Wednesday, May 29, 2024

Observasi Сманда

Rebun-rebun tos ngabelenyeng ka sakola. Rek nohonan jangji ngobservasi kepala sekolah. Datang teh, jam satengah tujuh, dipapag ku Ibu Meli di piket. Sakola karasa simpe, pedah isuk keneh, kitu ceuk hate. Sihoreng lain ku isuk keneh, ceuk laporan ti salah saurang guru, poe ieu loba guru nu teu bisa ngajar lantaran kacapean, gering jeung lian-lianan deui ku sabab kamari geus aya hajat gede nyaeta perpisahan. Kuring ukur olohok, Oh, perpisahan teh geuning matak gering jeung ngabalukarkeun guru teu ngajar. Untung kuring mah teu diondang ka perpisahan, mun diondang, boa poe ieu teu bisa ngalaksanakeun tugas. 

Asa tumarumpang pisan jeung hate mani ngalenyap, kuring difoto dina jarak kurang ti 75 senti ku piket, teu nyebutkeun keur naon-naonna mah. Kuring ukur bisa ngagerentes, meureun bisa aya nanaon jeung kuring ngalakukan nanaon nu matak ngabahayakeun, lamun kajadian kitu pan aya fotona ngajeblag. Ku bisa kitu nya. Padahal atuh motona rerencepan we, ulah disogrogkeun teuing kana beungeut. Da lamun teu diondang ku KS mah, mana teuing kuring daek datang. 

Dina hate mah ngadu'a, mugia Gusti misahkeun abdi ti ieu sakola, BIlih jadi seueur kamudaratan. 

Kapala sakola datang jam 7 leuwih, kitu deui guruna. Nya kuring mah nungguan bae. 
Acara teh jadi pasalingsingan. Ceuk nu mawa acara ti sakola poe ieu teh panggih pikeun ngalaksanakeun komunitas belajar. Beu!
Naha teu nengetan kitu dina ekinerja. Panan geu jelas KS milih indikator memperesentasikan upaya mendorong guru supaya meningkat kompetensinya. Naha jadi kegiatan komunitas belajar.
Nya ahirna mah, eleh deet, ku kuring dijelaskeun naon sababna kuring datang, jeung KS kudu kumaha salilan diobservasi.
Sihoreng, kepala sekolah teu apal naon anu dikontrak dina indikator, da alesanna 'abdi mah dibantos, janten teu terang'. 
Karak der presentasi geus ribut, hahampuraan kudu indit ka SMAN1 Cianjur sabab rek mikeun absen PPDB. 
Kuring ukur bisa seuri koneng. Atuh lamun teu niat diobservasi jeung dinilai mah balaka we. Kari nyieun surat pernyataan. Kuring mah nganuhunkeun, pan jadi bebas. 
KS ngingkig rek PPDB. 
Sanggeus KS indit, diteruskeun ngeusian tindak lanjut. Dina hate mah hayang ceurik. Gusti naha bet kieu. Kuduna nu nangtungan teh nya KS lain guru. 

Awak asa leuleus, pagawean teh geuning kieu. 


Буру-буру балик ве. Тадина мах рек мампир ка ну ППДБ. Тапи ах теу куду. Грустно лоба кеухеуд.







Beungeut asa direrab.
Napsu ngagidir.
Gusti, meni asa disapirakeun.

No comments:

Post a Comment