Pages

Friday, May 14, 2021

Bungah jeung Bingung

Kahayang pikeun ngaronjatkeun pangaweruh dina program sekolah penggerak kacida gedena. Dina katangtuan menteri nu ayeuna mah nanaon téh sigana jolna tina PSP. Boh pelatihan   boh jadi pelatih, boh ngilu dilatih,  kabeh huluwotanna tina PSP.

Ras yén kuring mah teu nyekel sakola anu lulus PSP,, atuh dina ciciptaan téh geus ngalangkang moal bisa ilubiung dina ngaronjatkeun pangaweruh nya kitu deui ngabimbing aakola. Panan pangawas anyar saperti kuring mah dibere sakola nu teu populer. 

Poé kamari jol Pa J ti SMA 1 nelepon ménta sangkan daék jadi bagian tina komunitas pembelajar keur ngeusi slot pengawas. Kuring ngarasa atoh, atohna lain éngké jadi réngréngan komunitas pembelajar ti sakola anu pangagréngna di ieu kota, tapi hartina kuring bisa milu ilubiung tungtungna nyaho peresis naon wae anu dipigawé ku sakola anu kaasup kana PSP.

Haté ngagereyem ngucap nuhun kana kamurahan Gusti. Geuning najan teu ngabina sakola agréng ogé,  ari milik mah, aya wé jalanna. Jalanna téh pengawas pembinana cenah teu boga nomer UKG, poho jeung tara ngurus nu kararitu alesanna teu maké nu kitu gé gajih lancar,  jeung apanan dua taun deui gé pangsiun,  teu perelu ula ilu PKG, SIM PKB.  Pangakuan éta kadéngé pisan ku kuring waktu kuring badami jeung manéhna salaku ketua MKPS waktu kuring perelu nomer UKG-na pikeun kuring bisa gabung dina komunitas pengawas di SIM PKB.

Dina obrolan manéhna nanyakeun naon untungna jeung naon rugina lamun teu ngurus nomer UKG jeung tara ngurus SIM PKB. Jawaban singét kuring teu aya rugina sabab teu aya pakuat pakait jeung gajih. Untungna lamun aya kegiatan ti menteri pendidikan jadi bisa miluan. Kitu hungkul. Oh atuh lamun ukur kitu mah, keun wé moal milu, pokna téh, da teu pati resep kana kegiatan pelatihan jeung nu kararitu mah. Kaharti jawaban manéhna nu nyebutkeun teu perelu téh, sabab kegiatanna loba maké waktu tapi teu pati aya duitanan. Panan manéhna mah, pamajikaan anggota DPR, atuh manéhna sorangan, boga yayasan nu ngokolakeun sakola nu bingung nolak murid bakat ku kasohor sakolana. Teu butuheun ku kegiatan nu matak capé, eujeungna deui, kaayaan téréh pangsiun nambah-nambah nguatkeun alesan pikeun teu milu dina kegiatan pelatihan.

Lain deui pikeun kuring. Waktu ditawaran jadi réngréngan dina komunitas pembelajar téh, bungah haté téh. Hartina bisa nyaho kana program dina prak-prakanna.  Teu ngatog lamun biantara, kitu ceuk babasanna. 

Ngan dina pikiran jadi muncul ogé kabingung. Lmaun asup dina jajaran komunitas pembelejar SMA 1, moal kitu engkéna jadi kagok. Panan kuring keur miluan seléksi pelatih ahli. Piraku posisi nu dibimbing jeung nambimbing sakaligus dicangking. Tapi pan can tangtu ngabimbing SMA 1, jadi bisa waé. Jeung nu jelas, panan can tangtu lulus. Tah éta nu matak mentegeg kana haté mah. Kumaha mun teu lulus. Atuh meureun teu nyaho naon waé PSP jeung siga kumaha prak-prakanna. Panan pengawas anu ayeuna diasupkeun kana program, bakal pangsiun dua taun deui. Ka hareup, kuring boa anu neruskeunna. Kumaha lamun ngérekeun, teu nyaho mimitina, jol miluan di taun nu katilu. Tapi pikiran éta gé dipupus, tacan tangtu dina taun kadua kuring anu jadi gaganti. 

Pa J ngabéjaan éngké KS SMA 1 bakal ngahubungi tina WA pikeun ménta idin ngaran kuring diasupkeun kana PSP. Kuring ngamanggakeun bari haté mah satengah paur. Paur bisi kudu ngalaman ngarangkep tugas: jadi anggota komunitas pembelajar, tapi jadi pelath ahli ogé. Ngan ari kabungah aya, saeutik nyempil. Bisa ilubiung dina progam nu keur trending, saha nu teu reueus atuh. Bisa cacarita PSP téh kitu, PSP téh kieu. 

Bener wé, teu lila Pa KS ngaWA anu eusina menta idin ngasupkeun ngaran kuring kana réngréngan komunitas pembelajar. Terus jol deui WA ti Pa J menta nomer UKG jeung NUPTK. klik ku kuring dikirim.


Pa J ngirimkeun alamat pikeun néangan nomer UKG kudu ku alamat anu geus ditangtukeun.  https://gtk.belajar.kemdikbud.go.id/akun/ptk  ngaran kuring teu kapanggih. Ras inget waktu muka SIM PKB anu karak dimigrasikeun ka Pengawas, apanan satminkalna jadi dinas provinsi jawa barat kaasup kota Bandung. Dicobaan ku kuring diteangan maké kota Bandung, ari pek teh bener bae, asupna ka kota Bandung. Klik hasil ngaran dikirim ka Pa J.

Dua jam ti harita, trang tring kana WA aya beja nu asup. Ti Pa KS, ti Pa J, ti Pa Pengawas, kabéh eusina sarua, ngirimkeun scrénshot anu nétélakeun yén no UKG pa Pengawas kapanggih. Maké cara nu ku kuring dipaké nyaéta nulis ngaran jeung milih kota Bandung. Bréh baé ngaran pengawas RDK ngaronghéap tina sistem.

Trang tring, WA ti tilu jalma éta ngabéjaan yén teu tulus ngasupkeun kuring kana réngréngan komunitas pembelajar SMA 1. Kuring ngarahuh. Bungah, kuring teu kudu jadi bagian tina réngréngan SMA 1 anu lain sakola binaan kuring. Tapi bingung ogé kumaha lamun pelatih ahli teu lulus, atuh teu apal kumaha prak-prakanna PSP.

Thursday, May 13, 2021

Lebaran

Teu kamana-mana, sieun korona. Tapi di makam mah ramé.
Nu mihapékeun  mobil piligenti. Lamun diidiitung samobil mayar 5 rébu,  meunang sigana kana 200 mah, ceuk wadulna. Pan sakalina parkir téh 2 mobil.
Ngan teu dilaksanakeun pikiran kitu téh.  Teu hayang guam asana téh.  Lebaran asa taya dangiang keur kuring mah. 

"Tunjanganna kepala cabang, 38 juta sabulanna téh!" Pokna yakin pisan. Kuring olohok, reuwas. Tunjangan anu sapuluh kali lipet, tunjangan anu katarima ku kuring.  Tunjangan anu dibayar setengah taun lamun ku gajih kuring anu golongan 4c. 
Paingan atuh tasna siga anu diiklankeun dina Instagram  lain tas KW, tapi tas orisinil. Terus,  paingan blazer batikna aralus, saban poe Rebo, ganti,  anyar. Atuh kabayar ku tunjangan 38 juta per bulan mah. 
Milik manéhna wé   boh jabatanna, boh tunjanganna. Teu perelu néangan duit tambahan, geus medah meduh. Pagawéan ngeunah pisan. Kudu itu,  kudu ieu,  hayang kitu,  hayang kieu, pokna. Kaasup ka kuring anu lain pagawéna. Kuring kaiket ku pédah manéhna kepala cabang dinasna. 
Ceuk pikiran babaturan kuring, munasabah mun kuring dibéré gaganti ongkos-ongkos waé  mah. Panan datang ka kantorna, migawé pagawéan manéhna.  Nya, méré sarébu dua rébu, keur nyumangetan ka kuring,  salaku pagawé leutik mah, wajar pisan. 
Kuring karak sadar, moal bisa make baju blazer batik nu cara manéhna.  Atuda pastina ge mahal  jeung lain blazer anu bisa dibeulo di toko Selamat.
Nasib,  nasib. 

Wednesday, May 12, 2021

Usum Lebaran Twibon

Ti taun ka taun, rupa-rupa cara diaya-ayakeun pikeun ngaramékeun Lebaran. Ibarat lamun aya nu maot  baheula mah, kari kopi pasteu wé kalimah-kalimah innalillahi jeung sabonoroyotna. Dina ngajawab keur nandakeun milu béla sungkawa ogé,  kari maké kalimah-kalimah anu geus disimpen dina paranti ngajawab innalillahi. 
Taun baheula mah, lebaran teh rada rame ku maké gift jeung video. Matak wegah muka sabab ngaheurinan memori hapé.  Kuring sok ngira-ngira wé, moal jauh, pastina ge eusina kecap-kecap anu biasa baé.  Atuh sok ngajawab ku nu ilahar baé,  utamana ka nu ngirim WApri.

Tah, taun ieu mah,  lebaran teh usum maké Twibon.  Nepika Twibon kawalahan, teu bisa ngaladangan nu maklun Twibon.  Atuda sabarah juta jelema nu maké Twibon Lebaran, tangtu  wé matak macet. 

Kuring nyobaan nga-klik Twibon,  lain kwur dikirimkeun ka batur,  ah keur soranganeun wé.  Wilujeng lebaran ka sorangan, antik panan!
Hanjakal baé teu diladangan. Pajar téh "Nuhum tos sabar, ngan hanjakal, Twibon teu nampi pamundut. Nuju paciweuh!" Kitu cenah pok na teh. Kawas manusa wé nya.  Maké muji heula,  geus kitu karak nolak. Pinter pisan.

Ieu alamat Twibon anu pasuliwer dipaké gaganti sasalaman jeung kalimah-kalimah anu maké basa Arab, jeung doan jrrd, ku gambar we langsung. 
link bingkai foto atau Twibbon Idul Fitri 1442 H lengkap dengan ucapan lebaran 2021

1.https://www.twibbonize.com/selamatlebaranidulfitri
2.https://www.twibbonize.com/iddulfittri
3.https://www.twibbonize.com/idulfitrimode2eb
4.https://www.twibbonize.com/iddulfittri
5.https://www.twibbonize.com/aidullfitrri
6.https://www.twibbonize.com/mohonmaaflahirdanbatinn
7.https://www.twibbonize.com/aidilmubarok
8.https://www.twibbonize.com/selamatlebaranidulfitri
9.https://www.twibbonize.com/twibbonidulfitri1442h01
10.https://www.twibbonize.com/matidulfitri2021
11.https://www.twibbonize.com/aidullfitri
12.https://www.twibbonize.com/twibbonidulfitri1442h04
13.https://www.twibbonize.com/twibbonidulfitri1442h02
14.https://www.twibbonize.com/selamatidulfitri1442hijriyah
15.https://www.twibbonize.com/selamatharirayaidulfitri1442hijiriyah
16.https://www.twibbonize.com/idulfitrimode1eb
17.https://www.twibbonize.com/idulfitrimode2eb
18.https://www.twibbonize.com/twibbonidulfitri1442h07
19.https://www.twibbonize.com/idulfitri1442hkeluarga
20.https://www.twibbonize.com/twibbonidulfitri1442h09
21.https://www.twibbonize.com/albha

Selamat memilih yaaa...

Ieu contona.

Teu tulus poe ieu lebaran téh

Cenah mah hilal teu katémbong, jadi poé ieu .asih kénéh kudu puasa. Teu karasa, sabulan campleng teh asa saminggu. Pajar Lamun poé karasa mendékkan hartina betah hirup di dunya. Ah teu sakabéhna bener kitu. Kuring mah teu pati betah di dunya téh.  Ripuh.  Bari ripuh téh bari pikiran pinuh kamelang. Bérés jatah hirup,  dina mangsana hirup sanggeus paéh, geus diancam, hirup nu langgeng di ahérat geus diancokeun pikeun nebus kasalahan di dunya. Jadi, di dunya teu betah, di kahirupan sangeus béak jatah hirup do dunya gé, sarua teu betah. Hirup langgeng téh kabayangna abrig-abrigan néangan sapaat hayang leupas tina wawalés mangsa hirup di dunya. Atawa, boa saban poé di ahérat mah ukur nandangan sangsara anu leuwih peurih batan di dunya. Tonggong diistirika, pédah salila di dunya kuring bosen narima tanggung jawab jadi tulang tonggong, nu ngabayuan kulawarga. Salaki teu aya kabisa néangan napakah, kabisana ngahumbut gajih, tungtungna kuring kudu gawé ripuh leuwih  ti misti da gajih teu kapuluk, béak ku salaki gejul. Tah pikiran eta, engké di aherat, tonggongna di istrika. Beu, taya untungna paéh ti dunya ari engké d ahérat malah kahirupanna leuwih nyeri batan di dunya ayeuna. Meureun teu ngalaman bagja saumur hirup, saumur paéh, jeung saumur ahérat. 

Tuesday, May 11, 2021

Sertifikasi pertama sebagai pengawas

Setelah galau tidak jelas dengan posisi Dapodik pindah ke simtendik, akhirnya pada hari Senin kemarin ada kabar bahwa sertifikasi Tengah cair. Di grup yang lain, yang sama-sama guru pengawas, mengatakan bahwa sertifikasi pengawas itu jumlahnya 2 kali dari sertifikasi guru. Kabar ini tentu saja menggembirakan saya. Terlepas dari itu kabar hoax atau hanya sekadar menyenangkan saja.

Kemudian setelah Pak Dede dari kcd mengatakan bahwa sertifikasi sudah cair saya segera mengecek ke ATM banking. ternyata benar, uang sertifikasi telah masuk titik namun tidak seperti yang dikatakan oleh orang-orang, jumlahnya tetap saja sama dengan gaji pokok dikali 3.

Terkait dengan telah cairnya sertifikasi maka saya segera mengabari dinas pengawas Kabupaten untuk memberitahukan bahwa sertifikasi saya telah cair. Pemberitahuan ini ada kaitannya dengan sumbangan yang harus diberikan kepada pengurus di kcd dan provinsi sehingga sertifikasi ini bisa sampai cair. Memang tidak ada aturan seperti itu. namun ini sebagai ucapan syukur saja terhadap telah cairnya sertifikasi para pengawas. Walaupun jumlahnya mungkin tidak seberapa  kalau dikalikan dengan beberapa pengawas lain, ya lumayan. Kebetulan saat ini kan menjelang lebaran. Berapapun kadeudeuh yang kami, para pengawas berikan, Semoga sedih memberikan kontribusi dan menyemangati untuk berlebaran.
Akhirnya saya berangkat ke sekretariat pengawas Kabupaten. disana telah hadir Bapak ketua mkps dan bendahara mkps. Saya segera menyerahkan uang donasi kepada bendahara. jumlahnya 2 kali lipat karena saya memberikan bantuan, talangan untuk teman yang tidak dapat hadir hari ini. Kabarnya dia akan mengirimkan uangnya lewat rekening yang saya berikan. Sampai saat tulisan ini dibuat, dia belum mengirim. Mungkin saja karena jarak yang susah dari rumahnya ke ATM sehingga terjadi keterlambatan.

Tampil ke sekretariat saya bertemu terdahulu dengan MR J. Katanya dia memberikan sedikit uang komite untuk turut serta gembira Karena akan berlebaran. tentu saja saya sangat senang sekali. tidak disangka pada lebaran pertama sebagai pengawas ada kepala sekolah yang menyisihkan untuk pengawas. Padahal dia bukan sekolah binaan saya. 

Hal lain yang terjadi pada hari ini adalah adanya Pemberitahuan tentang Zoom meeting untuk sekolah penggerak. Pada kegiatan ini ada aktivitas yang mendata kepala sekolah pengawas dan guru untuk menjadi di komunitas pembelajaran. khusus untuk pengawas, diperlukan nomor UKG dan SIM PKB yang aktif sehingga dapat bergabung di kegiatan sekolah penggerak..
Ketua MK PS mengatakan bahwa dia tidak memiliki nomor UKG dan tidak memahami tentang sim.pkb. ingat-ingat lupa katanya pernah mengikuti UKG yang pada waktu itu waktunya berbarengan dengan tes PLPG. Akibatnya Dia tidak memiliki nomor UKG tahun 2015.
Saya melihat sekarang nomor UKG tersebut menjadi berguna untuk mendukung keterlaksanaan sekolah penggerak. Mungkin setiap sekolah mengajukan pengawasnya untuk menjadi pendamping di sekolahnya. Tentu saja saya tidak bisa didaftarkan karena sekolah-sekolah yang lulus pada sekolah penggerak, bukan sekolah binaan saya.
Ketua MKPS menunjukkan bahwa datanya tidak ditemukan di SIM PKB. Saya merasa tergelitik untuk mengecek Apakah nama saya juga ada atau tidak di SIM PKB sebagai pengawas. Karena kemarin saya baru saja migrasi dari Dapodik ke simtendik. Mudah-mudahan saja kepindahan ini tepat waktu sehingga dapat turut serta dalam kegiatan sekolah penggerak dalam aspek apapun.

Hayang nyieun pager

Geus lila hayang nyieun pager, maksudna ngarah imah karasa leuwih aman. Najan anger baé,  kondisi tatangga matak kagok pisan. Manéhna meunang untung gedé lamun kuring masang pager. Baheula waktu barang rongsokanna nambru ka buruab tukang, kuring kapaksa nyieun pager. Manehna mah meunang untung. Tina pager anu meunang kuring  manehna masang sorondoy, jadi boga 3 tembok.  Tembok kahiji  bagian tukang imah batur, 2 tembokna deui, nya meunang kuring. Tanah manéhna molongong nyelap antara imah kuring jeung Mang Uus.  Atuh basa kuring nembok bagian tukang sabab rungseb ku barang rongsokan, manehna nu untung. Langsung nyieun sorondoy, nyangheuy kana tembok batur kabeh. Pinter lebah dinyana mah. 


Sunday, May 9, 2021

Jadwal dan tanggal

Hal yang menyadarkan perbedaan adalah tidak melihat jadwal ngajar. 

Keur ngobrol sabari nungguan nu majar téh ngerjakeun tugas, mandi, terus nelepon, jol aya lanceuk. 
Ngirim ulen jeung peuyeum ketan hideung. 
Biasa baé ari rék usum  lebaran mah, nganjang (maké tanda petik héhéhé).
Webe ngangluh  lebaran teh gegebegan, ari di dieu waé,  nunggu, teu puguh tungguaneun, Dokterna ngarobah-robah béja.  Ari saméméhna,  ngajujurung kudu buru-buru ngirim duit,  barang geus aya. Ari duit geus asup, aya wé halangan keur ngabuktikeun jangjina. 

Lalakon duit goib téh masih maju.

Créng ngaluarkeun duit sajuta keur ongkos ngajemput dokterna. Cenah majar téh kapegat di jalan, disekat. Panan ayeun téh usum ditahan teu meunang mudik.  Dokter keur indit ti Parangkusumo maju ka dieu. 
Teu waka laju cenah, lantaran mobil nu di hareupeunna nabrak. Si dokter milu ditahan jadi saksi heula majar téh. Manéhna mémérés sagala surat-surat, ayeuna bisa laju. Kumaha atuh lebaran? Panan mereun mun indit isukan, nepi ka dieu, poé Reboan  lebaran. 
Putusanna Kayi nunggu, ulah kamamana. 
Kayi nanya ka pamajikanana naha rék balik atawa rék nungguan buka puasa heula.  Kaputusanna, balik wé,  buka mah bisa di jalan.
"Atuh katabrak," Adipe mairan.
Kuring ukur imut maur ngadéngé Adipe ngomong kitu téh.  Salah mataholangna pan. 
Tadina manéhna nanya ka Webe.
"Buka di jalan?" Ceuk Adipe.
"Atuh katabrak buka di jalan mah." Tembal Webe.
Kuring teu ngarti naha nanya serius dijawab ku heureuy. Akibatna pas waktuna serius, Adipe mairan pikaseurieun.

Atuh rencana rék méngkol ka Ciguha nyokot duit di Ayakhfi batal. Jadina Yiki indit kana motor.  Bébéakan mélaan kopi. Pagawéan miceunan waktu jeung duit, kitu ceuk pikiran téh da mémang teu ngahasilkeun, malah morotan, ngurangan nu aya di imah.

Poé ieu taya beja ti Dokter, informasi anu dicekel,  yen poé  Rebo,  Dokter nepi ka imah pasén. Naha bener datang atawa sakadar nengtremkeun pasén hungkul, kari waktu anu ngabuktikeunna.