Bray beunta, biasa tabuh 4 subuh.
Kadéngé budak geus nyetel lagu. Meni Isuk-isuk teuing nyetel laguna. Nyetel lagu keur nandingan sora nu ngung ngong ti mesjid, kitu ceuk budak teh. Ku kituna mah rada satuju oge. Sora ti mesjid aya kana puluhna, teu puguh kadengena da loba jeung patarik-tarik sigana teh. Ari kamar budak jandelana can dikacaan, atuh puguh we sakabeh sora asup, taya panghalang.
Hudang teh rungah ringeuh, rada nyeri sirah saeutik. Dina hate aya pananya:
Nepi ka iraha kieu teh?
Lila keneh?
Naon anu kudu dipigawe?
Lamun lila keneh, tada teuing sangsarana hirup sarerea, sakulawarga.
Pananya nu sakitu lobana teh teu aya nu bisa dijawab. Pikeun saheulaanan jeung pikeun nenangkeun hate cukup ku 'nyanggakeun ka Allah, kumaha Allah. Ngan pamundut mah, Gusti mugi-mugi sagala kasusah, panyakit, jeung kabingung geura gentos ku kabungah, sehat, jeung kasenangan hirup'.
Kayaan hate anu karasa molongpong kosong karasa matak beurat kana hirup. Sok rajeun ngupahan maneh ku ngomong ka sorangan:
hirupna laksanakeun sapoe-sapoe we ngarah teu manjangan kasusah. Poe ieu beres. Heup we sakitu. Tong mikiran isukan. Isukan kumaha isukna bae. Lamun poe ieu tos beres, ngucap sukur, poe ieu beres. Beres ngalakonanna, da kasusah mah anger aya. Teu itu, ieu. Teu ieu, itu. Kitu we meureun hirup mah, salila can maot mah.
Mudah-mudahan poe ieu jadi poe mimiti cageurna budak, beresna urusan hutang, kabukana pagawean keur bapana budak. Terus, angka anu aya dina pikiran 197t ngawujud. Bisa kasorang, bisa kapimilik. Ngalamun tea meureun. Lain. Ieu mah ngahirupkeun pangharepan. Allah maha beunghar, tong boro angka 197t angka nu taya wiwilanganna oge, keur Allah mah teu matak hese. Mugi-mugi eta angka aya dina buku catetan duit nu kuring jadi bisa meresan bangbaluh hirup
Kun fayakun. Ya Allah ya salam.
Tabuh 16.30 ka Tumaritis diskusi karya tulis.
Kaayaan baheula kasorang deui: mantuan batur.
Tabuh 21.33
Budak bebeja keur maen gim, begke balikna jam 10an cenah.