Thursday, April 11, 2024

Libur Lebaran Day 1

Kamari karek béak lebaran. Dina WA pinuh ku nu ngawilujengkeun lebaran bari kecap-kecapna na teh silih tiron. Dimimitian ku kalimah "Dengan segala kerendahan hati jst ...
Kiwari, silih tiron teh jadi lumrah.  Ningali batur kitu, katempona alus, langsung niron.  Nironna teh deuih sahinasna, kabeh, teu dirobah saeutik-eutik acan. Jadi khasna saurang saurangna teh teu katempo.  Sugan kieu teh aya pakuat pakaitna jeung sagala kudu galib, kudu lumrah, kudu seragam. Ngan asa patoja'iah pisan jeung lamun aya beda pamadegan, saeutik we, langsung dibuli. 
Mikiran jaman mah, teu kataekan puguh. Komo mikiran nagara, pulitik,  partéy,  wah ... jajauheun kana kahontalna ku otak nu ngan sagedé peureup. Alusna otak nu heureut teh, geus we, balik ka anu paling dasar "survive"-kumaha carana sangkan bisa hirup. Sederhana, tapi mikiran sakitu ge dina prakna mah,sapoé teu mahi 24 jam. Lain kalah ka siga nu heueuh, ngadepong méakeun waktu ngadéngékeun pulitik. 
Sok datang pikiran manglebarkeun kana waktu. Ceuk pikiran teh, daripada gogoleran atawa ngan sakadar ngadengekeun berita, dongeng, atawa tiktokan, mending gerak. Naon we, bisa sasapu, beberes imah, saeutik-eutik, nu bisa. Sasapu oge, ari matuh mah, matak resik kana imah, matak resep. Tapi ngan pikiran kuring hungkul anu sok manglebarkeun kana tanaga jeung waktu anu kapiceuna. Kuring mah asa kabeberik, Boga waktu 4 taun deui ka pangsiun, lamun nabi pupus dina 65, kuring boga 9 taun deui. Sapoe-poena teh asa nyelerek. Asa lebar mun saban poe dibuang percuma. Saban poe kudu aya kegiatan, aya tapak. Teu kudu mewah, badag, monumental. Nu sakira mampuh we. Neang cai parab manuk, mun kosong euisian. Nempo tatangkalan dina pot, mun garing siram. Boh manuk, boh tatangkalan anu dina  pot, eta jadi dosa nu ngurungan jeung neundeunna di dinya lamun nepika kagaringan teu aya cai, atawa garing teu disiram. 

Meuli mi ayam ka Mang Utis. Asiiiin. 
Héran.  Teu méré nginum. Dina haté,  padahal mah sokwe sadiakeun cai dina téko.  Gratis. Ieu mah, mun teu meuli  mah, lapur. Kacida teuing. Asana mah,  nu lain mah aya kénéh nu méré nginum. 

Berita,  aya nu maot, supir beus tunduh. Nu maot 7.
Asana téh, ngan kitu jeung kitu we berita lebaran  teh. Rék mudik, Rék balik ka kota, béja téh anger: macét,  tabrakan,  maot,  rem blong. 

No comments:

Post a Comment