Saturday, October 31, 2020

llda jadi PNS

Aya béja anu matak bungah, llda lulus jadi PNS.
Ieu omonganna dina WA
Ya Allah alhamdulillah
Ibu, bapa guru2 ilda sadayana, rerencangan ilda sadayana. Hatur nuhun pisan kanggo sadaya doa sareng dukunganna.
Ti mulai ilda sakola di smanda, janten guru di smanda, pengalaman & kenangannya luar biasa.
Hapunten bilih seueur kalepatan sareng kakirangan.
Insya Allah smanda adalah hal terbaik pertama yg ilda ceritakan di tempat baru.
❤️❤️❤️

Omonganna teu aya méncog, manéhna bener murid kuring baheula. Murid, anakna guru, anu tangtuna gé jadi babaturan keur kuring mah. Bapana guru seni rupa, ibuna guru SD. Darah seni ngocor, llda gé guru seni. Bédana llda mah seni tari. Adina llda ogé, sarua kaajar ku kuring, Anggés.  Éta gé boga pagawéan anu aya patalina jeung seni. Asana, béja méméh korona, adina jadi penari di salah sahiji stasiun tipi, anu kawilang caang sacara buruh jeung kasempetan ka hareupna.

Murid geus jadi guru, kuring geus arék miang ninggalkeun ngajar murid, mimiti ngajar guru. Mudah-mudahan llda bisa ngajurung laku kana nanjeurna dinya atikan di Indonesia. Guru seni mah atuda istimewa. Bisa ngolah rasa. Murid bakal jadi leuwih anteb diajarna lamun bisa ngolah rasa. Utamana rasa seunggah diajar. Apanan panyakit budak (kolot oge) jaman ayeuna mah ngan hiji "kelud'. Kedul. 
Baheula mah nyebut kedul téh wirang kacida. Jaman kiwari mah, kacapangan sapopoé baé taya harti nanaon. Ngucapkeun "horéam diajar téh males (malas, bahasa Indonesia).
Sugan ku guru seni mah, urusan nu kieu bisa dibébérés. 

No comments:

Post a Comment