Ceg leungeunna nu ngeleper nyekel gunting. Napasnya rénghap ranjug, cimata mah geus puguh ti tadi gé geus kaampeuh. Satengah teu sadar, manéhna ngaguntingan nyasaak sofa. Tanagana ngadadak bedas. Sofa anyar téh bubuk teu nyésa. Rét kana hordéng nu leucir kénéh sigana anyar dipasang. Béréwék, béréwék hordéng disosoék. Belewer-belewer piring, gelas, sendok dibabét-babétkeun. Dua anakna nu laleutik kénéh carinakdak, murungkut semu sieun, patangkeup-tangkeup bari taya nu lémék.
Siga nu tacan puas, bus manéhna ka kamar. Eusi lomari di kuwak-kawik. Baju paburantak, sepré ngayang. Imah leutik camperenik robah jadi naraka leutik nu ngaduruk sakabéh impian jeung harepanana. Keur manéhna hirup karasa teu neut, paéh oge asa teu hos.
Rét ka anakna. Tétéh, Adé, anaking naha Umi kudu nandangan kieu. Naon salah Umi. Kurang kumaha Umi
No comments:
Post a Comment