Pages

Monday, June 23, 2014

Hail

 “Tomorrow is going to hail” (besok akan hujan es), itu kata seorang penjaga toko ketika saya masuk ke tokonya dengan tubuh menggigil. Cuaca di luar toko terasa sangat ekstrim bagi kulit Indonesia yang hanya mengenal musim hujan dan panas.Kalimat yang diucapkan pemilik toko sepatu UGG terdengar seperti “Tomorrow is going to hell”.

Segera setelah saya membeli beberap suvenir, saya meninggalkan toko, kembali bergabung dengan rombongan. Di dalam bis, tidak terasa terlalu dingin. Waktu menunjukkan pukul 5 sore. Saya turun dari bis, berhenti di King William Street dan berjalan mencari Grenfell Street pemberhentian bis T2 atau U2 agar saya bisa pulang ke rumah induk semang. Sore terasa menakutkan. Angin berhembus sangat kencang, kering, merobek kulit wajah. Saya bersembunyi dibalik tembok bangunan diseberang Rundall Place. saya melihat ada empat orang menunnggu pada bus stop yang sama. hampir 15 menit, bis nomor H32 belum juga datang. Saya akan menuju Hanley Beach Road.

Hampir putus asa menunggu, akhirnya bis datang juga. Jam 5.30, terlihat seperti pukul 7.30 malam di Indonesia, gelap, tidak banyak terlihat orang lalu lalang. Toko-toko telah tutup sejak jam 5 sore. Bis tiba di bus stop no 15 Henley Beach Road, saya turun dan terasa angin lebih kuat menusuk-nusuk pori-pori.

Saya berjalan sekuat dan secepat yang saya mampu. Udara di sini terlalu berat bagi tubuh saya. Saya berusaha menguji kekuatan tubuh, namun tidak mampu. Tubuh dengan tiga lapis baju, tidak mampu membuat tangan dan kaki lepas dari kaku.
jam 8, saya berusaha tidur. Kamar dengan tanpa penghangat ruangan terasa seperti berselimut es. Dingin. Tiba-tiba angin bergemuruh dengan kencangnya. Saya membayangkan pastilah itu hujan. Namun untuk ukuran hujan, terlalu berisik. Hujan ini terlalu riuh rendah menepuk-nepuk jendela seperti melemparkan kerikil-kerikil kecil. Rupanya itulah hail.

Esok harinya ketika saya lewat jalan hendak menuju sekolah, terlihat batang-batang pohon berserakan di sepanjang jalan. Angin dan hail semalam telah membuat dahan-dahan dan ranting-ranting kecil rontok. Air menggenang di pinggir jalan. Pagi terassa dingin dan saya hampir tak kuat menahan dingin. Syal saya tutupkan pada mulut dan sebagian wajah. NAmun angin dingin musim winter Adelaide ini sangat hebat dalam membuat saya berjalan limbung.
Saya coba melindungi diri dengan payung. Rupanya payung pun tidak bayak menolong. Anginnya terlalu kuat, payung hampir terbang, saya beradu tenaga dengan angin. saya putuskan payung yang harus kalah.

Ada sesuatu yang menarik dari winter tanpa salju ini. Untuk melindungi kepala, ada seorang nenek-nenek mengenakan penutup kepala, dilapisi dengan penutup kepala terbuat dari plastik. Sebuah ide kreatif untuk melindungi kepala dari hujan.
Hujan pada winter pun menarik. di Indonesia hujan turun bisa berjam-jam seperti gadis nangis dan merajuk. Di sini hujan datang bersama angin, terlihat butiran-butiran air beterbangan. Kemana arah air itu melaju, terlihat jelas. Hujannya sebentar, anginnya tiada henti.

Bagi mereka yang belum tahu hail. Menikmati hail akan tidak jauh dari hell.

Saturday, June 14, 2014

Dear Miracle (1)

 Dear Miraacle,

Hari ini Mama berangkat menyerahkan map berisi lembaran-lembaran kertas yang menunjukkan bahwa Mama siap mengikuti seleksi Guru Magang ke Austrlia kepada Dinas Pendidikan Kabupaten Cianjur. Dalam map ini Mira akan melihat surat Izin suami, surat izin dari Kepala Sekolah, sertifikat TOEFL dan Esay yang menjelaskan mengapa Mama ingin pergi ke Australia. Mira mungkin merasa bingung mengapa harus ada surat izin suami. Well, untuk yang bersuami, izin pergi menjadi penting karena Mama akan pergi dalam waktu yang agak lama, katanya sekitar 21 hari. Maknanya Mama off berperan sebagai istri selama tiga minggu. Selanjutnya, izin dari kepala sekolah juga penting, karena Mama bekerja sebagai pegawai negeri dan orang yang ditunjuk pemerintah sebagai manajer sekolah adalah principal (kepala sekolah), dengan demikian izin darinya menjadi pernyataan yang menjelaskan kenapa Mama tidak bekerja sebagai pendidik selama 21 hari. Sedangkan TOFL dibutuhkan untuk menunjukkan bahwa Mama melek Bahasa Inggris. Australia merupakan negara native untuk bahasa Inggris maka peserta magang harus mengusai keterampilan berbahasa Inggris agar dapat berkomunikasi sekaligus mengkomunikasikan semua ide-ide pendidikan yang menjadi tugas Mama.

Mama mendengar bahwa tidak ada seleksi di tingkat Kabupaten dan ini tentu saja menguntungkan karena peluang Mama menjadi besar. Walaupun tidak ada seleksi, Mama tetap merasa khawatir. Kekhawatiran ini didasarkan pada kenyataan bahwa Mama tidak dapat memenuhi persyaratan pertama sebagai calon peserta seleksi, yakni pada 1 Desember 2013 berusia tidak lebih dari 45 tahun. Mira tahu usia Mama kan? Expired. Namun Mama akan mencoba ikut saja, siapa tahu keberuntungan ada di pihak Mama.

Map Mama telah diterima oleh orang disdik, Mama harus menunggu sampai ada pemberitahuan dari disdik provinsi apakah Mama lolos atau tidak.
Wish me luck,
Lots love
Mommy

Wednesday, May 14, 2014

KABEURANGAN

 Istilah kabeurangan bisa boga harti nu beda-beda gumantung ka saha nu makena. Pikeun nu sare, mun hudang leuwih beurang tina jam nu geus direncanakeunna, nya disebutna kabeurangan. Pikeun nu geus ngarencanakeun datang kana hiji kagiatan, aipek datang leuwih melar tina waktu nu geus ditangtukeun, eta ge kabeurangan. Sabab musabab kabeurangan rupa-rupa. Lamun nu sare bisa kulantaran kelepasan, nepika poho waktu hudang. Pikeun nu ngarencanakeun ngadatangan hiji tempat atawa kagiatan, alesanna nyakitu oge loba rupana. Contona bae kuring. Kamari ngalaman kabeurangan, akibatna teu bisa miluan kagiatan, akibat nu leuwih jauhna deui, leungit kasempetan. Urang tingali deui naha kuring bisa kabeurangan, padahal kuring kaasup jelema nu on time jeung kacida ngahargaan kana waktu.

Poe Senen, tanggal lima
Aya nu ngajak nyarita. Pokna teh,’Ibu Alhamdulillah urang kacandak kana calon Instruktur, nu lebet ti sakola urang mah panginten abdi, Ibu, sareng Pa Suratmaja’. Kuring seuri, asa teu percaya bisa asup kana calon Instruktur. Keur ngurangan kareuwas, kuring nanya iraha kira-kira mimiti latihan instruktur di mimitianna, manehna ngajawab kalayan ngayakinkeun nyebutkeun tanggal genep belas. Kuring nyusul ku pertanyaan nu kadua, naha bet tanggal sakitu. Jawabna teh ngarah guru keur teu sibuk ngajar. Kuring nyatet dina hate, lila keneh geuning latihan jadi instruktur teh, sabelas poe deui ti ayeuna. Kuring ngarasa yen eta informasi teh cukup, kuring teu nanyakeun timana manehna meunang eta informasi, siga kumaha bentuk suratna, atawa hal-hal lain nu aya kaitanna jeung gamblangna eta informasi.

Poe Salasa, tanggal genep
Kuring gawe fokus mingpin kagiatan lomba debat basa Inggris tingkat kabupaten. Ti Senen sore pikiran teh geus ngamimitian maca naon nu kudu dipigawe isukan. Mun kudu mere sambutan, meureun kudu mantes basana jeung eusina. Mun ngondang Kepala Seksi, Kepala Bidang Pendidikan, PJB Basa tingkat SMA kudu buru-buru ngasmsna, bisi surat mah teu kaburu kabaca. Kuring ngasms ka jalma-jalma penting nu disebutkeun bieu. Teu pati mikiran naha dijawab atawa henteu sms kuring ku maranehna, kuring ngarti, yen maranehna pastina ge sibuk, ngurus itu-ieu nu leuwih kudu tiheula digarap, moal ieuh ngahaja mukaan jeung ngabalesan sms.

Isuk-isuk kuring geus indit ka tempat debat, barang jol ketua pelaksana kegiatan geus cuh cih dibantu ku dua urang guru nu nangtung di bagian daftar ulang. Kuring mastikeun ka ketua pelaksana nepi kamana kasiapan kegiatan poe ieu. Jawabanna pikabungaheun, sadayana tos siap cenah. Ti mimiti keuangan tos cair, ATK tos siap, juri tos aya sabagian. Teu lila, pejabat nu kudu ngahadiran geus datang. Acara dibuka jam 7.30. Jam 9an mimiti case building pikeun ronde kahiji. Tim kompak garawe, kaasup kuring, milu ngajurian. Ti ronde ka ronde, kagiatan debat kaitung lancar. Perkiraan waktu rengsse oge teu pati jauh tina irongan. Acara dua poe disapokeun, tangtuna ge mola bias beres beurang-beurang, kitu we logikana mah. Acara beres jam 10 peuting. Balik ka imah, lungse kacida. Teu mikiran itu ieu, dug bae sare.

Poe Rebo, tanggal tujuh
Jam genep leuwih saparapat
Kuring geus kencling indit ningalkeun imah, niat rek ka gawe. Loba pigaweeun nu tacan rengse. Salah sahijina tacan nyieun kisi-kisi soal jeung kartu soal keur ulangan kenaikan kelas lintas minat. Kuring nyekel dua kelas lintas minat. Naha ngaranna lintas minat, eta mah aya hubunganna jeung kurikulum anyar nu diterapkeun ka sakola-sakola di sakuliah Indonesia beubeunangan pamikiran mentri Muh. Nuh. Nepika ka sakola, tacan pati loba guru nu hadir, katingal guru nu meunang tambahan tugas wakasek humas jeung kesiswaan nu geus guntreng ngobrol di ruang guru. Keur nunjukkeun kuring hormat ka eta pejabat sakola, kuring sasalaman. Geus kitu mah der we kuring ngamimitian muka buku, milihan pibahaneun soal. Anteng we.
Jam 8
Aya sms ti babaturan, pokna ‘Ibu naha teu kadieu? Cobi cek ka LPMP sareng ka Dinas, name Ibu aya dina absen peserta instruktur’. Kuring rada helok, jeung teu pati percaya kana eta sms. Keur mastikeun kuring nyusul ku sabaraha pertanyaan, manehna tandes yen kuring memang geus kacatet aya dina daftar hadir. Ngahuleng we kuring teh. Ceuk manehna, nambahan, acara teh dimimitian poe ieu, tanggal tujuh poe Rebo, ayeuna jam dalapan keur pre-test. Ceuk manehna keneh, sok we kadieu dan tadi ge aya nu dating, ditarima. Manehna nyebutkeun yen tempatna di Sawangan Depok. Hiji tempat nu kuring teu nyaho, jeung wani indit sorangan, kudu menta bantuan salaki pikun ngajajap. Ras inget ka babaturan sakantor nu poe Senen ngajak cacarita. Kuring ngahuleng, euh meureun waktu manehna ngaunggahkeun status dina fesbuk nuliskeun ‘IN’, sihoreng manehna mah geus indit.

Jam 9
Kuring mikiran pilampaheun, naon heul nu kudu dipigawe. Tungtungna kuring nelepon heula pihak panitia kagiatan nu di Sawangan. Ti tungtung telepon kadenge jawaban kieu ,’Ibu hubungi LPMP, meunang teu miluan, sabab acara geus dimimitian’.

Jam 9.35
Kuring nelepon ka LPMP, maksud teh rek nanyakeun, naha bener kuring diutus ku LPMP. Mun enya, pastina ge aya datana di LPMP. Sanggeus nelepon kaditu kadieu, meunang oge ahirna nomer kontak person nu ngurus kagiatan instruktur. Waktu kuring nanya naha bener kuring kudu ngahadiran kagiatan. Manehna ngajawab ngabenerkeun malah nanya sanggup atawa henteu mun kuring indit poe ieu langsung. Ku kuring di jawab siap teu nanaon.
Geus beres kitu mah, kuring balik ka imah, neundeun heula laptop, terus laju ka Dinas rek menta Surat Tugas.

Jam 10.15
Kuring nelepon pihak LPMP deui. Ceuk kuring menta surat ondangan keur kuring. Kirim kana email kuring jeung email Dinas. Ditungguan taya jol wae surat elektronik teh, padahal kuring jeung Dinas perlu pisan. Ceuk manehna indit we, hubungi Ibu E.
Urang Dinas teh rada ngabigeu rek mere surat tugas teh da puguh Dinas teu narima surat pemberitahuan ngeunaan kawajiban kuring ngahadiran ieu kagiatan. Ngan ku kahadean Kasi, surat teh dijieunkeun. Teu ditelek-telek dan rarasaan teh kudu buru-buru indit. Memeh ningalkeun Dinas, Ibu Kasi pesen nitip surat keur ka sakola kuring. Cenah aya surat nu kudu ditepikeun ka KS kuring. Kuring teu mondah, mangga we, sakalian kuring rek sasadu menta ijin indit ka KS. Ibu Kasi nelepon KS kuring ngabejaan yen surat dititipkeun ka kuring. Kuring ngaharewos, sakalian pangbejaankeun KS mun kuring kudu indit nyumponan ondangan.
Samemeh indit ka sakola kuring nelepon pihak panitia deui. Ari jawabna cenah manehna teu bisa mutuskeun naha kuring kudu datang atawa henteu. Manehna ngaku sakadar pelaksana, ceuk manehna coba hubungi Ibu K salaku penanggung jawab kagiatan. Dicobaan dihubungi eta Ibu K teh, sanggeus tilu kali dicoba, dina waktu nu beda-beda, teu ngajawab wae, kuring teu nelepon deui. Meureun keur sibuk, teu bisa narima telepon.

Jam 12.17
LPMP ngasms cenah surat elektronik ondangan teh tos dikirim. Kuring coba muka, tapi taya surat nu asup. Pikiran teh meureun tina hape mah leuwih lemot katarimana. Kuring ngadius ka sakola. Make motor teh ngabiur we, teu luak lieuk asa reuwas barang ningali kecepatan, kuring mawa motor leuwih tarik batan biasana. Waktu datang ka sakola, KS keur ngobrol, duka jeung saha. Kuring nunggu heula. Tapi teu lila KS ngagero manggil kuring. Ngobrol sakeudung, intina KS mere idin pikeun indit. Ku sakitu ge geus cukup keur bekel indit. Keur kuring mah sacara pribadi, teu babari meunang idin ti KS teh.
Kuring ngoprek hape, sugan we surat ti LPMP teh bisa kabuka. Lapur. Kuring beberes, mawa pakean tilu potong keur salila milu kagiatan jero 7 poe.

Jam 14.
Aya tamu nu menta buku elektronik nu kabeneran kuring bisa ngadonlod kalayan gratis. Aya 14 buku elektronik nu husus ngabahas pendidikan karakter. Kaasup aya handbookna nu jumlah kacana aya 624. Ieu buku-buku teh kacida pentingna keur tamu nu keur nyuprih elmu S3 Pendidikan Umum. Kuring nunjukkeun sacara singet nyokot tina judul buku ngeunaan kira-kira eusi bukuna naon.
Tamu ngajelaskeun yen manehna hayang karakter nu aya kaitan jeung pengajaran ilmiah. Kuring teu apal kana eta spesifikasi, samemehna ukur nangkep kecap pendidikan karakter wungkul.

Jam 16
Dianteur ku salaki kuring indit make motor, itungan, mun kana mobil bakal leuwih lila, macet. Motor ngadius ngaliwatan Cipanas. Kulantaran motor teh geus kolot jeung diepeleter makena, dina tanjakan teh ripuheun. Ngadudud we, nepika Puncak mimiti kabut, memeh Ciawi, breg hujan gede. Mangkaning teu boga jas hujan (matak teu mawa jas hujan). Ngiuhan heula, kadenge hawar-hawar adan magrib. Kuring jeung salaki kuring mucicid sisi Alfamart, nungguan hujan raat. Dikersakeun, hujan teh lila. Rek maksa indit huhujanan, moal hade da hujanna badag pisan. Sanggeus bosen nangtung, nungguan hujan, hujan teh ngaleutikan. Kuring indit deui, bari susuganan di jalan aya nu ngajual jas hujan. Kabeneran samemeh awak jibrug pisan, aya toko nu ngajual jas hujan dua kepala, nya meuli we da butuh kacida.
Kuring maju deui, asa teu nepi-nepi iinditan teh. Jauh kacida. Bogor geus beak, maju ka Depok. Tunyu tanya sugan aya nu apal kana alamat nu ku kuring rek dituju, rungah ringeuh nu ditanya teh bangun teu nyaho. Tungtungna maju we nuturkeun insting. Geus waktuna mah kapanggih oge.

Jam 21
Kuring nepi ka bangunan tempat pelatihan. Ku satpam dititah neangan bangunan Nusa. Belenyeng kadinya, ucul-ucul jas hujan, awak baseuh kabeh. Barang nanya, cenah, kudu ngadatangan bangunan Rama dekeut koprasi. Kencling deui kuring indit. Tempat latihan teh lega pisan. Matak sasab. Nepika bangunan Rama, uluk salam, jempling.
Tungtungna kuring ngahubungi babaturan nu ngasms. Manehna nitah sare we heula, lapor ka panitia mah isuk we. Kuring teu nurut, asa teu puguh, ujug-ujug nginep bari taya idin ti panitia.
Sanggeus tatanya, aya nu nunjukkeun asup ka ruang tempat pelatihan. Kuring eces ningali ngaran kuring aya di ruang A. Ceuk peserta teh, teangan we di ruang Sartika, aya tutor, sugan apaleun panitia ayana dimana. Kabeneran tutor teh aya, malah nelepon panitia. Tina obrolan nu ukur kadenge sawareh bangun-bangun panitia teh embungeun narima kuring.
Ahirna kuring dititah ka Ruang Shinta, cenah didinya aya panitia. Kuring muru kadinya, awak asa heuras, tiris jeung cangkeul ngahiji jadi leumpang teh asa teu nincak.

Jam 21 leuwih
Kuring ngobrol jeung panitia. Nanya we naha bias milu atawa henteu. Panitia teh karunyaeun ka kuring dnu geus kukucrut nepi ka dinya. Pokna teh ,’tadi siang ketika Ibu menelepon, saya langsung membicarakan ini dengan bapa kepala bagian. Beliau malah langsung menjelaskan kepada Ibu E dari LPMP bahwa Ibu tidak bisa mengikuti kegiatan ini karena telah terlambat (kabeurangan).’
Sanggeus jelas teu bisa milu, Kuring ngobrol ngaler ngidul jeung panitia, sakadar nunjukkeun yen kuring datang teh kulantaran dititah ku LPMP, jeung nempokeun yen kuring mah teu nanaon teu bisa milu ge.

Jam 22
Kuring saged make jas hujan deui. Geuleuyeung kana motor, balik.
Nepi ka imah jam 2 subuh.
Ieu pangalaman sapoe teh kacida mundelna. Loba nu bisa dijadikeun pelajaran. Diantarana bae kudu asak lamun aya beja teh. Ulah cukup ku bejana katarima, cicing we. Alusna susul, pastikeun. Kaduana, kajadian jelem leutik jadi korban, geus lumrah pisan. Dina waktu eta kudu kaalaman ku kuring, kuring nyaho yen, koordinasi antar instansi pamarentah teh keur urusan ieu mah, kurang hade. Kuring nyebut kitu kusabab, jelas kuring kapanggil ku pihak P4TK, tapi ondangan ti LPMP teu nepi ka kuring sakitu nomer hape, alamat email, alamat sakola, no telepon sakola, aya dituliskeun dina lamaran. Katiluna, boga salaki teh penting. Mun seug lain salaki mah, boa moal aya jelema nu daek huhujanan sapeupeuting nganteur kuring bari jeung nyamos. Nu kaopatna, jadi jelema leutik mah kudu sabar. Najan enya oge bisa menta milu kagiatan, tapi tetep posisi jelema nu taya kakuatan mah, kudu ngelehan. Ceuk kolot tea mah, ngelehan we, sugan we Alloh Gusti nu maha suci ngke mere nu leuwih gede batan kagiatan ieu.
Tah kabeurangan kuring, teu direncanakeun, teu diniatan, lain kasalahan kuring deuih. Hasilna, kabeurangan mah ngakibatkeun leungit kasempetan. Intina, ulah kabeurangan we.

Thursday, May 8, 2014

Nungguan Berangkat ka Ustrali

 Pikeun kuring aya waktu dua bulan ti mimiti dibere ‘bekel’ keur indit ka Ustrali kana prungna indit. Eta waktu dua bulan teh tangtuna bae teu karasa lila pikeun kuring mah. Meureun keur nu ngarep-ngarep bari ngitung ti poe ka poe mah, tangtungna bae bakal karasa lilana. Ti mimiti mulang ti tempat pembekalan, pigaweeun geus murudul. Aya wae sanghareupaneun ti poe ka poe teh. Ceuk piwejang di pembekalan mah, nu rek indit ka Ustrali dina waktu musim tiris (Juni-Agustus), kahade kudu nyiapkeun: long jhon, kaos kaki wol, syal wol, baju haneut bulu soang, kupluk, sarung tangan, sapatu bot, jeung rea-rea deui.

Kuring ukur bisa mesem ningali yen loba pisan barang nu kudu disiapkeun (=dibeuli). Ti mimiti nu teu wauh-wauh acan nu kumaha rupana saperti long jhon nepika sapatu bot. Atuh sabarahaeun tah piduiteunna mun kuring meuli, mangkaning boro-boro meuli nu kararitu rupa, keur dahar ge rada ripuh kondisi finasial kuring teh. Tungtungna nya make tarekah we, pikeun baju haneut bulu soang nu cenah mah hargana 1-2 juta. Kuring mah nginjeum we ka babaturan nu asal boga baju haneut. Teu kudu aya bulu soangan ieuh. Lebar temen mun miceun duit 2 juta, ukur dipake sabulan, kadituna eta baju teh diantep. Teu make sense pikeun kuring mah. Sapatu bot, kabeneran aya nu salaki kuring. Kaayaan sapatuna geus matak prihatin. Talapok handapna geus coplok. Sigana eta sapatu teh geus kolot umurna. Eta sapatu teh pamere ti guru kuring, ti saha-sahana mah, duka teuing, guru kuring teu nyebutkeun. Eta sapatu, dibawa ka tukang sol,  diganti talapok handapna. Rupana siga kumaha, ah nya teu pati nyeni ari ditingali ku mata seniman mah. Kamampuan nyeni/senina tukang sol mah semet ‘ngomekeun supaya sapatu aya talapokan handap, bisa dipake, urusan nyeni atawa teu nyeni meureun teu asup itungan’. Pondok carita, sapatu bot teh aya. Logor, eta geus pasti da puguh sapatu lalaki. Ceuk guru kuring mah, kudu latihan make eta sapatu, pan beurat, sigana aya kana 3 kilona mah. Kuring teu openan, keun we beurat ge. Kudu ngarumasakeun ari jalma masakat mah, tong loba kahayang, tong ngareka-reka hayang nu ararendah, kaasup ngalamun make sapatu bot anyar bari hampang.

Pikeun bekel, bisi letah reuwas ku kadaharan Ustrali, ceuk piwejang panitia, mawa we cenah setan-setan (set, ukuran bungkus nu laleutik)  dahareun. Misalna we kecap setan, saos setan, jeung setan-setan lianna. Mawa mih (noodle) oge kudu cenah. Nu disarankeun dibawa teh kayaning saos, kecap, bajigur, bandrek, emih, jeung rea-rea deui. Iwal nu bahanna tina daging, kayaning abon, jeung rendang. Kuring ukur bisa mesem deui we. Aduh kudu sagede kumaha tasna mun kudu mawa pakean, mawa dahareun, mawa laptop, sapatu, jrrd. Kuring mah sigana, moal mawa dahareun, iwal cai keur nginum sabotol mah keur sasayagian salila nunggu di bandara. Kuring rek ngandelkeun pribumi we sapinuhna. Rek dibere roti, dibere kentang, dibere naon bae, salila halal jeung geus galib di dahar ku urang Ustrali, kuring mah miluan we. Keun we ceuk beja ti pembekalan yen dahareun teh teu pati ngareunah, kurang rasa, hambar, ah itung-itung latihan puasa tina ngadahar dahareun nu ngeunah we. Salila ieu ge, kuring mah tara riweuh ku dahareun. Teu manggih sangu sapoe, dua poe, tilu poe, sabulan, sigana moal ngarumas. Naha bisa kitu? Kuring geus biasa dahar nu nyampak. Kuring teu ngudukeun dahar teh kudu sangu. Mun kasampak di imah ukur aya sesa sayur tahu nu diongseng jeung pakcoy, nya dahar eta we, teu disanguan ieuh, wareg. Kuring mah melang ka bapa-bapa nu panggih di pembekalan nu katingal hariwang pisan sieun teu manggih sangu. Pajarna teh ,’aduh abdi mah ripuh, mun teu dahar sangu teh asa tacan dahar, bisa langlayeuseun’. Singgetna, kuring moal mawa emih, atawa setan-setan nu lianna. Keun, ngaranna ge nganjang ka nagara batur, dahar mah narima kumaha disuguhanna we. Supaya kuring teu balanja, euweuh duitna. Sakali deui, jadi jalma masakat mah tong loba ngarep-ngarep dahar ngeunah. Dahar nu aya we, cukup.

Tah salila nunggu waktu piinditeun teh, kuring taya pisan aya hate pikeun bula beuli keur bebekelan di Ustrali. Sabrakna we. Terus, nu lian mah bejana geus rame mareuli oleh-oleh, cinderamata keur pingpinan, dinas, babaturan gawe, jeung kulawarga. Kuring mesem deui. Lamun boga babaturan gawe sa-sakola aya 100 jelema, hadiah keur per jiwa hargana 1 dolar =11 rebu, tah berarti sajuta saratus rebu piduiteunna. Keur pingpinan mah meureun kudu beda. Keur kulawarga, babaturan, dulur, masya alloh, kuring sama sakali teu mampuh nyumponan mere hadiah. Kuring oge dibere saran ku panitia teh, kudu oge mawa hadiah keur host family (indung-indungan tempat kuring ngke cicing di Usrali), keur sakola, keur murid nu di Ustrali ge kudu kaitung. Kuring mah kacida ngarasa beuratna lamun kudu kabeh dicumponan dipangmeulikeun hadiah. Lain teu hayang mere, samporet, teu mampuh. Mun boga duit ge, misalna we sajuta, bakal dibikeun ka salaki kuring pikeun bekel barudak jeung manehna dalahar salila ditinggalkeun ku kuring. Kuring salaku tulang tonggong kulawarga, mun iinditan kudu mikiran naha salaki jeung barudak dahar atawa henteu.

Kulantaran peran kuring mah beda ti para pamajikan nu lian, kuring kudu gawe leuwih loba, ngarah beubeunanganna mahi keur sakulawargaeun. Tah balik ti pembekalan ge, mimiti mikiran naon pigaweeun nu kira-kira ngahasilkeun duit. Aya nu menta pangnerjemahkeun, ditarima. Padahal, kuring anti kana nerjemahkeun teh. Lain teu bisa, eeta sok nyeri sirah jeung puerih panon ari ngagawean nu kitu teh. Nyeri sirah meureun  ku lantaran mikiran eusi terjemahan, nyeri jeung peurih panon, lantaran panon bulak balik kana kerta jeung kana layar laptop ngageder ti isuk nepika peuting, bari ukur ngandelkeun sabeulah panon. Tangtuna ge, nya cape secara fisik meureun panon teh.

Loba keneh nu rek ditulis, ngan kuring kudu gawe nyieun soal jeung kisi-kisi soal.

cag heula

Thursday, April 17, 2014

Memeh Miang ka Ustrali

 Notification dina hape pop up, ngabejaan yen aya email nu asup. Zaman ayeuna mah, muka email teh enteng pisan. Beda jeung taun 2000, kudu ka warung internet, ngadekul nunggu kabagean.

Kuring muka email, eusina ngabejaan yen aya kartu imigrasi nu kudu diprint, dieusi tur dibikeun ka panitia pas panggih dina acara pre-departu tangal 20-22 april 2014.

Kartu teh eusina mangrupa tekad urang ka Ustrali rek salilana, rek nganjang, atawa rek mulang. Tangtuna kuring kudu nyontreng rek ngaaa grnjang, lain mulang, lain rek salilana da lain rek pindah.

Tamba hanteu teuing, bari mukaan email, kuring muka facebook. Deuh geuning loba beja nu kuring teu pati update.

Aya grup nu husus keur grup 4, nyaeta grup
kuring daai luluguan ku Pa Anang. SaKu.a ari Pa Anang, duka. Sigana guru nu hade we, nu mitembeyan babarayaan ku jalan nyieun grup 4 dina fesbuk, ngarah grup 4 bisa silaturahmi. Kuring nulis “I am in / abdi ngiringan”. Langsung dijawab ” welcome” ku admin. Hebat meni langsung dijawab, asa atoh geus bisa ngagabung ka grup.4, najan tacan warauh ge, lumayan we itung-itung ngenalkeun diri. Rumasa we kuring mah rada autis mun.urusan sosial saperti uah aeh teh, teu pati bisa.

Kuring nanya ka disdik naha tos aya surat tugas, jawabna tos dikoordinir ku sma 1. Sukur ceuk hate twh, kuring keur hoream pisan ka disdik. Asa nyareri awak teh sesa leumpang huhujanan ti gunung Gede sigana mah. Kuring antukna ka sakola we rek numpang ngenet, cenah aya surat nu kudu didonlod.
Kari mikiran dimana mondok. Bandung mah mahal mun sare dihotel mah.

Monday, April 14, 2014

Persiapan Latihan Api-Api Berangkat ka Ustrali

 Geus jol deui email nu ngabejaan yen kudu ngirim email ka dua alamat anyar. Matak geumpeur.

Isuk-isuk teh pan sok riweuh. Ngeureutan eh ngaguntingan kertas keur ngocok nomer tampil siswa. Ari teu kitu pan barudak teh sok silih surung, embung tampil kahiji. Beda pisan jeung kuring baheula. Mun tampil teh hayang pangheulana ngarah teu jadi beban. Geus cupar tugasna mah, kumaha engke we nileyna mah, kumaha nu mere.

Kuring mereskeun heula ngajar Lintas minat jam kahiji, ngke karak ngurus ngirim email, kitu rencana teh.

Ngajar teh kaitung ngareunah pisan, barudak bagian tampil-presentasi hasil observasi, kuring tingal nonton we. Kuring ngabejaan heula peer assessment kudu disiapkeun. Sanggeus lembar penilaian antar tman geus nyampak. Ngocok nomer keur tampil. Eh dasar barudak meunang nomer 1, ngajerit, nomer 5 ngajerit, nomer 40 ge ngajerit!! Jadi atuh jurat jerit teh keur naon ari sakabeh nomer ngajerit mah. Der we ti nomer hiji, budak teh katingalna geus siap. Ngan aya oge budak teh nu pas dipanggil langsung ngajawab “sorry Ms, I am not ready/ tacan siap cenah” Ah diantep we, da ari teu siap mah rek kumaha. Maju kanu siap we, teu hayang pusing kuring mah.

Beres sabubuhan kelas Lintas Minat, istirahatna kuring ka TU rek nebeng ngeprint. Boga prinan di imah ge, ngan teu alus hasilna teh, ngambang teh da tintana diakalan supaya asal bisa ngeprin we. Nya ari keur dokumen nu rada seurieus mah teu bisa ngandelkeun prinan nu di imah.
TU teh someah kacida, teu kudu loba a i u, ngeprin teh beres.
Nu di prin teh data profil keur ka Ustrali. Kuring nyengeh we, hayang seuri pas ningali kertas dokumen nu aya fotoan dijuru luhurna teh. Rek teu seuri kumaha, kuring kokotetengan neangan foto nu ‘cute’ (sarat ti panitia), lapur teu manggih. Tina saabregan foto, ih na da taya nu cute, nu aya ge nu matak nalangsa wungkul!!
Puguh sok rampng reumpeung mun aya sertifikat atawa dokumen nu kudu make foto, hese neangan foto ny mantes nempel dina sertifikat atawa dokumen teh. Ari ieu dibere sarat kudu foto cute keur ka Ustrali, haduh, matak rag raga jajantung atuh. Foto cute na kuring mah teu boga hiji-hiji acan. Loba ge foto din galery hape, gambar tatangkalan jeung dangdaunan we.

Kuring sura seuri bari nyenyekel dokumen profil ka Ustrali teh. Asa teu pede we, tapi kuring nedetkeun maneh ngarah pede, tungtungna jadi seuri sorangan. Rumasa we kuring mah teu ‘fotogenik’.

Beres ngeprin, kuring ngirim data profil ka nu dipesenan dina email. Hate teh reugreug, geus dikirim, kari ngajar, balik, meresan baju 3 siki wae mah, keur salin salila 4 poe di bandung salila pre departure/ latihan memeh indit.
Kuring teu mikiran baju, eukeur mah baju teh teu pati loba, jadi teu loba piliheun, katambah, da lain rek pesta mode, make baju lalayu sekar nu aya we. keun we nu ber beureum ber hejona mah batur.
Kuring balik deui ka kelas, ngajar Lintas Minat 2. Keur kitu, aya budak bebeja yen jam 10 hayang dibaturan latihan debat cenah. Ku kuring di heg keun. Beres ngajar langsung ka aula, nunggu budak tea. Nalengnong aya sms, ngabejaan aya guru nu rek mulangkeun buku injeuman. Ku kuring dititah manggihan ka aula, kuring hoream guam, ti isuk tacan dahar, asa laleuleus kudu ngagedig ka gerbang sakola.
Budak nu rek debat teh taya jol, tungtungna ngobrol rusuh jeung semah nu rek mulangkeun buku Kuring bebeja jam 1 kuring kudu geus ninggalkeun sakola, kudu ngajar UT.
Dar der dor ngobrol teh, budak teu datang, ah balik we.

Datang ka imah, saruwung. Kuring rurusuhan ngadahar comro nu ngagelar dina seserok, balatak, campur jeung nu tacan digoreng, keur itung-itung lunch. Sangu tacan asak, nya comro ge teu nanaon, cukup bisa jadi lunch. Pan ceuk pamarentah ge, tong sangu wae dahar teh. latihan dahar teh ku sampeu, hui, jagong atawa nu lianna. Cenah ngke bakal aya krisis beas. Bari rada seueul ngadahar comro tiis, sirah mah ngacacang neangan absen UT. Inget, absen teh diberesan, diteundeun di kamar.
Geus kapanggih absen mah, gidig ka UT, ai kasampak mahasiswa teh satengahna, bari eta nu sakitu teh lumengis harayang balik alesanna ti isuk cenah taya dosen nu datang. Kuring ngelehan, keur mah na hate teu pati purun ngajar, aipek mahasiswana menta balik, alus pisan!!!
Kuring seuri sorangan deui. Na ari mahasiswa kuring bet ku teu kaharti. Pan meureun ti imah datang jauh-jauh teh rek kuliah. Ari geus panggih jeung dosenna, karah menta balik, cukup ngabsen hungkul. Naha ari elmu beunang ku ngabsen hungkul? Sok asa jauh jeung pangalaman kuliah kuring nu karak rengse genep bulan katukang. Boro-boro bisa adutawar hayang balik jeung dosen teh, urang ngasongkeun hasil maca jeung nulis nu ceuk ukuran kuring mah maksakeun maneh sabisa-bisa (beyond my ability) bari meunang proofread ka bule sagala, dosen teh taya siga nu taya ras-rasan, majar teh, “maneh bisa maca teu? maenya hasil maca siga kieu? sing bener atuh macana”. Beda kacida puguh ge, status kuring salaku mahasiswa, jeung status kuring nu jadi dosen. Kuring mah loba hampurana. Nyokot entengna we.
Tungtungna reres nandatangan, kuring balik.

Ari ras tangal 30 April kuring kabagean mere seminar di STKIP CImahi, ari full-paper/karya ilmiahna tacan dikirimkeun kana email. Heuh..kuring balik deui ka sakola, nebeng, ngadon ngemail.

Sore ieu kuring rek berangkat latihan indit ka Ustrali. Ku lantaran jauh meureun Ustrali mah, jadi rek inditna ge kudu latihan heula. Kudu diajar ngeusian itu ieu sigana teh.
Siga kumaha latihanna, duka teuing, urang sorang we isukan.
Ayeuna kuring rek nganteur budak meuli heula hotwheel. Nagih ti kamari, pedah manehna boga duit 50 rebu tina buruhan bapana mawa mobil ka jakarta nganteur nu wisudaan.
Jam opat kuring miang ka Bandung.
Cag heula.

Tuesday, September 3, 2013

KEMANA SISWA MENCARI INFORMASI?

 

Proses pembelajaran pada Kurikulum 2013 menuntut siswa agar (salah satunya) menemukan informasi secara individual dan mandiri. Tujuan pemerolehan informasi secara individual ini untuk memudahkan siswa melalukan kegiatan tukar informasi dan berdiskusi. Menemukan informasi sesuai kebutuhan tentulah tidak mudah. Sebagai seorang pemustaka misalnya, seorang siswa harus mengetahui cara mengakses katalog agar dapat memperoleh informasi yang dibutuhkan  dengan cepat dan efisien.

Sebagai pemustaka awam, bagi beberapa siswa, mengakses katalog terdengar janggal. Namun pada kenyataannya sebagai seorang peserta didik, siswa diharapkan dapat memanfaatkan semua informasi yang tersedia secara beragam. Para siswa sesekali harus mendapatkan inforamsi dari buku, surat kabar, majalah, pamflet, peta, bagan, rekaman suara, gambar diam, gambar bergerak, dan salindia. Kadang pula, siswa dituntut untuk mendapatkan bahan informasi lain yang tidak dijilid seperti bahan bentuk mikro, dan bahan pustaka digital.  Namun bagi siswa, sebelum mengakrabi beragamnya sumber informasi seperti yang disebutkan tadi, sebaiknya kenali terlebih dahulu istilah bahan rujukan.

Secara sederhana bahan rujukan didefinisikan sebagai koleksi yang terdiri dari atas buku-buku atau bahan pustaka lainnya, yang memuat informasi mengenai hal tertentu yang membantu siswa memahami materi ajar tanpa bimbingan langsung dari guru. Bahan rujukan yang harus digunakan secara intensif oleh siswa diantaranya berasal dari bahan rujukan berbentuk buku  yang memuat informasi mengenai kata dan istilah disebut kamus dan ensiklopedi.

Pertama, Kamus merupakan buku yang berisi daftar kata dasar dari suatu bahasa yang disusun menurut abjad. Bagi siswa, kamus umum merupakan bahan rujukan untuk menemukan kata atau istilah yang umum di pakai sehari-hari. Contoh kamus umum diantaranya Kamus Umum Bahasa Indonesia oleh W.J.S Poerwadarminta. Namun, jika siswa hendak menemukan istilah atau kata-kata khusus yang berkaitan dengan materi ajar tertentu, misalnya xylem, pada pelajaran Biologi, maka yang diakses adalah kamus subjek. Kamus ini berisi daftar kata atau istilah yang biasanya mengenai masalah atau subyek khusus. Selain itu, ada pula kamus khusus. Kamus khusus adalah kamus yang diperuntukkan bagi golongan pembaca tertentu. Misalnya, untuk menunjang pelajaran Bahasa Indonesia, ada kamus khusus Kamus Sinonim Bahasa Indonesia oleh Harimurti Kridaklasana.

Dalam mencari arti kata atau istilah, para siswa harus memperhatikan bagaimana cara kamus dalam menggunakan bahasanya. Ada kamus yang jenisnya ekabahasa, yaitu kamus satu bahasa atau kata/istilah dalam kamus itu dijelaskan dengan menggunakan bahasa yang sama. Misalnya siswa hendak mencari arti kata somnambulism (pelajaran Bahasa Inggris). Jika dia menggunakan kamus ekabahasa, kata somnambulism dijelaskan sebagai the action of a person walking around while they are sleeping. Berlawanan dengan kamus ekabahasa, kamus dwibahasa menjelaskan arti kata/istilah dengan bahasa lain. Somnambulism (Inggris): ngalindur (Sunda).  Ada pula kamus anekabahasa atau kamus yang menyajikan padanan kata/istilah lebih dari dua bahasa. Sebagai contoh  Somnambulism (Inggris): ngalindur (Sunda), mengigau (Indonesia),  tanaama (Arab), negoto iu (Jepang).

Kedua, Ensiklopedi  merupakan bajan rujukan yang menyajikan informasi secara mendasar namun lengkap mengenai berbagai masalah dalam berbagai ilmu pengetahuan.  Sama seperti halnya kamus, ensiklopedi pun disusun menurut abjad. Selain itu, ensiklopedi juga memiliki jenis yang hampir sama dengan kamus. Ada ensiklopedi umum, yakni ensiklopedi yang berisi informasi dasar tentang hal-hal atau kejadian-kejadian umum. Ada pula ensiklopedi subjek, misalnya memuat tentang Tari Indonesia, dan ensiklopedi internasional yang memuat semua informasi yang terjadi di dunia ini.

Dengan menggunakan kamus dan ensiklopedi diharapkan para siswa tidak kelimpungan dalam menemukan informasi yang dibutuhkan sesuai dengan tuntutan mata pelajaran. Para siswa diharapkan jadi pemustaka aktif sehingga mereka menjadi pem(b)elajar mandiri yang membangun pengetahuan berbasis membaca.