Thursday, June 27, 2024

SLB Al Azami Cianjur

Asalna mah ngagerentes dina haté,  ah rék meuli lipstik Wardah, kabeneran kiosna persis hareupeun Trans Siliwangi. Tapi dibedokeun éta niat téh,  kiosna kasampak kosong. Tapi teu lila jol aya ibu-ibu. Manéhna lunga lengo bari gegeroan. Sihoreng aya jelema ning di jero kios téh. Kuring mah anteng we nalingakeun.
Dipikir-pikir,  panan arang langka kaluar imah keur meuli kosmétik.  Taun kali gé hanteu. Ah bismillah we rek meuli lipstik. 
Kuring ngasongkeun lipstik nu koredas, nu meulina 2 taun katukang, keur conto. Terus nanyakeun naha aya lipstik nu rupana nyaruaan eta. Ceuk manéhna,  sigana tina Wardah mah teu aya. Ceuk kuring,  asal sarimbag we.
Tah poé ieu mah indit gawé teh maké lipstik anyar jeung make dasar wedak saoles. 
Berangkat maké si Cuan, mobil kameumeut nu can lunas cicilanna. 
Nepi teh jam 8 kurang.  Kasampak KS jeung guru-guru geus siap. Ah der we langsung. 
Guru-guru keur meujeuhna riweuh iu PPDB, atuh jadina aya guru nu migawe asesmen diagnostik. Aya oge guru anu ngabagikeun rapor. Aya oge nu teu datang keur salilana,  gara-gara narima SK P3K. Aya nu gering. Intina kari tiluan: KS, guru, jeung operator anu ngarangkep bendahara. Nya meureun ti Allahna kitu, keur kuring mah teu jadi pikiran. Der we mere IHT. Nu hadirna rek hiji, rek saratus,  sarua we diladanganna kitu. 
Saya menemukan cara melakukan indentifika di rapor pendidikan. Semua indikator yang turun, di cut, terus di insert cut. 
Jejerkan yang turun, tidak berubah,  naik. 

No comments:

Post a Comment