Sunday, April 14, 2024

Literasi dina impian

Harinya potong rambut. Rambut panjang, perlu sampo banyak. Mahal.
Maunya seperti ini
Jadinya begini
Hehehe sudahlah. It worth 80K
New look for my 56 yo.
--------
Yu ю
 yo ё
Ya я 
-------------
Jadi,  manusia menggunakan AI untuk mempersiapkan Mars untuk bisa dihuni. 
Biaya untuk Menggunakan AI (Tesla?) mempersiapkan Mars  pasti sangat mahal.
Kenapa para orang pintar tidak menggunakan kecerdasannya untuk menggunakan AI untuk memperbaiki bumi.
------------------------
Kitu.

Pa Harta ngajak ka Bekasi ka hiji sakola. Manehna hayang nepakeun literasi. Bring indit jeung para guru. Ari pas geus nepi ka sakolana. Eta sakola teh siga keur ngayakeun rapat. Kuring diuk di hareup. Der we nyaritakeun literasi tea, ngahubungkeun dua sakola. Ari dilieuk ning pa Harta jeung guru-guru anu tadi ngabring bareng indit teh, areuweuh, teuing di mana. Nu katingali teh barudak sakola we keur diajar ku hiji guru, siga-siga dua kelas dihijikeun, jadi eta guru ngomongna make speaker, barung jeung sora speaker kuring nu keur rapat. Beres rapat,  balik. Tapi balik teh jadi ngan sorangan. Memeh balik pribumi teh ngasongkeun boks anu eusina mutiara jeung emas. Aya nu geus jadi cincin, kalung, hiasan keur baju, jrrd. Ari kuring nyokot cincin, rap dipake dina jariji tengah leungeun katuhu, meni asa alus katempona.
Asana mah, kuring dianteur ku pihak sakola rek dijajap balik. Sakitu ngimpi teh. 

Moal kitu ngimpi teh akibat tina pikiran waktu beurangna? Kamari, bari maca fenomenologi, bari dina hate mah aya jorojoy hayang ngirimkeun buku anu meunang tina Z Library ka Pa Harta. Panan manehna pok hayang make fenomenologi oge. Maksud teh, lamun manehna dikirim buku, manehna bisa neuleuman jeung diajar, naha pas atawa henteu lamun make fenomenologi.  Ngan, pikiran kitu teh, disingkirkeun ku kuring sorangan. Pa Harta pernah ngomong kieu, 'Abdi mah teu tiasa nyerat,  teu resep maca, sok miwarang we, engke mayarna mah, ku sabasoeun we,"

Atawa moal kitu kila-kila. Kila-kila, urusan literasi Pa Harta teh, jadi urang nu ngurus, sorangan, manehna mah ngaleungit. Siga nu saméméhna we. Maksa kudu nyieun judul. Maksa judu kitu kieu, manéhna mah, panén tina pagawéan kuring.

Keur naon mikiran batur,  ceuk haté. Manéhna ogé teu mikiran urang. 

No comments:

Post a Comment