Pages

Tuesday, March 31, 2026

Pileuleuyan Pa Rustan jeung Mariksa Ijazah di Polres

Ngariung di kantor KCD,  dipingpin ku Kasubag. Di tengah-tengah M ningalkeun riungan sabab kudu mariksa ijazah calon bintara, tamtama, Akpol, di Polres jeung Bu Agusriati.

Dina waktu nu sarua, sanggeus ngariung para pengawas ngajugjug kolam renang Pa Eden rek mileuleuyankeun Pa Rustan nu pangsiun 1 Maret 2026 kamari.
M mah teu bisa ngaluuhan da ka Polres tea.

Tim nu mariksa Rikmin (pemeriksaan administrasi) 

Di tengah-tengah keur mariksa aya operator SMA Dar El Fikri, Bu Mita, nandatanganankeun SPTJM.

Ngimpi Salaki Bisa Ngagorolang Ngagunakeun Mantra Buda

Katingali loba jelema keur bébérés. Cenah mah anak bupati nu lalaki rek kawin, rek aya hajat gedé. Tatangkalan diberesihan, lahan-lahan diurus, pikeun tempat hajat sangkan alus.
Kacaritakeun kuring. Neangan baju. Euleuh geuning baju hideung ipis teh aya dina tas, numpuk ngagulung kana rodana. Dinedol, arioek jadi saperti aya tilu baju hideung. Terus we bajuna diberesan. Geus kitu indit kana mobil. Supirna salaki kuring sorangan. 

Eta salaki. Mawa mobil siga nu teu nyaho jalan. Bras ka jalan nu batuan. Milihna teh nu batuna ngajegir, der liwat ka dinya, maju deui, milih jalan nu loba hahalangma. Anu ahirna bras ka tempat nu tadi diberesihan keur hajatan anak bupati tea. Mobil teh cicing, teu maju. Jalan fi hareup heureut, kuring mikir. Ieu rek kumaha liwatna. Katempo aya lalaki tengah tuwuh mulungan régang -regang gararing, dikumpulkeun terus dipindahkeun ka sisi jalan.  Jalan jadi neresih tina régang. Jol deui régang, geus dibeungkeutan malah. Dipindhahkeun ngarah teu di jalan. 
Srog mobil nu ditumpakan ku kuring maju. Kuring di jero mobil posisina sare di tukang, make alas plastik.
Asna bras jadi ngaliwatan rumah makan. Kuring jadi leumpang, katingali aya budak awéwé nu ngaladangan warung. Budakn teh berseka pisan. Ari salaki leumpangna karah ka sawah. Pokna rék dahar. Ku kuring disampeurkeun. Manéhna turun ka sawah, néangan tempat keur dahar bari diuk. Kuring nyampeurkeun, dina galengan, bari ditilmaan di palastik, embung kotor. 
Teu lila jol katingali loba barudak nonoman di beulah katuhu kuring, dariuk ngaronom.
Aru salaki nu cenah nyebutkeun rek dahar kalahka ngagorolang maca mantra budha. Leungeunna salaki siga ngajak sasalaman ka sasabaraha nonoman tadi. Ditarima sasalamanna ku sababaraha nonoman. Bari terus salaki teh ngagorolang maca mantra. Kuring rada ngadeukeutan ka salaki terus narima sasalaman oge. Geus kitu, salaki beunta siga nu teu sadar atawa aya nu nyurup nepika manehna bisa ngagorolang maca mantra. Beungeutna luut leet ku kesang. Manéhna ngomong nu nandakeun yén manéhna teu sadar tadi ngagorolang maca mantra. Sanggeus eta kuring duaan indit. Hufang weh. Ampir jam 2 peuting. 

Monday, March 30, 2026

Mimiti Gawe Deui

 Poe ieu dimimitian ku nempo ka kamar budak, bisi cai tina AC luber dientep. Aripék caina nga aya satengah ember. Keun heula we diantep. Engke sore rek dipake ngepél. Budakna ngangluh baé cenah nyareri awak. Duka pedah memang keur teu sehat, da katingalina pilek budak téh, duka tina akibat tina Covid. Panan kuring ogé sarua nyareri awak, nyeri nu datangna sanggeus divaksin Covid.

Terus M nandatangan SPTJM SMA Nurul Jannah. Muridna ngan aya 64 urang. Sakola nu kompleks urusanna. Pihak yayasan nyosok jero teuing kana urusan sakola, jadi KSna teu bisa gerak. Teu boga guru PKWU cenah. Guru nu aktip ngan Pa Yeyen. Bu .., Pa Iman, jeung KS.

M miluan zoom halal bihalal, join kaluar asup da teu acan der baé. Asup jam 9.45, can dimimitian, kaluar deui. Join deui jam 10, acan keneh. Kalah ka aya budak SMA ngawih basa Inggris, asa teu nyambung jeung acara halal bihalal. Tapi meureun geus usumna kitu kiwari mah. Ngawih teh asal der we, keun we konteksna mah teu dipikiran. Asal viral we.

M ngala jambu Bol ti tukang. Di tukang barala kacida, terus aya cai ti solokan, bocor jadi ngembeng, cebrék. 


M miluan deui zoom halal bihalal provinsi, daring. Eusi halal bihalalna:

Kahiji, menta hampura loba dititah. Gawe kudu beres sapoe, dua poe, wayahna dibeberik ku target kinerja. Sakola nu didatangan, pék oméan nu tacan benerna. Ieuna kudu kitu, ieuna kudu kieu. Aya carakana nu teu wauh ka kepala dinas. Keun we, jadi nyaho sacara otentik kumaha sakola. Tujuanna ngarah sakola jadi terstandar.

Kadua, keur dijieun Pedoman standarisasi buang sampah, mengalirkan air, menata bangunan, pohon yang harus ada di sekolah. 

Katilu, sanggeus paham job deskripsi, aya pangaruhna teu?


E dahar cau goreng. Cenah teu rasaan. Teu amis. Jadina dahar oseng kentang, wortel, kacang buncis.



Sunday, March 29, 2026

Tidak benar-benar kenal

Saya tidak sempat menanyakan seperti apa kehidupan ibuku di masa kecilnya. Dengan siala dia bermain atau apakah dia memainkan boneka.
Saya juga tidak sempat menanyakan seperti apa masa remajanya. Siapa teman sekolahnya. Siapa guru kesukaannya atau pelajaran favoritnya.
Saya juga tidak sempat menanyakan kenapa dia menikah dengan bapakku yang duda beranak tujuh.
Saya mengira saya kenal lbuku. Ternyata, tidak.
Saya tahu ibuku hanya sebagai ibuku saja. Tidak kukenal dia dalam sosok lainnya.


Anakku mungkin akan sama. 
Mereka tidak akan mengenalku selain sebagai ibunya. Ibu yang menyediakan sandang, pangan, papan, menyekolahkan. Mereka tidak sempat bertanya apakah masa kecilku bahagia, masa remajaku sempurna, masa rumah tanggaku sakinah. Mereka tidak tahu.
Mereka hanya tahu seperti apa yang kutahu tentang ibuku. "Mengenalnya sedikit, kemudian sebagian besarnya, tidak kenal."

Itulah kisah manusia biasa. Hanya dikenal semasa hidupnya saja. Segera setelah dia meninggal, semua tentangnya ikut terkubur.


Spectre

James Bond berusaha menyelesaikan masalah maa kecilnya. Dia dipanggil Cucko oleh kakak angkatnya. Kakak angkatnya memandang James Bond sebagai penyebab ayahnya dia kehilangan kebahagiaan masa kecilnya. 

Wednesday, March 18, 2026

Miidea

Hartono, Bandung, dekat gedung saté 
AC 4,399,000
Asuransi 99
Bensin 200
Jajan 36


Friday, March 13, 2026

Listrik

Kaitung sapoé makena Rp10.000
Tanggal 6 Maret 2026 meuli Rp50.000, admin Rp3.000. Tanggal 13 Maret 2026 geus nit-nitan, disada. 

Biasana meuli listrik teh Rp500.000, jadi teu karasa kabeberik méteran listrik. Ngan kaayaan finansial kiwari keur museur ka nu kuliah jeung nu diajar melak kentang, duit nu aya, kabéh kaceot ka dinya. 

Anu kuliah mah puguh 100% ngandelkeun indung. Nu melak kentang oge, teu jauh béda, ngandelkeun pamajikan. Tacan bisa mandiri. Masih kénéh lalanyahan, diajar macakal. 

 Lamun ningali kana kawani ngamimitian jadi patani, kaitung hadé. Tina teu nyaho kana élmu melak kentang, jadi boga pangalaman sorangan. Aya nu ngabingbing ku nu geus pangalaman, Caca, jeung aya batur pananyaan, Gemini, AI. 

Kamari kapanggih angka ngarojong teh Rp12.500.000 keur dina sajero tilu bulan. Hartina mun dirata-ratakeun: sabulan dikiriman 4 juta, saminggu kudu méré sajuta. 

Alhamdulillah melak anu kalima geus ngamimitian katempo untung-rugina. Sok sanajan nyolong badé. Disangka bakal meunang 50.000 knol, buktina 34.750 knol, buruk 2.000 knol. Jadi duitna 34.300.000.

Langsung dipotong bank 3.500.000.
Ieu diantara rarancangna:

Bayareun sareng pesereun kanggo melak kapayun. 
Ieu oge seueur anu teu cios dipeser da hasil panenna kurang. 
Daftar pesereun anu dicansel diantarana:
1. Cocopeat 300 karung, nilaina 3jt. 
2. Selang kanggo mesin Sanchin Power Sprayer 100 meter, nilaina 2,5jt
3. Awi 100 batang, jadi ngan beli sekitar 25 batang. 
4. Karung kanggo polibag stroberi 250 karung nulaina 625rb.
5. Sprayer gendong baru, nilaina 600rb.
6. Insect killer, nilaina 400rb.
Kira-kira kitu. 

Ieu daftar bayareun:
1. Bibit tilas melak penanaman ke 4 kamari 7jt. 
2. Bibit kanggo melak penanaman ka 5 ayeuna 10jt, dibayar heula 5jt, sesana dibayar pami panen. 
3. Beli pupuk tambahan 1jt. 
4. Beli fungisida sareng insektisida 1,5jt. 
5. Cicilan bank BRI 3 bulan kedepan perbulan 3,05jt. 
6. Ganti oli si Baranahan 600rb.
7. Ngome si Vario 150rb.
8. Jeung sajabana dugi ka tiasa panen deui. 
Tah urang sasarengan ngadu'a mugi-mugi kapayun melak di SHu hasilna tiasa diatas 50rb knol bibit G0, sareng melak di lapangan (diluar SHu) hasina tiasa lebih dari 3 ton bibit G2.

Listrik nu biasa meuli 500 rebu, jadi 50 rebu.