Thursday, August 7, 2025

Menolak proses

Lamun ngukur jelema, bisa tina omonganna. Enya panan  ngan omonganna anu bisa kadéngé ku urang mah. Anu dina jero haténa mah moal bisa ngobet najan deet.
Tina omongan ieu "Teu bisa kitu mun langsung bikeun we sertifikatna?" 
Ngagambarkeun jelemana embung ripuh. Mun cara sakola tea mah, embung sakola saban poe diajar.  Daftar ka hiji sakola, langsung song we ijazah. Jadi nu diteangan teh lain kualitas diri jeung nambahan elmu pangaweruh, tapi meunang gelarna.
Efek jaman instan.
Omongan nu kieu kaluarna ti S2. Asa matak nalangsa. 

No comments:

Post a Comment