Tuesday, April 9, 2024

Sehari sebelum Lebaran 1445 H

Iih da kapikiran we, naha Pa Beckam tara nganjang sacara biasana. Baheula mah meus -meus jol, meus-meus jol. Ayeuna tara pisan. Mudah-mudahan we tara nganjangna teh lain ku pédah aya kanyeri ti kuring. Tapinaya alesan lain. Bener,  mémang kuduna mah ditanyakeun. Tapi teu wasa nyaritana. Dina adat Sunda mah, teu sopan nanya kunaon batur boga atawa milih putusan a atawa b. Eta putusan panan murni pilihan nu bogana.

Kuring mah sono kana obrolan-obrolan Pa Beckam. Sok aya we manéhna mah jeung sok boga hal-hal nu anyar pikeun ditapakuran.

Sora Turaes mani bentes. Sigana rek maju ka usum halodo. Usum anu ku kuring mah kurang haget ditarimana. Mun halodo teh karasa pisan. Tatangkalan loba nu paraeh. Solokan hareupeun imah, garing, bauna a'udubilah. Panan marodolna teh dipiceun ka solokan. Ari solokanna teu palid. Atuh bangsaning cikiih jeung tai teh, kapanasan, garing, bauna we meleber ka mana-mana.
Eta karak hiji hal nu teu resep mun halodo. Loba keneh hal-hal lianna nu teu resep mun halodo. 

Poé ieu aya kereteg rék maké kamar si bungsu. Meja laptopna rék dipaké pikeun laptop kuring. Rék ngeureuyeuh nulis jurnal. Rék miluan jurnal anu ditawarkeun bu Nenden. Hayang asup scopus. Eta sarat pikeun neruskeun proposal disertasi. 
Ahirna,  maké kamar Exl,  nyetel speker, der we nulis dibantuan jenni.ai
Itung-itung sakalian ngetes ai 

No comments:

Post a Comment