ngumumkeun dina WA lamun kumpul jam 8. Atuh kudu ngarobah pengumuman. 
"Tong hilap kempel di KCD tabuh 12an," kitu kuring ngabéjaan ka grup Cawas Kan Cianjur. Méré angka tabuh 12 téh angkeuhan pendamping datangna tabuh 8 isuk-isuk. Ari pék cenah hayang tabuh hiji. 
Kuring ngasms ka Pa Kasi ngabéjaan robah waktu. Bérés ngabéjaan PA kasi, buru-buru ngabéjaan nu di grup.  Ka nu di sakola mah teu ngabéjaan,  keun wé da anger engké ogé jadina mah ka sakola- sakola kénéh.  
Meunang rohangan Komiteu sakola keur riungan lain meunang gampang, lain cai atah. Meunang koordinasi ka ditu ka dieu, ngayakinkeun si itu si ieu. Lamun ceuk urang mah paké wé rohangan kosong mah da lain milik sasaha.  Teu bisa kitu panan.
"Kudu bébéja ka si anu, bisi si anu anu anu, engké jadi anu anu." Intina mah ngomong ka ditu ka dieu nu teu perelu siga kitu lamun hirarki komando jelas.