Wednesday, June 26, 2024

SLB Cicéndo

Belajar pakai timer 

Naon nu dicarioskeun ku Pa Kusmayadi ayeuna kaalaman pisan.
"Narasumber handal mah, kudu fleksibel, kudu bisa nuturkeun kahayang panitia. Misalna, materi teh kudu ditepikeun dina 8 jam. Tah kudu bisa nepi dina 4 jam, lamun kahayang panitia. Tah, malah, anu ekstrem mah,  hayang ngan jadi 2 jam. Ah kudu der we, jadi 2 jam!"
Di SLB Cicendo guru-guru jeung KSna aya kegiatan jam 13. Cenah, materi kedah dugi ka tabuh 12. Nya, abdi mah, langsung sapuk. 
Ih atuda, waktu ngurangan, ari honor anger! Panan untung dua kali eta mah. 

Jam 13 sanggeus dahar, balik. Dijajap ka Baltos, rek naek Trans Siliwangi. Alhamdulillah kabagean nu jam 2. Kari nungguan satengah jam.

Bari nungguan, talanga teuleunge we, ningalikeun batur nu ngarome HP. Heueuh da ayeuna mah jamanna kitu. Panon téh teu ecag tina HP. 
Keur kitu siga aya Pa Dadan, guru SMP Cipanas nu ayeuna jadi Guru SMAN 1 Sukaresmi, jeung istrina, asana namina teh Pupu.

Cenah tos ti Cicendo ngubaran panon anu jadi 30%, jarak 2 meter teu katempo, gara-gara diabetes. 
Deudeuh teuing,  Pa Dadan, guru anu sakitu gagah, sigepna. Pamaen Karate asana mah. Awakna badag. Ayeuna katingali ropoh. Lebar,  ngora keneh, keuna diabetes anu maok paningalina.

Pupung ka RS Hafiz. Teu cageur wae di Cimacan mah.

Yankie nganteur Kang Ayi aya urusan ka Karang Mucing. Inditna ti tadi peuting. Acarana cenah engke peuting jam 8. 

Wa Ebe ngabejaan Neng Ira jeung Septi carerai. Ceu Uan ribut deui hayang nyieun imah di Caringin. Heran, aya ku teu euih-euih. Panan geus teu boga hak tanah. Hayoh we ngutik-ngutik.
Lamun urang loba duit. Dibere da, hayang nyaho we, kahayangna teh naon. Naha hayang boga imah keur anakna, atawa hayang newo-newo we kana tanah Caringin.

No comments:

Post a Comment