Friday, April 19, 2024

Skema di kantor

"Halah kudu difoto di kantor." Kitu pok téh waktu ningali aplikasi absén. Atuh niat hayang ngagoler ngararasakeun nyeri cangkeng téh teu jadi. Kuring kudu buru-buru indit, waktu geus jam 7.00, geus pasti absennna kabeurangan. Nya batan dianggap teu hadir,  kajeun kabeurangan we.

Biur we kana motor. Geus nunjukkein jarak 232 meter, geus biaa difoto absen, cekrek we ngabsen.
Kagok, terus maju we ngaliwatan lapang Joglo. Euleuh geuning ramé ku nu daragang. Sugan teh poe ahad we rame ku nu daragang teh. Horeng saban isuk gé ramé.  Meureun gaganti pasar induk anu diburak. Jadi marecenghul pasar-pasar leutik sisi jalan. Teu bula beuli nanaon, da memang teu niat. Nganiatan ti imah, arek meuli bubur Sampurna. Bubur Bojongmeron anu terkenal saalam dunya tea.
Oh meureun pedah geus lila, ti taun 1975. Matak terkenal. 
Sajaba ti aya bubur,  aya oge Mie Ayam, pelangi.
Rame oge sihoreng dunya perbuburan téh.  

Balikna liwat pasar Bojongmeron.
Sarua ieu oge pasar nu ngampar di jalan. Panan pasar nu aslina mah di Pasir Hayam, dipindahkeun. Ngan bejana pasar di Pasir Hayam teu pati ramé.  Meureun pedah kagok, jauh ti pusat kota. 
Gaganti pasar induk, nya jul jol pasar anu ngalampar make jalan. Matak macét? Atuh komo wé. Ngan pamarentah sigana peureum wé. Da pasar mah atuda kabutuhan sarerea. Lamun lokasina jauh ti pusar kota, nya kaayaan ieu dimangpaatkeun ku tukang dagang nu teu boga kios, jadi bar wéh ngampar di jalan.


No comments:

Post a Comment