Sunday, August 26, 2018
Ngulikeun Nyabutan Huis
Jam satengah 10an nepi ka salon C teh. Bener we, si Ibu tukang motongna tacan aya. Nu geus nyampak mah barudak anu meujeuhna resep make bulu mata palsu jeung di beureuman beungetna siga artis Korea, aya kana 4 urangna. Marenehna ngahibur dirina sorangan ku nyetel lagu barat, duka nanahaon, da bangun narimateun pisan ngadengekeunna terh bari nurutan ceuceuleuweungan. Ningali maranehna ngawih basa Ingris, kuring reueus, urang Cianjur teh barisa ngomong basa asing. Atawa cinta basa asingna luhur pisan nepika teu apal lagu Cianjuran, komo ceuceulweungan ngawihkeunna mah.
Barang gok langsung ditanya, "Keramas Bu?"
"Moal, teu kedah, nembe tadi enjing kuramas," kuring ngajawab saujratna.
"Barangkali mau keramas sambil dipijit biar enak," pok budak awewe anu make baju merecet.
"Moal, cekap, langsung dipotong we," kuring keukeuh teu daek.
Dina hate kuring nyenghel seuri. Asa aya ku lucu, dua basa anu beda tapi bisa nyambung ngobrol. Si Eneng keukeuh make basa Indonesia, kuring keukeuh make basa Sunda. Mun kitu atuh dina make basa Inggrisna oge, langsung nyambung.
Buuk dibaseuhan tina cai anu disimpen dina semprotan. Pagawe anu rada aya umuran kadenge nelepon si Ibu salon, ngabejaan yen aya tamu. Hawr-hawar kadenge nanyakeun naha tamuna dikeramas atawa henteu, Manehna ngajawab bari bangun mentegeg saeutik nyebutkeun henteu, bade langsungan di potong. Kuring api-api teu ngadenge we.
Anu nyemprotan buuk bari ramo-ramona ngayap kana kulit sirah, nyarita, "Bu, ada uban, mau di cabutin?'
"Teu kedah, wios, kitu we." Kuring ngajwab siga nu teu boga kecap-kecap anu mantes, make kekecapan anu tadi bulak balik.
"Bu, mau dicet ga rambutnya biar ga keliatan ubannya." manehna nawaran solusi keur urusan huis, anu meureun ceuk manehna mah kudu diurus.
"Cobi ningal, warnana nu kumaha wae, sabaraha pangaosna, sabaraha lami pami dicet?" kuring merekpek nanya. Dina pikiran kabayang, lamun dicet beureum, meureun siga Surili, ih baraid teuing. Nanya soteh pedah karunya we kanu nawaran, ti tatadi panawarna ditolak terus-terusan.
Sanggeus buuk lantis, manehna eureun nyemprotan buuk. Terus ngabejaan yen si Ibu salon nuju di jalan, sakedap deui dugi. Kuring teu pati malire. Terus we ningalian warna-warna pewarna rambut, anu puluhan geuning. Saumur hirup tacan pernah dipikok, apanan cenah haram, matak teu kapikiran ngarobah warna buuk. Barina lamun diwarnaan, lalaunan meureun ngeser tah warnana teh, meureun kudu ka salon deui ngatah warna buukna teu dua rupa. Nambah pigaweeun.
Keur anteng ningalian warna buuk, kadenge aya nu asup. Si Eneng anu opatan muru ka tamu nu karak datang.
"Tolong urusin uban Ibu yah, baru 40 kok ubannya udah bikin ga enak," kadenge manehna menta tulung bari bangun gegelendeng nyalahkeun huis anu geus norojol teu sesuey jeung kahayangna.
Kuring ngareret ku juru panon. Ih geuning, ibu-ibu sosialita, make baju satuur, sendalna anu mahal tea, anu hargana cenah 3 juta sapasangna teh, merek Birkenstok, anu ceuk babaturan kuring mah, di Singapur ayana ge sendal anu kitu mah.
Kuring ngomong ka diri sorangan, 'Oh meureun nu kieu jelema beunghar teh," ari panon mah teu wani nempo kana rupana mah. Ngan wasa neuteup sendalna we bari ngabanding-bandingkeun jeung sendal Carvil nu kuring. Modelna mah mirip, ngan ari merek mah, eh brand mah pan teu ngabohong.
Si Eneng cuh cih ngagimbung nyabutan huis. Kuring tungtuna balik deui melong kana cet rambut. Dina hate teh, sugan kudu milu dicet buuk teh ngarah siga jelema beunghar. Untung pikiran teh teu laju, si Ibu tukang salon kaburu datang. Manehna langsung motong rambut, geus teu tatanya deui, langsung krek-krek, dan geus apal kuring mah sok dipotong pendek cukup sajengguteun we panjangna mah.
"Haduh aga cepatan dikit yah, anak sayah mau bubarandari sekolahnyah," ceuk ibu anu make sendal mahal.
Kuring panasaran, ngareret seutik. Gebeg. Geuning huisna loba. Teu sieun botak sugan. Najan loba duit ge, ari botak mah, hoream.
Ngamangpaatkeun nu aya
Di lembur aya hiji lalaki, umurna sigana leuwih ari ti 50 mah. Pagawean matuhna mah tukang menta sodakoh lamun aya nu ngurebkeun. Atawa lain eta sugan pagawean matuhna. Sapopoe kulantang kulinting bae sabudereun pemakaman, ngaroris siga mandor. Tapi lain mandor, da mandaor mah aya, pagawe negri anu sok make seragam oranye lamun keur poe dines mah.
Sebut bae manehna Mang E. Ceuk beja manehna urut preman anu insap. Insap tina mabok, tina preman, insap tina kalakuan teu eucreugna we. Boga imah, boga pamajikan, boga anak. Mun teu salah asa pernah nyaritakeun anakna nu pangleutikna masih keneh sakola keneh, SD asana mah. Hiji deui, boga motor.
Ampir saban poe Mang E datang ka imah. Tujuanna nepungan salaki. Ngakuna mah cenah abdi mah berjuang kango Bapa. Nepika poho dahar, tah ieu beuteung ge, pokna bari nunjuk ku lengeunna kana beuteungna, teu acan kaeusian nanaon, nyeri ayeuna teh. Mang E nerangkeun mun manehna boga panyakit maag, lantaran loba puasa cenah. Duka enya duka henteu. Rek bener heg, da eukeurna, rek teu bener oge, heg, da keur manehna.
Kadang-kadang tina sapoe aya kana tilu kalina datangna teh. Anger we tujuanna mah kitu, bade ka Bapa. Asalna kuring teu pati malire. Ah pek we arek mantuan neangan relasi mah, kuring mah moal milu riweuh. Ngan kadieunakeun mah mimiti ngarasa lamun manehna ngamangpaatkeun kaayaan.
Tah, peuting ieu ge datang. Salaki kuring keur masangkeun panto anu geus dalapan taun tacan kapasangkeun. Karek ge saencret gawe, manehna geus ngagorowok uluk salam. Salaki bangun paur semah teu ngeunah hatena. Cul alat-alat gawe, cul naon, langsung nyampeurkeun, diladangan. Rek balik teh sok beasna (anu beas teh ngan saktu-kituna deui, sok sampeuna, alesan bisi hideung, padahal karak diala bieu sore).
Kaitung kacida berehanna salaki teh. Moal aya jalma anu sakitu welas asihna siga salaki kuring mah. Matak salembur ieu mah, pada muji moal aya deui nu berehan sapertos Bapa mah. seueur sodakohna, seueur jariahna. Kitu tah conto pok-pokan ti tatangga, kaasup Nini N anu eta oge sarua sok nganjang sacara reguler, neang sodakoh kujalan nepangan Bapa. Kuring kudu acung jempol, siga acung-acungana leungeun Nini N saban datang ka imah muji bebeakan kana kahadean Bapa.
Ari ceuk pamikir kuring mah asa jadi dimangpaatkeun ku pangsiunan preman. Contona bae kieu. Hiji poe, isu-isuk geus uluk salam, bebeja lamun guruna cenah maot. Datang ka Bapa manawi aya kango ongkos. Golosor.
Poe anu lainna deui, bebeja lamun atos tataros, Bapa mah kedah maju, bakal meunang. Memeh balik teu poho, menta ganti ongkos. Golosor.
Minggu anu katukangna, manehna datang rek menta bengsin sabab arek nepungan warga masyarakat di daerah dapil Bapa. Cenah teu bisa indit da motorna taya bengsina. Golosor.
Kitu-kitu jeung kitu we. Budakna tacan dahar, menta ka Bapa. Pamajikanna gering, Bapa anu kudu mere duit keur meuli obatna. Manehna teu boga beas, Bapa anu kudu nyadiakeunna.
Ari salaki mah majar teh nya meureun sakitu kabisana. Keun we.
Te Kateguh (bagian kadua)
Tabuh 10.30 bagian Tim kuring. Ti awal geus jangjian yén anu mimiti méré matéri Bu D heula. Itungan gawé dua poé di Kemenag téh diitungna 8 jam séwang. Ngan gawéna gantian, kuring heula maju 2 jam, Bu D maju 2 jam, kitu wé. Sapoé kaitung 8 jam téh, kuring maju 2 kali, Bu D ogé maju 2 kali. Kitu rarancang awalna mah. Jadi instrukturna piligenti ngarah boga waktu keur istirahat. Lamun sapoé séwang mah, beurat teuing. Najan enya genah, bisa sapoé, terus isukna balik, ngan orokaya pagawéan kitu téh matak ripuh kacida. Enya pan ti peutingna teu saré, atuh beurangna ngalentuk gawé nepika jam 10an peuting, terus balik sapeupeuting, waduh matak ripuh. Dua peuting teu saré, dua poé teu istirahat. Moal kaawakan ku kuring nu geus kolot mah.
Materi kahiji ngeunaan gambaran umum kurikulum 2013. Bari nerangkeun K-13 bari sakalian ngawanohkeun kira-kira materi 16 jam teh ngawengku anu dijelaskeun dina materi kahiji. Kuring diuk di hareup merhatikeun Bu D mare materi. Kuring karak ngarti. Sihoreng di Indonesia, ayeuna aya 30 sakola Kristen. Lolobana ayana di wilayah wetan saperti Malang, Lombok, Ternaté, Papua. Jadi pesertana téh, kulitna ngawakilan jalma urang wetan. Tina 30 SMAK eta, aya 3 sakola anu negeri. SMAK teh sarua jeung MA lamun muridna Islam mah.
Peserta rek timana-mana oge ari keur kuring mah teu jadi masalah da geus biasa. Ngan anu rada muter keneh dina pikiran mah, ari sakolana siga kumaha, geus sabaraha lila ari K-13 dipake disakolana, geus sabaraha kali guru-guru anu jadi peserta ieu miluan pelatihan. Informasi ieu penting. Bisi we, kuring nganggap manehna geus mindeng milu pelatihan nu sarua, tungtungna boseneun da geus lain materi anyar. Atawa sabalikna, maranehna tacan pernah pisan meunang materi pelatihan K-13, tungtungna teu nyambung, jauh teuing. Ngan ari maca tina informasi anu beunangna ti Google mah, Kemenag ngaluarkeun peraturan K-13 di lingkungan Kemenag ti taun 2016, jadi paling luhur karak kelas 11. Hartina, tos aya sababaraha guru anu pernah milu pelatihan.
Peserta teu bisa ditebak naha maranehna resep, teu resep, antusias, teu antusias, kana materi kahiji. Anu matak hese nebakna diantarana sabab pikeun kuring mah anu teu wanoh kana rindat jeung basa gerak urang wetan jadi teu bisa ngira-ngira eusi pikiran jeung ngolongan eusi hatena. Materi kahiji beres kalayan lancar. Aya nu nanya. Lain nanya, curhat mun ceuk istilah budak ayeuna mah. Manehna ngarasa yen pamarentah teh méré tanggung jawab anu beurat teuing keur guru-guru Papua mah. Kurikulum ngukurna ka Jakarta, teu ngukur kumaha lamun nu diajarna urang Papua, anu istilahna mah boro-boro basa Inggris, maca we tagegog keneh, malah lolobana mah sebutkeun teu lancar maca. Kana basa Inggris lain teu resep, tapi kecap-kecapna minim pisan, teu nyaho ari basa Inggrisna dahar teh naon.
Bari diuk ngadédéngekeun nu nanya jeung Bu D anu nyoba mere respon, kuring dina hate mah ngagerentes. Tong boro urang Papua, urang Cianjur oge, pan siswa kelas 12 waktu dibere parentah Observe the pictures and find the differences. Siswana teh ngahuleng. kuring nyangka ngahuleng keur mikir, padahal mah, ngahuleng teu ngarti parentah. Waktu ditanya kecap naon anu maneh ngarti, ngajawabna ukur dua picture, and. Beu! Beurat kacida pan lamun siswa anu di Cianjur, Jawa, deukeut ka Jakarta mun ceuk guru Papua mah. Pasti nyangkana siswana teh palinter, cas cis cus basa Inggris. Padahal mah, nya kitu tea we, ari kangaranan keterampilan make basa mah, teu bisa ngandelkeun dimana manehna jinek, kudu kumaha kakeyengna. Najan jinek di Inggris, ari mumul make basa Inggris mah, nya tetep we teu bisa.
⟿
Materi kahiji rengse kalayan lancar. Bu D maju deui, mere materi kadua. Kuring teu waka maju lantaran keur materi anu katilu tacan siap PPTna. Jadi kuring nyiapkeun keur materi katilu, Bu D maju deui 2 jam. Materi ngeunaan 4C jeung HOTS. 4C teh nyaeta ngeunaan tungtutan pikeun jalma kiwari kudu boga kaparigelan komunikasi, kreatif, bisa kolaborasi, jeung kritis ngarah bisa hirup di jaman digital, jaman global, jadi warga nagara internasional. Tah anu 4C eta dilatihkeun ka siswa. Tangtungan ge ari sacara teori mah gampang. Upamana bae kritis, cirina siswa kudu bisa mereskeun masalah kalayan teu ngadatangkeun masalah anyar. Unggelna mah kitu ceuk teori, nu hese kumaha ngalarapkeunna dina rarancang ngajar jeung kumaha prak-prakana waktu keur mere conto ka siswa, eta masih keneh hese.
Ari HOTS nyaeta higher order thinking skills atawa ngalatih siswa sangka bisa make uteuk, boga kamampuhan pikeun nyanghareupan masalah ngagunakeun logika, efektif, beres roes bari luyu jeung kaayaan kahirupan jaman ayeuna. Ieu oge sarua. Dina lebah teori mah gampang. Lebah nerapkeunna mah, hese kacida.
Waktu kuring ngiluan pelatihan HOTS, lain sakali dua kali, anger we teu ngarti. Lain teu ngarti ku teorina, teu ngarti ku nu mere materina. Mere bahan pikiraneun anu teu matak kahontal ku guru dina emprona lamun dipake ngajar di kelas. Mere teori lain meré conto praktis kumaha prak-prakanna. Kuring nanya ka Bu D sugan manehna pernah meunang elmu praktisna kumaha cara HOTS dijieun dina rarancang ngajar jeung dina nyieun soal, jawabna teh acan cenah. Sarua sihoreng, manehna ge ngan meunang teori-teori hungkul.
Sakali-kali kuring menerkeun PPT keur bagian kuring maju. Sakali-kali kuring merhatikeun kaayaan kelas. Peserta anger we tacan kateguh kumaha eusi pikiranna. Aya nu narik kana ati tina conto anu ku Bu D ditepikeun ka peserta. Waktu keur pelatihan, kitu pokna. Dibere conto soal carita HOTS. Kieu dongengna teh" Aya aki-aki melak gedang. Kabeneran gedangna asak, dua siki. Di ingkeun we ku manehna teh hayang asakna pas. Hanjakal, batan asak, kalahka aya nu maok, hiji. Sesana hiji deui. Si aki masang taraje. Pokna, karunya ka maling. Manehna kudu ripuh naek. Ari dibere taraje mah, kari naek. Tapi isukna, gedangna teu leungit, kalahka jol aya lalaki nu ngaku maok gedang tea. Manehna datang mawa gedang dua. cenah anu hiji mah meunang maok, anu hiji deui mah meunang meuli ti pasar, itung-itung keur menta hampura lantaran geus maok."
Eta dongeng HOTS dicaritakeun ku Bu D ka anakna anu karak kelas hiji SD. Ari pok teh anaknya ngomong kieu, "Mamah, ari carita tadi kajadianna di nagara mana?" Ieu hartina keur budak leutik anu hirup di tempat sagala gampang leungit, popoean, leungit, panci keur dipoe, leungit, sepeda, leungit, asa teu kaharti, gedang leungit, karah mere taraje ngarah nu maokna teu ngarasa hese. Ieu conto hartina teu nungtut berpikir tingkat tinggi, lantaran teu asup akal, teu luyu jeung konteks kahirupan jaman kiwari. Tah, salevel pelatihan di tingkat nasional bae siga kitu contona. Ieu nunjukkeun yen hese pisan nyieun soal HOTS, komo deui ngajar di kelas bari make HOTS.
Kulantaran nanaon oge kudu aya beresna. 4C jeung HOTS sanggeus ditepikeun ka peserta mah, beres. Naha engkena pesertana jadi bingung, jadi teu bisa sare gara-gara K-13, eta lain tanggung jawab penyaji. Kuring, anu mindeng manggihan hal-hal anu teu pati parok jeung pikiran lamun keur ngilu pelatihan, sok jempe bae. Biasana, penyaji ngan boga kawajiban nepikeun materi sakannyahona. Masalah asup akal, bisa dipraktekeun atawa henteu, ulah jadi pipikiran.
Jam kahiji kadua beres. Waktuna pikeun Bu D istirahat, jam katilu kaopat kuring nu maju.
Saturday, August 25, 2018
Teu kateguh (bagéan kahiji)
Dua poé kabagéan tugas pikeun méré matéri kurikulum ka guru2 SMAK sa-Indonesia. Pas ningali surat nu nyebutkeun SMAK, sakola Kristen. Pikiran téh langsung baé ngabelesat ka BPK Bandung, tempat Bu Liani ngajar. Sakola swasta anu maké kurikulum Cambridge.
Dina pikiran téh kabayang lamun guru2na caranggih, nyieun rarancang ngajar maké model Longman. Teu béda jauh jeung waktu kuring diperedih méré pangjajap nyieun penelitian ilmiah, pan méntana ngomongna kudu ku basa Ingris.
Ayeuna méré matéri kurikulum ka guru2 basa Inggris SMAK saIndonesia, beu, boa moal kataékan, pan maranéhna maké kurikulum Cambridge.
Bari rada teu pati wani, tungtungna nanya ka pihak panitia: Naha bet mimiti pelatihan pas dina poé Lebaran Rayagung, naha engké pesertana méré deui pelatihan ka guru2 di provinsina séwang2an, siga lamun pelatihan di DirPSMA, aya tahapan. Nu Nara sumber ngalatih instruktur provinsi, nu provinsi ngalatih instruktur kabupatén, nu kabupatén ngalatih guru sasaran, terus naha materina bisa diganti disaruakeun jeung anu biasa dibikeun ti DirPSMA.
Katilu pananya éta dijawab kalayan tandes ku Bu Marini, panitia. Lebaran Haji teu jadi halangan, manéhna ngokolakeun Kemenag Kristen. Terus guru2 ngan ngalatih babaturanna di sakolana wungkul. Nu pangahirna matéri bisa diganti, disaruakeun
Kuring jadi tambah bingung, jadi SMAK téh atuh sakola nanahaon.
Kacaritakeun waktu pikeun méré matéri cunduk. Kuring indit jeung si cikal naék travel Deny, masing2. Kuring mah ka Gambir, Jakarta pusat. Ari si cikal mah ka Pancoran, Jakarta Selatan. Kuring ninggalan duit saratus rebu keur si bungsu. Nu cikal 200 rebu bari dikurangan ongkos travel. Kuring sorangan mawa duit 200 rebu keur jaga2 bisi aya perlu nanaon salila di lembur batur. Dina sawangan pan balikna mah mawa duit ti panitia.
Travel téh néangna tabuh dus subuh. Hartina sapeupeuting teu saré, kahiji sieun kabeurangan, kadua nginum kopi campur madu paméré salaki, pajar keur miceun rieut sirah. Rieut anger aya, ditambah ku teu bisa saré.
Nepi ka hotel Marylnn téh tabuh genep. Panitia tacan hudang, ari konci kamar di panitia. Tungtungna nya kudu sabar baé nunggu panitiana hudang. Ari ningali di ruang Tulip mah, katempo sababaraha guru keur dariuk, sigana rek ngalaksanakeun ibadah pagi.
Tabuh tujuhan karaka Bu Marini, panitia, nyampeurkeun bari ménta hampura cenah saréna rada kabablasan. Kuring dibéré konci. Kulantaran lapar, sakalian diajak ongkoh, tuntungna kuring ka ruang makan heula. Ari pék, aya Pa Doni. Pa Doni teh penyaji PPK. Manéhna moal apaleun ka kuring najan mindeng panggih gé. Kuring mah peserta, Pa Doni mah satgas PPK.
Ngobrol kaditu kadieu bari dahar. Tuntungna sanggeus asa wareg, kuring amit mundur rék ka kamat heula. Pa Doni mah jeung Bu Marini langsung ka ruang Tulip, acara poé kadua dimimitian ti materina Pa Doni. Sanggeus éta karak bagéan kuring.
Sabari nungguan jam 10, waktu téh digunakeun pikeun nyieun PPT Literasi. Asa kagok maké anu Pa Wien satgas Literasi Nasional mah. Teu pati apal kabéh data2 angka PISA, jeung bagian literasi dina ngajar mah masih kurang, jadi nya asa leuwih hadé lamun nyieun heula. Waktu geun nunjukkeun tabuh 10, aya waktu 30 menit ka bagéan kuring jadi penyaji. Kuring kaluar kamar 2208, muru ka ruang Tulip di lantéy lima. Lantéy dua kuduna mah. Hotél téh anéh teu aya lantéy hiji, dua, tilu, opat dua belas, tilu belas, opat belas, langsung ti Lobi ka lantéy 5. Meureun angka2 anu disebutkeun tadi dianggap angka sial matak teu dipaké di ieu hotél.
Thursday, August 23, 2018
Langlayeuseun
Barang asup ka imah, kasampak Excel keur ngagojod wé disimbut. Cenah mah muriang. Ditanya geus dahar acan, jawabna acan.
Awak anu rampohpoy, puguh gé keur gering, ti kamari utah2an, ditumbu ku mencret-mencret, ningali budak kitu haté mani gudawang. Atuh naha bet teu meuli dahareun pas di sakola, panan dibéré duit, cukup ari keur dahar mah. Tapi pan ngaranna ge budak, moal mentingkeun beuteung cara kolot. Tungtungna kaliwat, salatri boa, teu dahar ti isuk nepika soré.
Rupa-rupa wé urusan rumah tangga téh. Boga budak dua, teu kaurus. Nu gedé mamaké notor ka Bogor saminggu dua kali, matak melang. Melang ditilang, oge melang ku picilakakeun. Pan loba kabéjakeun kiwari mah loba anu dirampas motorna, jelemana dirogahala. Haté téh lelenyapan wé saban budak indir jam 3 atawa jam 4 subuh. Nyakitu deui pas balikna jam 12 atawa jam 1. Matak teu bisa saré ari keur indungna mah.
Ayeuna nu leutik, der gering. Lain teu meunang gering, da gering mah bisa waé bagian. Ngan nu ngalantarankeun geringna pedah teu dahar, eta nu matak nyebitan haté. Di imah memang teu loba dahareun ngalayah, tapi aya ari sakadsr keur ganjel beuteung mah. Mun teu éra ku umur hayang ceurik, bebeja ka méga naha bet kieu rumah tangga téh, nogéncang. Salah peran. Awéwé nu hapot2an maraban kulawarga. Keun teu masalah ari lebah gawéna mah. Jadi masalah lamun budak teu mantuan dipanguruskeun, imah teu dibantuan pangmeresihankeun.
Lamun geus kieu sok ras bae kana umur. Urang Indonesia mah umurna pan teu panjang, ukur 60 atawa 65. Kuring ge kari nunggu sapupuh taun ka 60. Nya kagok sabar, sabaran baé. Bédana jeung batur meureun, batur mah ngalaman senang heula dina rumah tangga méméh maot, ari kuring mah sangsara saumur-umur. Keun baé, meureun kitu milikna.
Balik ka budak. Gura-giru kuring nyangu, néangan deungeun sangu anu bisa asup kana beuteung budak SMP. Terus dibéré obat, disina saré wé geus kitu mah. Susuganan ari geus dahar bari geus dibéré obat mah kasakitna ngurangan. Kuring sorangan ngajentul, anger wé mikiran hirup.
Taya bèrésna lamun ukur dipikiran mah, tungtungna ngayap, mérésan baju meunang nyeuseuh. Ditilepan. Can gé angeus satengahna, sirah nyanyautan nyeri kacida. Panon asa panas. Ti kamari panon téh bélékan, nyeri, jeung bareuh. Teuing kakebulan lamun keur kana motor, teuing mémang panyakitna keur jadi. Ngagolér wé tungtungna mah. Ngararasakeun awak salalian ngararasakeun nasib.
Menikmati Korban
Saya tidak bisa mengajar lagi di hari Kamis ini karena ada undangan dari Kemenag untuk melatih guru-guru bajasa Inggris SMAK, Knya adalah Kristen di Merlynn Park Hotel Jakarta 23 dan 24 Agustus 2018.
Pagi2 saya telah berangkat bersama Mira menggunakan jasa Deni travel. Kami berangkat dengan mobil yang berbeda karena tujuannya beda.
Sambil memikirkan bagaimana caranya bisa tidur, saya lihat pengumuman resmi di grup sekolah. Isinya seperti di bawah ini.
Agenda Kamis, 23 Agustus 2018, pada jam Litetasi semua siswa dan guru, TU menyaksikan pemotongan hewan kurban, di area belakang, dan dilanjutkan KBM seperti biasa, ada beberapa siswa kelas XII yg didispensasi membantu kegiatan pemotongan hewan qurban.
Kepada bapak/ibu walikelas, untuk mengecek tempat pengolahan daging qurban jatah masing"kelasnya.
KBM efektif sampai jampel ke 6.
Siswa disilakan untuk menuju tempat pengolahan daging setelah shalat duhur berjamaah di lingkungan sekolah.
Menarik sekali kegiatan latihan berkurban ini, terutama dari sudut pandang siswa. Para siswa sedikit terusik dari segi keuangan karena banyak sumbangan yang harus dikeluarkan. Sumbangan harian uang kas kelas, sumbangan Planet Smanda, sumbangan Qurban, sumbangan persiapan Ujian praktek seni (khusus kelas 12).
Namanya juga latihan berkurban. Ya otomatis mengorbankan sedikit yang saku merupakan awal yang nyata.
Monday, August 20, 2018
Kieu kénéh
Subuh2, jam 2 geus tuturubun maké motor muru ka Bogor. Untung indit anu ayeuna mah Bapana daék nganteur. Melangeun sugan, budak awéwé indit tabuh 2 subuh sosoranganan kana motor. Pan ayeuna mah loba kabéjakeun hal2 nu goréng.
Cénah aya nu dipaok motorna. Api2 nabrak ti tukang, terus ngagolepak, nu nubruk nyampeurkeun sugan téh rék nulungan, padahal mah rék nyokot motorna, nu boga motor mah euleugeug hookeun motorna dibawa indit. Sakitu gé untung kénéh nu boga motor teu digunasika.
Terus hal goreng lianna nyaéta pulisi. Pulisi mah siga nu resep ngaheureuyan budak kuliahan téh. Disebut ngaheureuyan téh pedah wé saban liwat ditilang, bangun2 geus dicirian motor anu éta kudu diarah.
Dipegat, diajak ngobrol, diajak transaksi kaamanan pajar aya aturan nu dilanggar, ngasongkeun paménta, kufu dibayar ku duit damey. Uang daméy teh haregana 150 rebu. Uluh mahal jeung duit gedé. Tapi keur budak kuliahan mah batan ngabela diri, mending méré duit. Lebah gerak cepatna mah alus, urusan langsung bérés, ngan orokaya ari keur kolot mah, ngayakeun duit 150 rebu téh pan sakitu héséna.
Budak téh ayeuna semester 5 di Sampoerna University. Manéhna kapeto jadi panitia Ospek keur mahasiswa angkatan 2018. Ari kawanina mah, luar biasa, cacakan awéwé, wanian. Naék gunung, neuleum ka laut, éstuning teuneung ludeung. Kagiatan Ospekna cenah nepika Salasa. Matak bingung, salila 2 peuting manéhna saré dimana. Budak téh dititah kos2an, embung majar téh lebar ari kuliahna ngan 2 poé mah. Mendinh bulak balik wé ti imah. Cicing di adi beuteung do Tangerang, teu pati sumanget, alesanna anget wé cenah capé, indit subuh, jam 5 kudu geus dina karéta. Neangan kosan wegah.
Mudah2an wé engké mah manggihan kosan anu matak manéhna betah. Karunya atuda lamun bulak balik Cianjur-Bogor-Jakarta kana motor mah. Lamun kana mobil onaman, teu kaanginan, kahujanan, kapanasan. Lain teu boga mobil mah. Boga. Ngan euweuh, nyangkut di adi beuteung. Duka kumaha urusanna. Mobilna euweuh duitna euweuh. Bapana budak siga anu teu pati melang, padahal mobil téh pan duitna meunang anjuk ngahutang. Teu kasaan maké da ti mimiti kabeuli, dipaké ku batur alesan keur konsolidasi partéy. Ayeuna, lesot ti partéy, ku adi beuteung ogé, sarua, lapur.
Hirup téh kieu2 kénéh wé. Bapana amprung2an dina partéy. Kuring amprung2an néangan duit keur maraban kulawarga. Barudak ngamprung dina urusanna séwang2an.
20.08.2018